Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yeremia 42 >> 

1Para kapala perjurit, Yohanan bin Kareah, Asarya bin Hosaya jeung jalma tea ti sagala lapisan, maranggihan kaula, ngasongkeun pamenta, pokna,

2"Abdi sadaya gaduh panuhun, mugi Bapa kersa ngabulkeun. Nyuhunkeun dipangnedakeun ka PANGERAN Allah urang. Pangnedakeun ieu rahayat anu mung kantun sakieu sesana, padahal kapungkur sakitu seueurna, Bapa oge tingali.

3Pangnedakeun pituduh ka PANGERAN, abdi-abdi kedah kumaha, sareng kedah ka mana."

4"Heug," walon kaula, "pamenta aranjeun ku Bapa urang unjukkeun ka PANGERAN Allah urang. Kumaha pangandika-Na engke, ku Bapa tangtu dibuka, moal aya nu disidem."

5Carek maranehna, "PANGERAN ku manten anu baris jadi saksi satuhu sareng satemenna, upami abdi-abdi henteu tumut kana pangandika PANGERAN Allah urang anu katampi ku Bapa kanggo abdi-abdi.

6Bade genah bade henteu, pangandika-Na bade ditampi. Abdi-abdi sumeja tumut ka PANGERAN Allah urang. Nu mawi ka Bapa nyuhunkeun dipangnedakeun ka Mantenna oge tangtos sagala pangersa-Na bade ditumutkeun, supados jamuga."

7Sapuluh poe ti harita, PANGERAN ngandika ka kaula.

8Seug Yohanan, para kapala perjurit jeung jalma rea ku kaula disina kumpul.

9Geus kitu ceuk kaula, "Bapa dipentaan tulung ku aranjeun, mangnyuhunkeun pituduh ka PANGERAN Allah Israil. Kieu timbalana-Na,

10‘Upama maraneh tetep maratuh di ieu tanah, ku Kami maraneh baris diajegkeun, moal diruntuhkeun; maraneh bakal tumuwuh sarta ku Kami moal dirabut. Sabab Kami ngarasa kacida hanjakalna geus nyilakakeun bangsa maraneh.

11Geus, ulah sarieun ku raja Babul. Ku Kami maraneh rek disarengan, sangkan salamet tina kakawasaanana.

12Kami anu sipat welas asih, rek ngersakeun sangkan raja Babul karunyaeun ka maraneh, ngidinan maraneh mulang ka nagri maraneh. Kitu timbalan Kami, PANGERAN.’

13(42:13-15) Nu matak aranjeun anu araya keneh di tanah Yuda, ulah henteu narurut ka PANGERAN Allah aranjeun, yen kudu maratuh di tanah ieu. Sabab upama ceuk aranjeun, ‘Mending ka Mesir, di ditu mah moal nenjo-nenjo deui perang atawa ngadenge sora tarompet nu nyalukan perang, jeung moal kalaparan,’ kieu timbalan PANGERAN Nu Maha Kawasa, Allah Israil, ‘Upama maraneh keukeuh arindit ka Mesir sarta maratuh di ditu,

14(42:13)

15(42:13)

16perang anu ku maraneh dipikagimir teh tangtu ngudag ka ditu, bahla kalaparan anu ku maraneh dipikarisi tangtu ngaberik maraneh ka Mesir. Maraneh tangtu paraeh di Mesir.

17Jadi saha anu keukeuh ka daritu tangtu paraeh, mun teu ku perang tangtu ku kalaparan atawa ku pagebug. Saurang ge moal aya anu hirup, moal barisa luput tina bahla anu ku Kami rek didatangkeun ka dirina.’

18Kieu deui timbalan PANGERAN Allah Israil, ‘Sakumaha Kami geus ngabudalkeun amarah jeung kajengkel ka urang Yerusalem, ka maraneh oge upama keukeuh arindit bae ka Mesir, amarah Kami tangtu budal. Nasib maraneh bakal pikagilaeun batur, bakal pada moyok, pada ngahina, sarta ngaran maraneh bakal diparake sasapaan ku batur. Maraneh moal nenjo-nenjo deui tanah ieu.’"

19Ceuk kaula deui, "Aranjeun nu araya keneh di Yuda ku PANGERAN geus dilarang supaya ulah arindit ka Mesir. Ku sabab kitu ayeuna Bapa ngelingan,

20mun ka daritu teh salah kabina-bina, matak tiwas. Aranjeun geus muntang ka Bapa menta dipangnedakeun ka PANGERAN. Geus jarangji rek nurut kana sagala timbalana-Na.

21Geus cukup Bapa ngingetan, tapi aranjeun teu narurut bae kana timbalan PANGERAN Allah urang anu diandikakeun ka Bapa.

22Ku sabab eta masing aringet: Aranjeun tangtu tumpur di ditu, di nagri anu ku aranjeun dipicangcam. Lamun teu tumpur ku perang tangtu tumpur ku pagebug atawa ku kalaparan."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yeremia 42 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel