Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yeremia 6 >> 

1Eh urang Binyamin, geura kalabur sangkan salamet! Geura ngarejat ti Yerusalem! Sadakeun tarompet di Tekoa, jieun seuneu ciciren di Bet Kerem. Aya bahla jeung picilakaeun ngancam ti kaler.

2Kota Sion sakitu endahna, tapi bakal tumpur;

3raja-raja jeung balad-baladna bakal marasang kemah di dinya. Bakal marasang tenda di sakuriling eta kota, masangna di mana bae sakarepna masing-masing.

4Ceuk maranehna engke kieu, "Geura tarapti, urang serbu Yerusalem! Hayoh sing sadia! Tengah poe urang mimiti narajang!" Tapi aromongna deui, "Ayeuna mah geus elat, geus tereh burit, kalangkang geus manjangan.

5Urang tarajang engke peuting bae, urang gempur benteng-bentengna."

6Eta raja-raja ku PANGERAN Nu Maha Kawasa geus ditimbalan naluaran kai jeung nyarieun gugunungan geusan ngepung Yerusalem. Dawuhana-Na, "Ieu kota arek dihukum, sabab pinuh ku tukang neungteuinganan.

7Kawas sumur anu caina seger bae, Yerusalem oge kajahatanana seger bae. Di eta kota, nu disiksa jeung dikaniaya, nu disangsara jeung dinyenyeri, kabeh ku Kami kadangu jeung katingali.

8Eh urang Yerusalem, anggap ieu kasangsaraan teh panggeuing; mun teu kitu engke maraneh ku Kami ditinggalkeun. Kota maraneh rek disina suwung, moal aya deui anu nyicingan."

9PANGERAN Nu Maha Kawasa nimbalan ka kaula, "Israil baris beak beresih, kawas tangkal anggur anu buahna enggeus dipupu nepi ka beak. Ku sabab eta meungpeung aya keneh tempo, ingetan ku maneh sabisa-bisa sangkan salamet."

10Piunjuk sim kuring, "Saha anu bade nguping upami abdi nyanggem sareng ngelingan maranehna? Sakitu barasangkalna, arembungeun nurut kana timbalan Gusti. Timbalan Gusti anu didongkapkeun ku abdi anggur pada nyaleungseurikeun.

11Bendu Gusti ka maranehna, ka abdi ge jadi siksaan, abdi parantos teu kiat nandanganana." Lahiran PANGERAN ka sim kuring, "Budalkeun amarah Kami ka barudak di jalan-jalan jeung ka barudak ngora di enggonna karumpul. Salaki, pamajikan, bakal ditarangkepan, malah anu geus karolot pisan ge moal dikarikeun.

12Imah-imahna ku Kami rek diserenkeun ka batur, kitu deui lahan-lahan jeung pamajikan-pamajikanana. Jalma-jalma ieu tanah ku Kami baris dihukum.

13Kabeh jalma, nu gede, nu leutik, pabisa-bisa nyiar kauntungan nu teu halal; malah nabi-nabi jeung imam-imam ge nipuan rahayat.

14Raheut-raheut umat Kami dianggapna ngan ukur bared, ‘Teu naon-naon, aman,’ carekna, padahal sama sakali teu aman.

15Areraeun henteu dumeh eta kalakuanana teh kacida nistana? Teu, teu areraeun; teu nyahoeun-nyahoeun acan beureum beungeut teh kumaha. Ku sabab kitu lamun ku Kami enggeus diragragan hukuman, tangtu bakal tigejret sakumaha nu sejen-sejen, nya harita poe panungtungan maranehna teh. Kitu timbalan Kami, PANGERAN."

16PANGERAN geus ngandika ka umat-Na, "Geura narangtung di unggal parapatan, jeung awaskeun. Tanyakeun jalan-jalan heubeul, jeung mana jalan anu panghadena, tuluy sorang sangkan hirup bari tengtrem." Tapi ceuk maranehna, "Embung, moal!"

17Geus kitu PANGERAN ngangkat tukang-tukang kemit. Maranehna dipiwarang ngadengekeun sora isarat tarompet. Tapi ceuk maranehna, "Embung ngadengekeun!"

18Ku sabab kitu, kieu timbalan PANGERAN, "Dengekeun eh bangsa-bangsa, kanyahokeun nu baris tumiba ka umat Kami.

19Eh bumi, dengekeun! Ieu umat ku sabab pakarepanana karitu, ku Kami arek dihukum, arek ditumpurkeun, lantaran nolak pangajaran Kami, teu nurut kana dawuhan-dawuhan Kami.

20Keur naon Kami narima pangbaktina, dupa bawana ti tanah Syeba, atawa seuseungitan bawana ti nagri jauh? Kami teu hayang narima pangbaktina, teu hayang kana kurban-kurbanna.

21Jadi eta umat teh ku Kami rek disina titarajong nepi ka tibareubeut. Bapa, anak, babaturanana jeung tatangga-tatanggana bakal pararaeh."

22Timbalan PANGERAN, "Aya anu daratang ti hiji nagri di kaler, hiji bangsa perkasa ti nu jauh pisan, geus tarapti rek perang.

23Marawa jamparing jeung pedang. Jelema-jelemana barengis jeung taya ampunna. Ana geus clak kana kuda, sora pasukan kudana ngaguruh sada laut ngagulugur. Geus tarapti rek merangan Yerusalem."

24Ceuk urang Yerusalem, "Geus aya bejana ka urang, ieu leungeun mani ngeplek, hate dicangkerem ku kasieun jeung kanyeri, kawas awewe rek ngajuru.

25Tong boro ka luar kota, ngulampreng ka jalan ge teu wani, nenjo musuh samagreng ku pakarang, sakuriling bungking pikasieuneun."

26PANGERAN ngandika ka umat-Na, "Geura marake pakean karung tuluy gugulingan dina taneuh ngebul, pek geura sasambat aluk-alukan kawas nu ditinggalkeun paeh ku anak tunggal, sabab maraneh bakal ditarajang ngadadak ku nu baris ngabinasa.

27Eh Yermia, uji eta umat Kami ku maneh kawas nguji logam, pariksa tabeatna kumaha.

28Kabeh ge wangkelang, tukang barontak, tabeatna teuas kawas parunggu jeung beusi. Kalakuanana goreng, resep ngider ngupat batur.

29Dina pangleburan anu kacida marakbakna ge eta logam-logam piceuneun teh teu daek ajur, teu bisa leungit. Eta umat Kami cumah dianyarkeun deui oge, moal bisa, lantaran nu jarahatna henteu disingkirkeun.

30Maranehna bakal disarebut bubututan anu geus taya pangajina sabab enggeus dipiceun ku Kami, PANGERAN."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yeremia 6 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel