Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yesaya 10 >> 

1Cilaka maraneh! Maraneh nyieun hukum sakarep-karep, dipake nyiksa ka umat Kami.

2Maraneh nyieun aturan anu ngahalang-halang hak jeung kaadilan pikeun rahayat anu mariskin. Aturan anu ngawenangkeun maraneh ngarampas pangaboga randa-randa jeung kaom pahatu.

3Rek kumaha engke maraneh upama geus dihukum ku Allah? Rek kumaha engke maraneh upama Mantenna geus ngadatangkeun bahla ti nagara jauh? Rek kabur menta tulung ka mana? Harta banda maraneh teh rek ka mana disumputkeunana?

4Maraneh tangtu tiwas ku perang, atawa digiring jadi tawanan. Tapi sangkilang geus kitu ge PANGERAN teh moal waka enggeusan, panangana-Na masih keneh ngangkang baris ngahukum.

5PANGERAN ngadawuh, "Asur ku Kami rek dipake jadi panggitik. Sina ngagempur bangsa anu geus nyieun pibendueun Kami.

6Kami geus ngirimkeun Asur sina narajang eta bangsa anu murtad anu geus ngahudangkeun amarah Kami. Urang Asur ku Kami geus dikirimkeun sina ngajarah jeung malingan harta maranehna, jeung sina ngaleyek maranehna kawas leutak di jalan."

7Tapi raja Asur pribadi boga maksud sasangkleng. Lain saeutik bangsa anu rek diperanganana.

8Eta raja geus ujub, carekna, "Panglima aing kabeh raja.

9Aing geus ngarebut Kalno jeung Karkemis, Hamat jeung Arpad. Samaria jeung Damsik geus taraluk.

10Leungeun aing dipake ngagempur karajaan-karajaan anu nyarembah ka brahala-brahala sakitu lobana, leuwih loba ti batan nu aya di Yerusalem jeung Samaria.

11Samaria jeung brahala-brahalana ku aing geus dibasmi. Yerusalem katut brahala-brahala sesembahanana nu aya di dinya ku kami tangtu ditumpes."

12Tapi Pangeran ngandika, "Lamun Kami geus anggeus di Gunung Sion jeung di Yerusalem, Kami rek ngahukum raja Asur nu adigung jeung suaban."

13Raja Asur mani sombong, carekna, "Kabeh geus beunang ku aing, ku sorangan. Aing jago, loba akal, pinter. Wawatesan nagri-nagri ku aing geus dibedah, harta bandana geus dijarah, jalma-jalmana diidek. Aing asa jadi banteng.

14Bangsa-bangsa sajagat teu beda ti sayang manuk. Harta bandana ku aing gampang pisan dicokotanana, asa nyokotan endog tina sayangna, euweuh jangjang anu wanieun ngabintih, euweuh papacok nu muka atawa cacat-cicit."

15Tapi dawuhan PANGERAN, "Ari kampak bisaeun ngaku leuwih gede ti batan anu makena? Ragaji naha leuwih penting ti batan nu ngaragaji? Lain jelema anu diulangkeun ku panggitik, tapi panggitik, anu diulangkeun ku jelema."

16PANGERAN Nu Maha Kawasa bakal ngadatangkeun kasakit pikeun ngahukum jelema-jelema anu ayeuna sareubeuh nyatu. Di jero beuteungna sina asa aya seuneu, sina panas kawas anu direrab.

17Allah cahaya Israil lir seuneu, bakal ngalebur sagala rupa datang ka beak dina sapoe, moal ngarikeun cucuk jeung jukut cucuk.

18Leuweung-leuweung kekep jeung pakebonan-pakebonan bakal tumpur sama sakali, teu beda ti jelema anu katerap ku kasakit anu kacida jahatna.

19Tatangkalan anu disesakeun ngan saeutik pisan, ku budak ge bisa kaitung.

20Bakal datang waktuna, urang Israil anu ayeuna nyesa teh moal muntang deui ka bangsa anu rek meakkeunana, sabab bakal ngeumbing ka PANGERAN, Allah Israil nu suci.

21Tapi anu bakal marulang deui ka Allahna nu maha kawasa teh ngan saeutik.

22Najan ayeuna lobana lir keusik laut ge nu bakal bisa mulang mah ngan saeutik. Sabab aya hiji bahla anu bakal ngaruksak ka maranehna, geus pasti.

23Sakuliah nagri tangtu dibasmi ku Nu Maha Agung, PANGERAN Nu Maha Kawasa, sabab Mantenna anu ngadawuh kitu.

24Nu Maha Agung, PANGERAN Nu Maha Kawasa, nimbalan ka umat-Na anu araya di Sion, "Maraneh teu kudu sieun ku urang Asur, sanajan eta teh geus nganiaya ka maraneh cara urang Mesir baheula.

25Moal lila deui, sanggeus hukuman maraneh ku Kami dienggeuskeun, urang Asur pasti ku Kami dibasmi.

26Kami, PANGERAN Nu Maha Kawasa, bakal nyabetan maranehna ku pecut, cara ngahajar urang Midian di Cadas Oreb. Urang Asur ku Kami tangtu digempur, cara Kami bareto ngagempur urang Mesir.

27Maraneh ku Kami rek dibebaskeun tina kakawasaan Asur, leupas tina pasangan anu nindih punduk maraneh."

28Balad musuh geus aya di Ayat, jalanna ngaliwat ka Migron. Perlengkepanana ditunda di Mikmas.

29Ari marondokna di Geba sanggeus liwat gupitan. Urang Ramah guyur, urang Gibea dayeuh Raja Saul kalabur.

30Eh urang Galim, geura tingjarerit! Eh urang Laisa, geura dengekeun! Eh urang Anatot, geura tembalan!

31Urang Madmena ngabalecir, urang Gebim ngalacir!

32Poe ieu musuh geus aya di Nob, geus ngacung-ngacung peureup ka Gunung Sion, ka kota Yerusalem.

33Maranehna bakal tinggalubrag kawas dahan ditutuhan, ditutuhan ku PANGERAN Nu Maha Kawasa. Jalma anu pangagungna, anu pangkatna pangluhurna, bakal ditutuh digubragkeun.

34Kabeh bakal dituaran ku PANGERAN, kawas tatangkalan di tengah leuweung ditampolan ku kampak, dirubuh-rubuhkeun, kawas tatangkalan di Libanon, sanajan nu pangalusna ge pasti rarubuh!


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yesaya 10 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel