Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yesaya 15 >> 

1Ieu pangandika perkara nagri Moab. Kota Ar jeung Kir bakal dibasmi, beak dina sapeuting. Sakuliah Moab bakal jempling.

2Urang Dibon naranjak ka luhur pasir, ngadon careurik di tempat mujana. Urang Moab tingbangingik nyeungceurikan kota Nebo jeung Medeba. Sirahna digarundulan, janggotna dikarurud, tanda sungkawa.

3Nu di jaralan kabeh dibaraju karung, nu di sabudeureun alun-alun aluk-alukan di loteng-loteng.

4Urang Hesbon jeung Elale tingjarerit, kadenge ka daerah Yahas. Serdadu-serdaduna ge ngadadaregdeg leungit kawani.

5Kaula ngajerit dina hate, mangwatirkeun ka Moab. Pangeusina kalabur nepi ka nagri Soar jeung Eglat Salisia. Sawareh naranjak ka jalan anu ka Luhit bari careurik, sawareh deui ngabalecir ka Horonaim bari rawah-riwih.

6Susukan Nimrim caina saat ngoletrak, jujukutan di sisina parerang, geus teu aya tutuwuhan anu hirup.

7Aya anu mareuntasan Lebak Waru hayang salamet, bari ridu ku babawaan.

8Di saban wates Moab di mana-mana pinuh ku sora aluk-alukan, kadenge nepi ka Eglaim jeung Ber Elim.

9Walungan di kota Dibon caina jadi beureum ku getih. Najan kitu Allah masih keneh bakal ngeunakeun bahla anu leuwih parna ka urang dinya. Bener, pikeun sakur anu tinggal keneh di Moab bakal aya pangjagalan pinuh ku getih.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yesaya 15 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel