Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yesaya 25 >> 

1Nun PANGERAN, Gusti teh Allah abdi, abdi seja ngahormat ka Gusti sareng muji jenengan Gusti. Gusti parantos midamel nu araheng. Parantos ngabuktoskeun sagala anu dipastikeun ti kapungkurna.

2Kota-kota ku Gusti dijadikeun ruruntuhan, puri-purina dirugrugkeun. Karaton-karaton kenging musuh ngadegkeun parantos musna salalamina.

3Bangsa-bangsa nu baredas ka Gusti bakal maruji. Kota-kota bangsa nu lalim bakal sarerabeun ku Gusti.

4Nu sangsara, sareng nu taya daya, ka Gusti nyaluuh, laluput tina bancang pakewuh. Dipaparin enggon nyalindung tina angin topan, dipaparin pangiuhan, sangkan teu tutung ku panas. Jalma-jalma lalim teh narempuh, lir topan keur musim tiris,

5lir panas manggang tanah keri. Nanging eta musuh-musuh teh ku Gusti parantos dibungkem. Gusti parantos ngajempekeun hahaokna jalma-jalma lalim, lir mega anu nyirepkeun panasna poe.

6Di dieu, di Gunung Sion, PANGERAN Nu Maha Kawasa bakal ngajamu sakabeh bangsa sadunya. Sisihanana bangsa utama, anggurna nu panghadena.

7Ti dinya Mantenna bakal ngadadak nyingkahkeun mendung kasedih anu ngauban bangsa-bangsa.

8PANGERAN Nu Maha Agung bakal numpes ajal maot sina sirna salalawasna! Cipanon ku Mantenna bakal disusut ti unggal panon, sarta umat-Na anu hina jeung sangsara di sakuliah dunya bakal dijait. Kitu timbalan PANGERAN ku manten!

9Lamun eta geus kajadian, saban jalma bakal ngucap, "Mantenna teh Allah urang! Urang anu percaya ka Mantenna geus disalametkeun. Mantenna teh PANGERAN! Urang anu percaya ka Mantenna tinggal senang jeung bagja, sabab geus dirahayukeun."

10PANGERAN bakal nangtayungan Gunung Sion. Sabalikna urang Moab bakal diluluh, diidek cara jarami keur berak.

11Leungeunna roroesan kawas keur ngojay, tapi ku Allah bakal dilalumpuhkeun nepi ka moal bisa nanaon.

12Puri-puri Moab jeung kuta-kutana anu laluhur bakal dirugrugkeun rata jeung taneuh.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yesaya 25 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel