Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yesaya 31 >> 

1Picilakaeun nu keur arindit ka Mesir rek marenta tulung teh! Ngarepna ka Mesir dumeh Mesir boga balad anu kuat, boh pasukan kudana, boh pasukan karetana, boh prajurit-prajuritna. Percayana lain ka PANGERAN, Allah suci Israil. Menta tulungna lain ka Mantenna.

2Mantenna uninga kana salampah-lampah maranehna. Mantenna ngadatangkeun bahla. Eta bangsa anu goreng kalakuanana, kitu deui anu nangtayunganana bakal dihukum.

3Urang Mesir lain dewa-dewa, manusia ilahar bae. Pasukan kudana lain kuda sakti. Lamun PANGERAN enggeus ngawitan, najan eta bangsa teh kuat tangtu bakal ngudupung, kitu keneh bangsa lemah anu ditulunganana. Duanana ge bakal binasa.

4PANGERAN ngadawuh ka kaula, "Teu paduli kumaha tingjareritna jeung tinggorowokna para pangangon, singa moal sieuneun nepi ka ngalesotkeun mangsa beunang maehanana; Kami oge, PANGERAN Nu Maha Kawasa, moal beunang dihalang-halang enggoning nangtayungan Gunung Sion.

5Kami, PANGERAN Nu Maha Kawasa rek ngaraksa jeung ngabelaan Yerusalem, kawas manuk anu kekeleperan deukeut sayangna ngabelaan anakna."

6PANGERAN nimbalan, "Eh urang Israil! Maraneh teh baheula, baha ka Kami. Tapi hiap baralik deui!

7Bakal aya mangsa maraneh bakal miceunan arca-arca beunang maraneh nyieunan tina perak atawa emas.

8Nagri Asur bakal tumpur perangna, tapi lain ditumpurkeun ku manusa. Urang Asur bakal kalabur ti medan perang, jalma-jalmana anu ngarora teh bakal jaradi badega.

9Rajana bakal kabur bari tagiwur. Para panglima bakal kaeunteupan ku kasieun anu pohara nepi ka cul bandera perang." Kitu timbalan PANGERAN anu disembah jeung dihaturanan kurban beuleuman di Yerusalem.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yesaya 31 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel