Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yesaya 46 >> 

1Ieu pitungtungeun brahala-brahala Babul: Bel jeung Nebo, nu biasa dipuja-puja, dimuatkeun kana kalde, kana tonggong sato anu geus maropo.

2Eta brahala-brahala teh aya nu mawa ge teu barisaeun naon-naon. Kitu tungtungna brahala-brahala Babul teh.

3Eh turunan Yakub sesa-sesa umat Kami, darengekeun: Maraneh teh ku Kami geus diurus ti barang brol dijurukeun.

4Kami, Allah maraneh bakal terus ngurus, nepi ka maraneh karolot, haruisan. Kami anu ngajadikeun, Kami anu ngurus. Maraneh tangtu ditulungan, disalametkeun.

5Rek disaruakeun jeung saha Kami ku maraneh? Naha aya anu sarua jeung Kami?

6Jalma-jalma maruka pepeten, ngaluarkeun emas, nimbang perak dina taraju, tuluy muruhkeun ka kamasan menta dipangnyieunkeun arca, tuluy eta arca teh disembah.

7Eta arca dipangku dipunggu, tuluy ditagenkeun dina tempatna. Cameubleu bae di dinya, teu bisaeun pindah. Dipentaan tulung teh ngabigeu bae, boro-boro bisa nyalametkeun tina bahaya.

8Aringetkeun eh nu daroraka! Jeung sing areling kana dadamelan Kami.

9Sing areling kana kajadian baheula. Kudu ngaraku yen Allah teh ngan Kami. Euweuh nu saperti Kami.

10Sakur anu enggeus kajadian, ku Kami geus diwejangkeun ti samemehna, didawuhkeunana geus ti baheulana keneh. Kami geus ngadawuh yen pangersa Kami moal mencog, yen sakur anu ku Kami geus dikudukeun, moal teu dibuktikeun.

11Kami geus nyaur hiji jelema ti tatar wetan, lampahna gancang lir dadali anu nyirorot, baris ngalaksanakeun pangersa Kami. Ku Kami geus ditimbalkeun. Tangtu kajadian.

12Eh jalma-jalma bedegong! Ceuk pikiran maraneh jajauheun kana bisa unggul.

13Padahal eta piungguleun teh geus tereh, waktuna tereh cunduk. Kami tangtu unggul, jeung moal engke-engke. Kami rek ngajait Yerusalem, Israil rek disina mulya deui."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yesaya 46 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel