Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yesaya 54 >> 

1Eh Yerusalem, bareto maneh ibarat awewe nu teu boga anak. Ayeuna mah maneh bakal bungah, sabab bakal boga anak. Tur leuwih loba ti batan anu boga keneh salaki.

2Kemah maneh kudu dilegaan, tambang-tambangna panjangan. Pancuh-pancuhna sing parageuh.

3Wawatesan wewengkon maneh bakal ngalegaan ka ditu ka dieu. Rahayat maneh bakal marulang deui, ka tanah anu ayeuna keur diandih ku bangsa-bangsa sejen. Kota-kota anu geus saruwung bakal gegek ku jelema.

4Tong salempang! Sabab maneh moal aya anu ngahina deui, moal aya anu ngawiwirang deui. Kabalangsakan lantaran maneh geus teu satia ti ngongora, engke mah kapopohokeun. Kaprihatinan waktu keur cuang-cieung jadi randa, moal kainget-inget deui.

5Anu nyiptakeun maneh, anu jenenganana PANGERAN Nu Maha Kawasa, bakal jadi ibarat salaki maneh. Allah Israil nu suci, raja sakuliah jagat, bakal ngajait maneh.

6Eh Israil, maneh ibarat hiji pamajikan anu ti ngongora ditinggalkeun ku salaki, nepi ka nguluwut pikir. Tapi ku PANGERAN geus dihiap deui. Dawuhana-Na,

7"Kami ninggalkeun teh ngan sakeudeung. Ayeuna rek ngaku deui, diwuwuh ku asih anu taya papadana.

8Kami bendu nepi ka ninggalkeun teh teu lila. Ayeuna rek mikanyaah sapapanjangna." Kitu dawuhan PANGERAN, anu ngajait maneh.

9"Keur jaman Enoh Kami geus jangji, yen moal ngeueum deui ieu bumi. Ayeuna Kami jangji moal bendu deui ka maneh, moal nyeuseul atawa ngahukum deui.

10Gunung jeung pasir bisa urug. Tapi kanyaah Kami ka maneh teh moal aya tungtungna. Jangji Kami ka maneh moal udar, rek mere kanugrahaan." Kitu dawuhan PANGERAN anu asih ka maneh.

11PANGERAN ngadawuh, "Yerusalem, Yerusalem! Maneh teh balangsak. Euweuh nu nulung, euweuh nu ngalilipur. Pademen maneh ku Kami rek dipasangkeun deui, batu-batuna rek make anu aralus.

12Munara-munarana rek ku mirah dalima. Gapura-gapurana ku batu manikem anu ngagebur. Kutana rek ku permata.

13Rahayat maneh arek diwuruk ku Kami pribadi. Hirupna sina makmur, sina talengtrem.

14Maneh arek diajegkeun, ku adil jeung bener. Jeung aman, moal kasedek ku nu rek nindes, moal kasorang ku bahya.

15Mun maneh aya nu nempuh, eta lain idin Kami. Anu merangan ka maneh, saha ge tangtu rubuh.

16Panday beusi Kami nu ngayakeunana, sina nyieun seuneu, nyieun pakarang. Serdadu-serdadu nu make eta pakarang pikeun maehan, Kami nu nyiptakeunana.

17Jadi satiap pakarang anu dipake narajang ka maneh, moal matak kua-kieu. Jeung satiap maneh aya anu merkarakeun, maneh bakal bisa ngalawan. Abdi-abdi Kami ku Kami tangtu diraksa, disina arunggul." Kitu dawuhan PANGERAN.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yesaya 54 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel