Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yesaya 58 >> 

1PANGERAN ngadawuh, "Celukkeun sataker tanaga ka umat Kami Israil! Sebutkeun ka maranehna dosa-dosana!

2Memang unggal poe ge maraneh ngabarakti ka Kami, pajar harayang nyaho kana pangersa-pangersa Kami, pajar narurut kana hukum-hukum Kami. Carekna mah maranehna resep ngabarakti ka Kami sarta harayang kana hukum Kami anu adil."

3Ceuk jelema-jelema, "Jang naon puasa ari ku PANGERAN henteu dipirosea mah? Jang naon ngosongkeun beuteung ari ku Mantenna henteu dipalire?" Dawuhan PANGERAN, "Saenyana maraneh paruasa teh ngan pikeun ngudag kapentingan pribadi bae, ka nu karuli ge nepikeun ka ngagencet.

4Maraneh mah paruasa teh kalah jadi kasar adat jeung cekcok nepi ka garelut. Dikira ku puasa kitu Kami daek ngadengekeun paneda maraneh?

5Paruasa mani ngariripuh maneh, mani ngulahekkeun sirah kawas daun jukut ngulapes, ngedeng dina karung diamparan lebu. Nu kitu anu ku maraneh disebut puasa teh? Dikira Kami resep kana cara siga kitu?

6Puasa pamenta Kami mah kieu: Kudu daek nulung batur. Mun batur meunang kateuadilan nepi ka jadi bangbaluh hatena, leupaskeun.

7Sing daek mere ka nu kalaparan, daek ngarapek semah miskin anu teu bogaeun imah, daek makean ka nu rudin, daek ngabantu ka dulur atawa ka baraya.

8Lamun kitu mah rahmat Kami bakal nyinaran lir srangenge meletek, nepi ka maraneh tereh cageur. Tangtu ku Kami diraksa salalawasna supaya marulus, diaping ti ditu ti dieu.

9Unggal neneda tangtu didenge, saban sasambat tangtu dijawab. Lamun maraneh geus tara teungteuingeun deui, tara tudang-tuding deui, tara hasud deui, tara ngomong goreng deui,

10terus daek nalang ka nu lapar, daek mere ka nu kakurangan, tangtu ucul tina kaewuh, leungit poek datang caang kawas keur wanci manceran.

11Ku Kami baris diaping, dicukupan pangabutuh, lulus mulus kuat santosa, pijadieun saibarat taman anu cur-cor cai, lir cinyusu anu moal saat-saat.

12Maraneh sabatur-batur bakal bisa ngadegkeun deui adegan-adegan anu geus lila jadi ruruntuk, diadegkeun dina pademen asalna. Ku batur bakal kasebut ahli ngadegkeun deui kuta jeung adegan-adegan anu geus rarubuh."

13PANGERAN ngadawuh, "Lamun maraneh nyucikeun poe Sabat, lamun dina poe eta nunda heula kapentingan pribadi, ta’at jeung ngajenan kana kasucianana, henteu nyanyabaan, henteu gawe naon-naon, henteu ngomongkeun nu euweuh eusina,

14tan wande ngarasa genahna ngabakti ka Kami. Maraneh ku Kami rek dimashurkeun ka saalam dunya jeung mareunang nugraha di ieu tanah anu geus diserenkeun ka Yakub karuhun maraneh. Kitu timbalan Kami, PANGERAN."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yesaya 58 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel