Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yohanes 12 >> 

1Pigenep poeeun deui kana poe Pesta Paska, Yesus angkat ka Betania, tempat tinggal Lasarus, jalma anu ku Anjeunna dihirupkeun deui tina maot tea.

2Di dinya Yesus ku pribumi dituangkeun, diladenan ku Marta; Lasarus jeung nu sejenna deui bareng dalahar jeung Yesus.

3Ti dinya Maria mawa minyak narwastu kira-kira satengah liter, minyak seungit anu kacida mahalna, tuluy dikucurkeun kana sampean Yesus, geus kitu sampeana-Na disekaan ku buukna. Eta imah jadi mabek ku seungit minyak narwastu.

4Yudas Iskariot, hiji murid Yesus anu engkena ngahianat ka Anjeunna, ngomong kieu,

5"Ku naon lain dijual bae eta minyak seungit teh tilu ratus uang perak, terus duitna sidekahkeun ka nu mariskin?"

6Ngomongna kitu lain dumeh karunyaeun ka nu mariskin, tapi lantaran manehna teh bangsat. Manehna purah nyekel tempat duit sarerea, sok nyokot keur dirina sorangan.

7Tapi diwaler ku Yesus, "Ingkeun ulah diganggu! Anu keur dilampahkeun ku Maria ayeuna, aya patalina jeung poean Kami dikubur engke. Keun sina diteruskeun!

8Anu mariskin mah aya bae di maraneh sapapanjangna, ari Kami mah moal salawasna."

9Loba pisan jelema anu ngadarenge beja yen Yesus aya di Betania, tuluy daratang. Lain dumeh ku karana Yesus bae, tapi dumeh harayangeun nenjo Lasarus ongkoh, nu ku Yesus dihudangkeun tina maot.

10Temahna Lasarus oge diarah ku imam-imam kapala rek dipaehan,

11dianggap geus ngalantarankeun urang Yahudi loba anu palercaya ka Yesus, naringgalkeun maranehna.

12Poe isukna, anu marilu Pesta Paska teh ngadarenge beja yen Yesus rek sumping ka Yerusalem, geus aya di tengah jalan.

13Seug maranehna ngaralaan palapah korma, tuluy budal rek marapagkeun ka Anjeunna bari salusurakan, pokna, "Puji Allah! Mugia anu sumping kalawan pajenengan Pangeran dirahmat ku Allah! Mugia diberkahan Raja bangsa Israil!"

14Ari Yesus mendak hiji kalde ngora, terus majeng nitihan kalde, sakumaha anu geus diungelkeun dina Kitab Suci, kieu,

15"Ulah sieun, putri Sion! Ieu Raja maneh sumping, nitihan kalde ngora."

16Hal ieu ku murid-murid henteu ujug-ujug kahalartieun. Tapi sanggeus Yesus digugahkeun tina pupus-Na sarta dimulyakeun, kakara maranehna aringeteun, yen hal Anjeunna kitu sarta hal pameta jalma-jalma kitu ka Anjeunna teh memang geus dituliskeun dina Kitab Suci.

17Jalma-jalma anu araya waktu Anjeunna nyaur Lasarus nepi ka hirup deui kaluar ti jero kuburna, terus ngutarakeun eta kajadian.

18Eta sababna pangna jalma rea budal marapag, lantaran ngadarenge yen Anjeunna geus ngadamel kaajaiban kitu.

19Ari urang Parisi mah ngaromong pada batur, pokna, "Nyaho, tetela gagalna urang teh! Tuh, saalam dunya marilu kabeh ka Manehna!"

20Di antara anu daratang ka Yerusalem rek ngabakti dina eta perayaan, aya sawatara urang Yunani.

21Maranehna daratang ka Pilipus sarta menta kieu, "Juragan, upami tiasa sim kuring teh hayang nepangan Yesus." (Ari Pilipus asalna ti Betsaida, di Galilea.)

22Pamentana ku Pilipus dipupulihkeun ka Andreas, tuluy diunjukkeun ka Yesus ku duaan.

23Yesus ngawaler, "Geus waktuna Putra Manusa teh nampa kamulyaan.

24Saenyana ceuk Kami: gandum sasiki lamun henteu dipelak dina taneuh sina paeh heula, angger bae ngan sasiki. Lamun geus disina paeh heula mah tangtu jadi, nu asal sasiki teh jadi loba.

25Anu nyaah kana hirupna, hirupna tangtu leungit. Anu ngewa kana hirupna di ieu dunya, hirupna bakal kapimilik pikeun hirup anu langgeng.

26Anu rek ngabdi ka Kami kudu daek nuturkeun Kami, supaya di mana Kami aya, abdi Kami oge aya di dinya. Anu ngabdi ka Kami bakal dihormat ku Ama Kami."

27"Ayeuna hate Kami asa lalewang, jeung kudu ngomong naon? Naha kudu unjukan, ‘Ama, mugi eta wanci teh ulah dugi ka narajang ka Abdi’? Padahal pang Kami datang teh sangkan ngalaman eta wanci kasangsaraan.

28Ama, agungkeun jenengan Ama!" Ti dinya aya soara ti langit, ungelna, "Enggeus ku Ama diagungkeun, jeung rek diagungkeun deui!"

29Eta soara kadarengeeun ku sarerea anu keur di darinya; ceuk sawareh sora guludug, ceuk sawareh deui, "Malaikat sasauran ka Anjeunna!"

30Tapi saur Yesus, "Eta soara lain pikeun kapentingan Kami, tapi pikeun kapentingan maraneh.

31Geus nepi kana mangsana, ayeuna ieu dunya teh diragragan hukuman, anu nyarangking kawasa di ieu dunya baris tijarungkel.

32Ari Kami, sanggeus engke diangkat ti ieu bumi, bakal narik sakabeh manusa sina ka Kami."

33(Ieu ucapan Anjeunna ngagambarkeun caraning ajal anu kudu disorang ku Anjeunna.)

34Piunjuk jalma rea, "Sanggem Hukum Musa mah Kristus teh jumenengna bakal langgeng, ku naon disaurkeun Putra Manusa kedah diangkat? Saha anu disebat Putra Manusa teh?"

35Waler Yesus, "Caang teh ayana di maraneh ngan kari sakeudeung deui. Teruskeun lumaku teh, meungpeung aya keneh caang, ulah kaburu poek di jalan; sabab leumpang di nu poek mah moal nyaho keur nuju ka mana.

36Sing percaya kana caang, meungpeung caangna aya keneh, supaya maraneh jaradi umat caang." Sanggeus ngalahir kitu Yesus angkat ti dinya, nyumputan jalma-jalma.

37Sabab eta jelema-jelema teh sakitu geus narenjo sorangan kaajaiban-kaajaiban ti Anjeunna, tetep bae teu palercayaeun ka Anjeunna teh.

38Harita memang kudu laksana pilahir Nabi Yesaya anu kieu: "Nun Pangeran, saha nu bade percaya kana uaran abdi sadaya? Ka saha Gusti bade nembongkeun kawasa?"

39Jadi maranehna teu barisaeun percaya, sabab kieu deui pilahir Nabi Yesaya,

40"Panonna ku Allah geus dilolongan, hatena sina basangkal, sangkan panonna ulah narenjo, pikiranana ulah ngalarti, sina ulah tarobat ka Kami, dawuhan Pangeran, ulah harayangeun dicalageurkeun ku Kami."

41Yesaya nyaurkeun kitu perkara Yesus, sabab anjeunna mah geus ningali kamulyaan Yesus, sarta nyaurkeun hal Anjeunna.

42Najan kitu, loba oge gegeden Yahudi anu palercayaeun ka Yesus, ngan teu waranieun nembrak, sarieuneun dipencilkeun ti imah ibadah ku urang Parisi sejenna,

43kawantu leuwih malar kana pamuji ti pada jalma tinimbang kana pangajen ti Allah.

44Yesus ngalahir, soanten-Na bedas, "Anu percaya ka Kami, percayana teh lain ka Kami bae, tapi ka Mantenna ongkoh, anu ngutus Kami.

45Anu nenjo ka Kami, nenjo oge ka anu ngutus Kami.

46Kami teh caang anu turun ka alam dunya, supaya anu percaya ka Kami ulah poek hirupna.

47Anu ngadenge pilahir Kami tapi henteu ngalampahkeun, dihukumna moal ku Kami, sabab Kami mah pang datang teh lain pikeun ngahukum pangeusi dunya, tapi pikeun nyalametkeun.

48Anu bakal ngahukumna ka sing saha anu nampik ka Kami jeung embungeun narima pilahir Kami mah, geus aya pihakimeunana; nya eta pilahir-pilahir Kami anu enggeus dilahirkeun ku Kami tea. Eta nu baris ngahakiman dina Poe Kiamat teh!

49Satemenna kitu, sabab anu geus dilahirkeun ku Kami teh lain pilahir Kami sorangan, tapi timbalan Allah Rama anu ngutus Kami, anu miwarang Kami kudu ngalahir kitu.

50Sarta ku sabab Kami nyaho timbalan Mantenna teh matak hirup langgeng, kitu nu matak naon-naon anu ditimbalkeun ku Rama ka Kami teh ku Kami dilahirkeun ka maraneh."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yohanes 12 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel