Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yohanes 14 >> 

1"Maraneh ulah salempang," saur-Na deui. "Sing percaya ka Allah, sarta sing percaya ka Kami.

2Di bumi Rama Kami loba kamar, sarta ayeuna Kami rek ka ditu nyadiakeun pitempateun maraneh. Lamun teu kitu ku Kami moal diomongkeun ka maraneh.

3Sanggeus nyadiakeun pitempateun maraneh, Kami ti ditu tangtu bakal datang deui nyokot maraneh, supaya maraneh oge aya di tempat Kami.

4Maraneh geus nyaraho jalanna ka tempat anu ku Kami rek diteang."

5"Gusti," ceuk Tomas, "abdi-abdi teu terang Gusti bade ka mana, bade terang kumaha jalan ka ditu?"

6Waler Gusti ka Tomas, "Kami jalanna, Kami kayaktian, Kami sumberna hirup. Ku sabab eta, lamun henteu ku jalan Kami, moal aya anu bisa datang ka Rama."

7"Ayeuna," saur-Na ka sarerea, "maraneh geus nyaraho ka Kami, ka Rama oge tangtu nyaraho. Malah ti ayeuna keneh oge geus nyaraho ka Mantenna teh, geus narenjo."

8"Gusti," ceuk Pilipus, "tingalikeun Rama teh ka abdi-abdi, supados abdi-abdi teu panasaran."

9Waler Yesus, "Geus sakitu lilana Kami reureujeungan jeung maneh, piraku maneh can wawuh keneh bae ka Kami, Pilipus? Anu geus nenjo Kami tangtu nenjo ka Rama, ku naon ceuk maneh bieu ‘Tingalikeun Rama teh ka abdi-abdi’?

10Na teu percaya maneh, Pilipus, yen Kami jadi hiji jeung Rama, sarta Rama jadi hiji jeung Kami." Geus kitu saur-Na deui ka sarerea, "Omongan anu ku Kami diucapkeun ka maraneh teh lain omongan Kami sorangan, kedalna teh ku pangersa Rama anu ngahiji di diri Kami.

11Sing percaya, Kami teh jadi hiji jeung Rama, Rama jadi hiji jeung Kami. Lamun teu percaya kana eta hal, sahenteuna sing percaya kana hal-hal anu dipigawe ku Kami.

12Satemenna ceuk Kami: Sing saha anu percaya ka Kami, bakal ngalampahkeun sakur anu dipigawe ku Kami, malah bakal ngalampahkeun anu leuwih ti kitu, sabab ayeuna Kami tereh mulang ka Rama.

13Jeung naon bae anu disuhunkeun ku maraneh make ngaran Kami, tangtu ku Kami dikabul, supaya ku jalan Kami kaagungan Rama jadi nyata katembong.

14Lamun maraneh nyuhunkeun ka Kami nyebut ngaran Kami, ku Kami tangtu dikabul."

15"Upama maraneh nyaraah ka Kami geus tangtu narurut kana parentah-parentah Kami.

16Kami rek nyuhunkeun ka Rama, sarta Rama bakal maparin ka maraneh hiji Panulung sejen, anu bakal nyarengan ka maraneh salalawasna.

17Eta Panulung teh nya eta Roh Allah, anu bakal nganyatakeun hal Allah nurutkeun anu saestuna. Eta Roh ku dunya mah moal katarima, sabab dunya mah ka eta teh teu nenjoeun, teu nyahoeun. Ari maraneh mah nyaraho, sabab Anjeunna aya di maraneh, ngancik di diri maraneh.

18Sanggeus Kami indit, maraneh moal diantep nyorangan; tur Kami bakal datang deui ka maraneh.

19Pikeun saheulaanan mah dunya teh moal nenjo deui Kami, tapi maraneh mah bakal narenjo; jeung ku sabab Kami teh hirup, maraneh oge bakal hirup.

20Lamun poena geus datang, maraneh bakal nyaraho yen Kami jadi hiji jeung Rama, maraneh jadi hiji jeung Kami, Kami oge jadi hiji jeung maraneh.

21Sing saha anu narima jeung ngalampahkeun parentah-parentah Kami, eta tandaning nyaah ka Kami. Sing saha anu nyaah ka Kami, bakal dipikaasih ku Rama; Kami oge tangtu bakal mikaasih jeung bakal nganyatakeun diri ka manehna."

22"Gusti," piunjuk Yudas (lain Yudas Iskariot), "ku naon margina ka abdi-abdi mah Gusti kersa nganyatakeun salira, dupi ka dunya mah henteu?"

23Waler Yesus ka Yudas, "Sabab anu mikanyaah ka Kami jeung nurut kana piwuruk Kami mah bakal dipikaasih ku Rama Kami, jadi Rama Kami jeung Kami bakal sumping terus linggih di manehna.

24Anu henteu nyaaheun ka Kami mah geus tangtu embungeun nurut kana pangajaran Kami. Pangajaran anu ku Kami diwurukkeun ka maraneh teh lain ti Kami, tapi ti Rama anu ngutus Kami.

25Hal ieu ku Kami diomongkeun ayeuna, meungpeung Kami aya keneh jeung maraneh.

26Panulung tea, nya eta Roh Suci beunang nyuhunkeun Kami ka Rama, ka maraneh bakal ngawurukkeun sagala perkara, jeung ngingetan supaya maraneh aringet kana sagala hal anu ku Kami geus diwurukkeun.

27Maraneh ku Kami rek ditinggalan kakertaan, kakertaan Kami pribadi, anu beda tina kakertaan asal ti dunya. Ulah honcewang, ulah baringung, ulah rarisi.

28Ceuk Kami tadi, ‘Kami rek indit, tapi bakal datang deui ka maraneh.’ Lamun maraneh nyaraah ka Kami, malah bakal barungah Kami rek mulang ka Rama teh, sabab Rama mah leuwih agung ti batan Kami.

29Hal ieu ku Kami diomongkeun ayeuna memeh kajadian, supaya engke maraneh percaya lamun geus kajadian.

30Kami geus teu bisa lila-lila deui nyarita ka maraneh, sabab anu nyangking ieu dunya geus datang. Saenyana manehna teu kawasa naon-naon ka Kami,

31tapi Kami kudu tumut kana sagala pangersa Rama, supaya kanyaah Kami ka Mantenna kanyahoan ku ieu dunya. Hayu ayeuna mah urang arindit ti dieu.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yohanes 14 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel