Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yohanes 6 >> 

1Ti dinya Yesus jengkar, meuntasan Talaga Galilea (sok disebut oge Talaga Tiberias).

2Jalma-jalma naluturkeun, loba pisan, lantaran geus narenjo Anjeunna ngadamel kaajaiban nyageurkeun anu gering.

3Sanggeus aya di peuntas, Anjeunna unggah ka hiji pasir, calik jeung murid-murid.

4Harita geus deukeut kana Pesta Paska.

5Yesus soca-Na ngulincer, katingalieun jalma-jalma ngaburubul nyalampeurkeun. Anjeunna mariksa ka Pilipus, "Ka mana bisa meuli dahareun keur nyuguhan jelema sakitu lobana?" saur-Na mariksa ka Pilipus

6(seja nguji, da Anjeunna mah geus uningaeun kudu midamel kumaha.)

7Walon Pilipus, "Sanaos naredana saeutik sewang oge, kangge meser tedaeunana kedah aya artos langkung ti dua ratus uang perak."

8Murid anu ngaran Andreas dulurna Simon Petrus unjukan,

9"Itu aya budak gaduheun roti lima siki sareng lauk dua siki, nanging tangtos moal matak cekap."

10Saur Yesus, "Jelema-jelema sina dariuk." (Eta tempat loba jukutna.) Jalma-jalma tuluy dariuk, kabehna aya kira-kira lima rebu urang.

11Yesus nyandak roti tuluy muji sukur ka Allah, rotina sina terus dibagikeun ka nu keur dariuk. Lauk oge dibagikeun sanggeus Anjeunna muji sukur kawas tadi. Jalma-jalma dalaharna nepi ka sareubeuheun.

12Beres dalaharna, Yesus ngalahir ka murid-murid, "Kumpulkeun sesana, ulah aya anu kapiceun."

13Tuluy sesa anu teu kadahar teh dikumpulkeun, meunang dua welas karanjang pinuh tina asal roti lima siki.

14Narenjo Anjeunna ngadamel kaajaiban, jelema-jelema ngaromong kieu, "Anjeunna tangtu Nabi anu keur diarep-arep sumpingna ka dunya."

15Yesus uningaeun yen rek direreyang ku maranehna, rek dipaksa dijadikeun raja. Ku sabab eta Anjeunna nyingkir ti dinya nyalira bae ka lebah pasir-pasir.

16Barang reup peuting murid-murid Yesus tarurun ka talaga,

17tarumpak parahu, tuluy meuntas rek ka Kapernaum. Geus beuki peuting, tapi Yesus tacan aya keneh.

18Sabot kitu datang angin gede, talaga jadi motah.

19Sanggeus balayarna kira-kira lima atawa genep kilometer, breh Anjeunna katembong ku murid-murid keur angkat napak kancang dina cai, beuki deukeut kana parahu. Maranehna kacida sarieuneunana.

20"Ulah sarieun," saur Yesus ka maranehna, "Kami ieu teh!"

21Geus kitu mah malah maranehna aratoheun narima Anjeunna kana parahu, sarta gancang nepina ka anu dijugjug.

22Poe isukna jelema-jelema teh araya keneh di tempat kamari di sisi talaga, sarta kamari nangenan yen parahu ngan aya hiji. Maranehna nyarahoeun yen murid-murid Yesus geus arindit make parahu eta, tapi arinditna henteu jeung Anjeunna.

23Sabot kitu aya sababaraha parahu daratang ti kota Tiberias, balabuh deukeut tempat kamari maranehna dalahar roti tina berkah pamuji sukurna Gusti tea.

24Sanggeus tetela Yesus jeung murid-murid-Na teu aya di dinya, jalma-jalma teh tuluy naraek kana eta parahu-parahu, rek nareangan Yesus ka Kapernaum.

25Sanggeus Yesus kapendak di peuntas, maranehna naranya, "Dupi Pa Guru iraha sumping ka dieu?"

26Waler Yesus, "Saenyana maraneh nareangan Kami teh lantaran geus dibarere dahar nepi ka sareubeuh, lain ku sabab ngarti kana tujuan Kami nyieun eta kaajaiban.

27Ari digarawe ulah ngarah meunang dahareun anu keuna ku buruk, kudu ngarah anu awet, anu ngalantarankeun bisa hirup langgeng. Nya dahareun anu kitu anu rek dibikeun ka maraneh ku Putra Manusa teh, sabab Anjeunna ku Allah Rama geus dibere kawasa."

28Piunjuk maranehna, "Kedah kumaha atuh abdi-abdi supados tiasa ngalampahkeun pangersa Allah?"

29Waler Yesus, "Kudu percaya ka anu diutus ku Allah! Kitu pangersa-Na teh."

30Piunjuk maranehna deui, "Bade midamel kaahengan naon kangge tawisna anu tiasa katingal ku abdi-abdi, supados abdi-abdi percaya ka Pa Guru? Bade midamel naon?

31Karuhun abdi-abdi waktos di gurun keusik ngadalahar manna, sakumaha kaungel dina Kitab Suci, ‘Maranehna ku Anjeunna dibere dahareun, roti ti sawarga.’"

32Waler Yesus, "Anu mere roti ti sawarga lain Musa. Sing percaya, anu maparin roti anu saestuna ti sawarga mah Ama Kami.

33Eta roti ti Allah teh nya Anjeunna, anu lungsur ti sawarga, anu mere hirup ka alam dunya."

34"Juragan," piunjuk maranehna, "mugi sing saterasna eta roti teh dipaparinkeunana ka abdi-abdi."

35Saur Yesus, "Eta roti anu matak hirup teh kapan ieu, Kami. Jalma anu datang ka Kami moal nyorang lapar deui, anu percaya ka Kami moal nyorang halabhab deui.

36Tapi ceuk Kami oge, sanajan maraneh geus narenjo ka Kami moal palercaya.

37Jelema anu ku Rama dipaparinkeun ka Kami, tangtu datang ka Kami sarta ku Kami moal datang ka ditolak,

38sabab Kami datang ka dunya teh lain pikeun ngajujur karep sorangan, tapi pikeun ngalampahkeun pangersa anu ngutus.

39Ari pangersa-Na teh nya eta, saha bae, anu ku Mantenna dipaparinkeun ka Kami, saurang oge ulah aya anu lapur, dina Poe Kiamat kabeh kudu dihudangkeun ku Kami.

40Kitu kahoyong-Na Rama Kami, sakur anu geus narenjo jeung percaya ka Putra-Na, kabeh kudu diganjar hirup langgeng. Anu matak dina Poe Kiamat tangtu maranehna ku Kami diharudangkeun sina harirup deui."

41Barang Yesus nyaurkeun, "Kami teh roti anu turun ti sawarga," jelema-jelema jadi recok,

42pokna, "Naon, roti ti sawarga? Lain Yesus tea eta teh, anak Yusup? Bapa-Na, indung-Na, urang ge nyaho!"

43Pilahir Yesus, "Geus, ulah raribut!

44Memang moal aya anu bisa datang ka Kami lamun henteu ditarik ku Rama ku manten. Jeung sakur anu datang ka Kami, tangtu ku Kami bakal dihirupkeun dina Poe Kiamat.

45Kaungel dina kitab nabi-nabi, yen, ‘Unggal jelema bakal diwuruk ku Allah.’ Sakur anu ngaregepkeun jeung nurut kana piwuruk Rama, tangtu datang ka Kami.

46Tapi lain hartina aya jalma anu geus nenjo Rama. Anu geus nenjo ka Rama mah ngan Anjeunna saurang, sabab Anjeunna mah asalna ti Allah.

47Kami ngomong saenyana, anu percaya ka Anjeunna tangtu bakal hirup langgeng.

48Kami teh roti anu matak hirup.

49Karuhun maraneh di gurun keusik dalahar manna, tapi maraot mah maraot bae.

50Tapi anu dahar roti anu turun ti sawarga mah moal keuna ku paeh.

51Eta roti anu ti sawarga teh ieu, Kami. Anu ngadaharna tangtu hirup salalawasna. Eta roti teh nya eta daging Kami, anu baris diserenkeun pikeun ngahirupan jalma-jalma di dunya."

52Ngadarenge kitu teh jalma-jalma terus hog-hag jeung baturna keneh, pokna, "Rek kumaha dibikeunna supaya daging-Na dihakan teh?"

53Pilahir Yesus, "Sing percaya, lamun maraneh henteu ngadahar daging Putra Manusa jeung henteu nginum getih-Na, diri maraneh moal aya hirupna.

54Anu ngadahar daging Kami jeung nginum getih Kami, bakal hirup langgeng, jeung dina Poe Kiamat ku Kami bakal dihudangkeun.

55Sabab daging Kami teh sajatina kadaharan, getih Kami sajatina inuman.

56Anu ngadahar daging Kami jeung nginum getih Kami, bakal hirup di Kami, nya kitu deui Kami bakal hirup di manehna.

57Kami diutus ku Rama anu jumeneng hirup, sarta ku karana Mantenna Kami oge hirup. Nya kitu keneh sakur anu ngadahar daging Kami bakal hirup ku karana Kami.

58Nya ieu Kami, roti anu turun ti sawarga teh. Anu ngadahar ieu roti bakal hirup salalanggengna. Roti anu didalahar ku karuhun maraneh mah lain roti anu ieu, anu matak tetep bae ahirna mah maraot."

59Yesus ngawulangkeun hal ieu teh di Kapernaum, di imah ibadah.

60Loba panganut Yesus anu ngaromongkeun eta piwulang, pokna, "Beurat teuing eta pangajaran teh! Saha nu bisa narima?"

61Yesus oge uningaeun yen loba anu ngaromel kitu, tuluy ngalahir ka maranehna, "Maraneh rek malundur ku hal ieu?

62Lamun kitu, kumaha upama engke maraneh narenjo Putra Manusa mulang ka tempat asal-Na?

63Anu mere hirup teh Roh Allah, kakuatan manusa mah taya gunana naon-naon. Anu ku Kami dicaturkeun teh nya eta Roh Allah anu mere hirup.

64Tapi di maraneh aya anu henteu palercaya kana hal eta." (Ti samemehna oge Yesus memang geus uningaeun, mana nu bakal moal percaya, jeung saha anu bakal ngahianat ka Anjeunna.)

65Pilahir-Na deui, "Nya ieu sababna nu matak Kami nyebutkeun yen moal aya anu bisa datang ka Kami lamun lain ku pangersa Rama."

66Ti semet harita loba panganut Yesus anu naringgalkeun ka Anjeunna, embungeun marilu deui.

67"Kumaha ari maraneh, arek milu naringgalkeun?" Yesus mariksa ka murid-murid-Na.

68"Gusti," ceuk Simon Petrus, "ka saha abdi-abdi kedah indit upami ngantunkeun? Gusti nu kagungan pangandika nu maparin hirup langgeng.

69Abdi-abdi percanten, sareng yakin Gusti teh Utusan Suci ti Allah."

70Pilahir Yesus, "Kami milih maraneh teh dua welas urang, lain? Tapi anu saurang mah roh jahat!"

71Anu dimaksad ku Anjeunna nya eta Yudas bin Simon Iskariot, sabab manehna enya oge murid Anjeunna keneh, engkena bakal ngahianat ka Anjeunna.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yohanes 6 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel