Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yosua 10 >> 

1Adonisedek, raja Yerusalem, geus meunang beja, yen Ai geus beunang jeung geus ditumpurkeun ku Yosua, sarta rajana dipaehan sakumaha anu tumiba ka nagri Yeriho jeung rajana. Jeung geus meunang beja yen urang Gibon geus rarapihan sarta hirup rukun jeung urang Israil.

2Ku hal eta, urang Yerusalem kacida ngarasa seberna, sabab Gibon teh sarua gedena jeung nagri anu mana bae oge di dinya anu dikapalaan ku raja, malah leuwih gede ti batan Ai, katurug-turug jelema-jelemana arahli perang.

3Ku kituna, Adonisedek ngajurungan utusan ka Raja Hoham di Hebron, Raja Piram di Yarmut, Raja Yapia di Lakis, jeung Raja Debir di Eglon, pokna kieu,

4"Diantos sumpingna, bantuan ngarurug Gibon, sabab urang dinya parantos rarapihan sareng Yosua, nya sareng urang Israil."

5Eta lima raja urang Emor, nya eta raja-raja: Yerusalem, Hebron, Yarmut, Lakis jeung Eglon, meungkeut kakuatan, tuluy ngepung sarta ngarurug Gibon.

6Urang Gibon ngirim lisan ka Yosua di pakemahan di Gilgal, kieu, "Juragan, mugi ulah ngantep. Enggal sumping, tulungan sim kuring. Mugi dijait. Raja-raja Emor ti pagunungan parantos ngahiji ngalawan sim kuring."

7Seug Yosua nyandak balad katut jeung balad petinganana, budal ti Gilgal.

8Ngandika PANGERAN ka Yosua, "Tong sieun ku musuh. Ku Kami maneh geus ditangtukeun baris tangtu unggul. Maranehna moal aya nu kuat ngalawan ka maneh."

9Yosua sabaladna terus maju sapeupeuting ti Gilgal, muru ka Gibon, arek ngayakeun gempuran ngadadak ka urang Emor.

10Urang Emor ku PANGERAN disina kacida geumpeurna narenjo balad urang Israil teh. Maranehna ku urang Israil dibasmi di Gibon, anu harirup keneh diudag tarurun ti lamping gunung di Bet Horon, haben dibeberik jauh pisan nepi ka Aseka jeung Makeda di beulah kidul.

11Sabot urang Emor lalumpatan turun di lamping nyingkahan balad Israil, PANGERAN nurunkeun hujan es anu baradag ninggangan maranehna sapanjang jalan ka Aseka. Anu paraeh katinggang ku eta hujan es leuwih loba batan anu diparaehan ku urang Israil.

12Ari Yosua, dina poean PANGERAN ngersakeun Israil unggul ngelehkeun urang Emor teh unjukan ka PANGERAN. Kieu saurna, kasaksian ku urang Israil, "Eh panonpoe, geura ngarandeg lebah Gibon. Eh bulan, geura ngarandeg lebah Lebak Ayalon."

13Reg panonpoe ngarandeg. Reg bulan ngarandeg. Kituna teh nepi ka urang Israil anggeus numpes musuh. Hal ieu geus kaungel dina Kitab Yasar. Panonpoe nepi ka ngarandeg di satengahing langit, sapoe jeput teu surup-surup.

14Ti baheula, tepi ka jaga oge, acan jeung moal kungsi aya poe saperti harita, PANGERAN kersa ngamakbul panuhun manusa sarupa kitu. PANGERAN ngiring perang nyarengan Israil!

15Sanggeus kitu Yosua sabaladna mulih ka pakemahan di Gilgal.

16Demi raja-raja urang Emor tea limaanana kalabur, tuluy nyarumput di hiji guha di Makeda.

17Panyumputanana aya nu manggihan, tuluy dibejakeun ka Yosua.

18Saur Yosua, "Lawang guhana begbregan ku batu galede jeung kudu dijaga.

19Tapi maraneh ulah kajongjonan di dinya, kudu terus ngudag ngagempur ti tukangeunana, ulah aya nu bisa molos ka kotana. PANGERAN Allah maraneh geus ngersakeun sangkan maraneh unggul."

20Seug eta musuh teh ku Yosua jeung balad Israil dibabad nepi ka tumpur. Ari anu kari, ngarejat ka kota neangan panyalindungan. Eta mah salamet teu milu tiwas.

21Geus kitu sabalad Yosua marulang ka pakemahan di Makeda, salamet kabeh. Di sakuliah tanah eta geus teu aya anu wani ngomong-ngomong acan perkara urang Israil.

22Geus kitu saur Yosua, "Lawang guha teh bongkar, gusur eta lima raja ka dieu."

23Lawang guha dibongkar. Raja Yerusalem, raja Hebron, raja Yarmut, raja Lakis jeung raja Eglon dibijilkeun kaluar,

24terus dibawa ka Yosua. Ti dinya Yosua manggil urang Israil kabeh, sarta marentah ka perwira-perwira anu nyarengan perang ka anjeunna supaya ka hareup, dipiwarang narincakkeun sukuna kana beuheung eta raja-raja.

25Saur Yosua ka eta perwira-perwira anjeunna, "Tong inggis-inggis atawa hemar-hemir. Tegerkeun hate sing teteg, sabab saksian ayeuna, kumaha PANGERAN ngahukumna ka sakabeh musuh aranjeun."

26Geus kitu eta raja-raja teh ku Yosua dipaehan, mayitna digantung-gantungkeun dina lima patok, cul diantep nepi ka burit.

27Wanci panonpoe surup Yosua marentah supaya eta mayit-mayit teh diturunkeun, tuluy dibalangkeun ka jero guha urutna nyarumput. Tuluy lawang guhana dibugbrugan ku batu galede, nutupan eta lawang guha nepi ka kiwari.

28Poe eta keneh Yosua ngarurug ka nagri Makeda nepi ka beunangna, rajana ditangkep. Pangeusina beak dipaehan, teu aya nu dikarikeun. Ari rajana dipaehanana disaruakeun cara raja Yeriho.

29Sabada eta, Yosua sabaladna ti Makeda muru ngarurug ka Libna.

30Di dieu oge urang Israil unggul, ku karana PANGERAN. Eta nagara jeung rajana beunang. Pangeusina beak dipaehan, teu aya nu dikarikeun. Ari rajana dipaehanana disaruakeun cara raja Yeriho.

31Sabada eta, Yosua sabaladna ti Libna muru ka Lakis. Eta nagri dikepung, terus ditarajang.

32Dina poe kaduana, Israil perangna unggul, ku karana PANGERAN. Cara di Libna bae, di dieu oge pangeusina teu aya nu dikarikeun, beak dipaehan.

33Raja Horam ti nagara Geser datang arek ngabantu Lakis, tapi ku Yosua dielehkeun, manehna sabaladna dipaehan teu aya nu dikarikeun.

34Ti Lakis, Yosua sabaladna muru ka Eglon. Eta nagara dikepung, tuluy ditarajang.

35Poe eta keneh geus beunang, pangeusina beak dipaehan teu aya nu dikarikeun, cara di Lakis bae.

36Sabada eta, Yosua sabaladna ti Eglon naranjak ka pasir muru ka Hebron.

37Eta nagri kajabel. Rajana kitu deui jalma-jalmana kabeh dipaehan cara anu di nagri-nagri tatanggana. Nagrina ku Yosua dibasmi nepi ka tumpur, disaruakeun cara ka Eglon. Teu aya anu dikarikeun hirup.

38Ti dinya Yosua sabaladna malik deui muru ngarurug ka Debir.

39Eta nagri beunang jeung raja-rajana katut kota-kotana. Pangeusina kabeh ditumpes. Debir katut rajana ku Yosua dijieun cara ka nagri Hebron jeung Libna jeung ka raja-rajana.

40Sakuliah tanah eta geus eleh ku Yosua. Raja-raja anu di daerah pagunungan kasoran, boh anu di lamping-lamping beulah wetan, boh anu di tutugan-tutugan gunung beulah kulon, kitu deui di daerah-daerah tanah keri di beulah kidul. Taya anu dihirupan, kabeh ditumpes. Kitu ditimbalanana ku GUSTI Allah, Allahna Israil.

41Panarajang Yosua ti Kades Barnea diteruskeun ka kidul, ka Gasa di deukeut basisir, kitu deui sakuliah tanah Gosen nepi ka tanah Gibon di kaler.

42Raja-rajana katut wilayah-wilayahna sakali ngagempur beunang kabeh ku Yosua, sabab urang Israil dipangmerangankeun ku PANGERAN Allahna.

43Sabada eta, Yosua sabaladna marulang deui ka pakemahan di Gilgal.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yosua 10 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel