Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yosua 17 >> 

1Tanah anu di kuloneun Walungan Yordan aya sabagian anu dibikeun ka sababaraha kulawarga turunan Menase, anak Yusup anu cikal. Makir, bapana Gilad, anak Menase anu cikal. Ku lantaran manehna teh pahlawan, nya tanah Gilad jeung Basan anu pernahna di wetaneun Walungan Yordan teh dibikeun ka manehna.

2Ari tanah kuloneun Yordan dibikeun ka kulawarga-kulawarga kaom Menase lianna, nya eta turunan Abieser, turunan Helek, turunan Asriel, turunan Sekem, turunan Heper jeung turunan Semida. Eta kabeh turunan Menase bin Yusup anu lalaki, kabeh jaradi kapala warga.

3Demi Selopehad bin Heper, bin Gilad bin Makir bin Menase, henteu boga anak lalaki, ngan anak awewe bae, ngaran-ngaranna: Mahla, Noa, Hogla, Milka jeung Tirsa.

4Ieu nu limaan arunjukan ka Imam Elasar, ka Yosua putra Nun, jeung ka kapala-kapala, pokna, "Kapungkur aya timbalan PANGERAN ka Musa, timbalana-Na abdi oge kedah kenging bagian ti ieu tanah, sapertos dulur-dulur anu lalaki." Tuluy maranehna oge dibagianan tanah di tengah dulur-dulurna anu lalaki, sakumaha dawuhan PANGERAN.

5Ku hal eta, kaom Menase mah jaba ti tanah Gilad wetaneun Yordan jeung Basan teh narima deui sapuluh luwuk,

6dumeh turunan anu awewe tea oge mareunang bagian cara dulur-dulurna anu lalaki, da ari tanah Gilad mah geus kapiboga ku turunan Menase nu lianna.

7Wawatesan tanah kaom Menase, ti Aser kebat ka Mikmeta wetaneun Sekem. Ti dinya tuluy ngidul ka wewengkon urang En Tapua.

8Tanah sakurilingeun Tapua jadi milikna kaom Menase, tapi ari Tapua mah jadi milikna kaom Epraim.

9Ti lebah dinya watesna mudun ka lebah anak Walungan Kana. Kota-kota kiduleun eta walungan milikna kaom Epraim, najan ayana di wewengkon kaom Menase. Ari wates wewengkon kaom Menase mapay-mapay jalan kalereun eta anak walungan, anggeusna di sisi Laut Tengah.

10Beulah kidul jadi wewengkon kaom Epraim, beulah kaler jadi wewengkon kaom Menase, di beulah kulon watesna Laut Tengah. Beulah kaler kulon bogana kaom Aser, beulah kaler wetan bogana kaom Isaskar.

11Di jero wewengkon kaom Isaskar jeung kaom Aser, aya luwukan tanah bogana kaom Menase, nya eta wewengkon Bet San jeung Yiblam katut desa-desa sakuriling eta nya eta: Dor (kota sisi basisir), En Dor, Taanak, Megido jeung desa-desa sakurilingeunana.

12Tapi kaom Menase teu kuateun ngusir urang Kanaan anu maratuh di kota-kota eta. Jadi urang Kanaan mah terus maratuhna di dinya.

13Malah sanggeus urang Israil jadi kuat oge eta urang Kanaan teh henteu kabeh diusir, tapi ngan dipaksa digawekeun pikeun urang Israil.

14Geus kitu turunan Yusup arunjukan kieu ka Yosua, "Bapa, ku naon masihan tanah teh mung saluwuk? Padahal golongan abdi teh sakieu seueurna, berkah hibaring PANGERAN."

15Yosua ngawaler, "Ari kitu mah, dumeh maraneh sakitu lobana nepi ka teu cukup ku dibere tanah anu di pagunungan Epraim, bukbak bae leuweung anu di wewengkon urang Pares jeung urang Repaim, kop eta ajang maraneh."

16Maranehanana ngajawab, "Eta tanah pagunungan anu mung sakitu kirang keneh. Katambih-tambih urang Kanaan teh boh nu di Bet San sareng di desa-desa sakurilingeunana, boh anu di Lebak Yisrel, garaduh kareta perang tina beusi."

17Waler Yosua ka kaom Epraim jeung kaom Menase, "Enya maraneh teh sakitu lobana tur sakitu kuatna. Pantes lamun boga tanah leuwih ti saluwuk.

18Kop eta tanah pagunungan teh kabeh jang maraneh. Leuweung keneh mah bukbak bae. Sanajan eta urang Kanaan teh kuat tur baroga kareta perang tina beusi, mo burung bisa kausir ku maraneh."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yosua 17 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel