Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA2]     [PL]  [PB] 
 <<  1 Petrus 4 >> 

1Al Masih teh geus nandangan sangsara badaniah. Aranjeun kudu eling kana hal eta, malar meunang kakuatan. Sabab anu nandangan sangsara badaniah ku karana iman, eta teh geus taya patalina deui jeung dosa.

2Ti semet ayeuna ka hareup, sesa umur teh ulah dipake kumawula ka hawa napsu, tapi kudu dipake ngesto ka Allah.

3Lesotkeun kabiasaan ngumbar karep, nya eta anu jadi kabiasaanana jelema-jelema anu teu percaya ka Allah. Bareto ge geus sareubeuh hirup sakama-kama, borak-borak, rucah, mabok-mabok, jeung nyembah ka brahala-brahala teh!

4Jelema anu teu nyembah ka Allah mah, ayeuna tangtu bae heraneun; ku sabab aranjeun henteu milu deui guyang dina kolomberan anu sakitu rujitna; tuluy bae maranehna mah ngagogoreng.

5Tapi kalakuan maranehna nu kitu teh, baris aya balitunganana jeung Mantenna; Allah anu saged nibankeun hukum adil, boh ka nu harirup, kitu deui ka nu geus paraeh.

6Pangna anu geus maraot oge diwawaran Injil teh, supaya maranehna, ana geus paraeh sakumaha galibna manusa tea, bisa tetep hirup sasarengan jeung Allah nu jumeneng.

7Sagala perkara geus tereh kana wekasan. Nu matak kudu cegahan, kudu eling pikir, malar bisa husu neneda.

8Utamana pisan mah, kudu enya-enya silih pikanyaah. Sabab najan alah sakumaha salahna oge, ari ku kanyaah mah kasilep.

9Kudu daek katumpangan batur bari ulah ngarasula.

10Rejeki nu katarima, ku sing saha bae, kudu dipake keur silih tulungan; eta nandakeun yen aranjeun teh jadi pangurus anu hade dina makihikeun rupa-rupa berkah ti Allah.

11Anu osok hutbah, anu dihutbahkeun teh kudu dawuhan-dawuhan Allah. Anu ngalakonan papancen jamaah, kudu rumasa yen kuat soteh, ngalampahkeunana, estu ngan ku karana pangdeudeulna kawasa Allah. Ku jalan kitu, dina sagala rupa perkara, Allah baris dimulyakeun ku karana Isa Al Masih. Nya Mantenna Nu kagungan kahormatan sarta kakawasaan, salalanggengna. Amin.

12Paramitra! Ulah kaget ku siksaanana cocoba, najan karasana teh kaliwatan beuratna.

13Malah beuki banget, eta sangsara — saperti anu kalakon ku Al Masih — kudu beuki dipake bungah. Tangtu engke karasa sukana, anu taya babandinganana, di mana Al Masih geus pinton kamulyaan.

14Kudu ngarasa bagja mun aya anu ngahina pedah aranjeun anut ka Al Masih. Sabab eta teh, tandaning Ruh Agung, nya eta Ruh Allah geus ngancik di diri aranjeun.

15Kahade timbulna sangsara teh, ulah ku lantaran salah sorangan; upamana bae lantaran maehan, maling, jahat, atawa hianat ka batur.

16Sabalikna, upama sangsara teh lantaran anut ka Al Masih, teu kudu era; malah kudu muji sukur ka Allah, dumeh aranjeun kaasup umat Al Masih.

17Kiwari enggeus wancina pangadilan teh dimimitian. Anu diheulakeun teh nya eta ngadilan warga-warga umat Allah ku manten. Upama dimimitianana ti urang heula mah, beu, sakumaha teuing pibalukareunana ka jelema-jelema anu teu percaya kana Injil pangwawaran ti Allah!

18Cacakan jelema hade geus seuseut salamet, mana komo jalma nu dosa doraka, kumaha pitemaheunana?

19Ku sabab eta, anu sangsara ku karana nohonan pangersa Allah teh, sing sumerah ka Mantenna, — Allah Anu murbeng alam tur satuhu — sumerah ku jalan lampah nu hade.


  Share Facebook  |  Share Twitter

Download Audio MP3 (1 Petrus 4):
Mobile (Low Quality) - CD (High Quality)

 <<  1 Petrus 4 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel