Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA2]     [PL]  [PB] 
 <<  1 Tesalonika 1 >> 

1Ti Paulus, Silpanus, jeung Timoteus. Kahatur dulur-dulur di jamaah Tesalonika, umat kagungan Rama, — nya eta Allah — jeung kagungan Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang. Mugia aranjeun sing marendak rahmat rahayu.

2Upama nilik kaayaan dulur-dulur, simkuring sapara kanca teh teu weleh-weleh muji sukur ka kersa Allah jeung teu petot-petot mangnedakeun.

3Sababna inget bae teh, lantaran iman dulur-dulur wuwuh nyata kalawan prakna; teu eureun-eureun ngajalankeun amal kanyaahan, bari teu pegat ngandel ka Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang, di payuneun Allah, Rama urang.

4Eta teh tandaning dulur-dulur geus dipilih jeung diasih ku Mantenna.

5Sabab simkuring sapara kanca ngawawaran jalan pisalameteun ka aranjeun teh, lain ku caritaan wungkul, estu dibarengan ku kayakinan anu kuat sarta dituyun ku Ruh Allah. Ku dulur-dulur oge geus kanyahoan, kumaha soson-sosonna simkuring sapara kanca harita upaya pikeun dulur-dulur.

6Ayeuna dulur-dulur geus daek narurut kana pangajak simkuring sapara kanca, nya eta anut ka Gusti. Sanajan loba halangan-harungan oge, aranjeun daek narima; tur kalawan sukana ku sabab hibarna Ruh Allah.

7Aranjeun teh, nepi ka dipiconto ku dulur-dulur saiman di Makedoni jeung Ahaya.

8Pangandika Gusti teh, ti dulur-dulur, terus nerekab; — lain ngan semet Makedoni jeung Ahaya bae — kaimanan dulur-dulur ka Allah teh, geus kauar-aerkeun ka mana-mana; jadi, ku simkuring sapara kanca geus teu perlu diutik-utik deui.

9Aranjeun teh, diparuji ku sarerea tina hal panarimaan ka simkuring sapara kanca, bareto; kitu deui hal aranjeun geus ninggalkeun brahala-brahala sarta malik ngabakti ka sayaktining Allah Anu jumeneng;

10bari nganti-nganti sumping Putra-Na ti sawarga, nya eta Isa — anu geus digugahkeun ti antara nu paraeh — anu ngabebaskeun urang tina bebendu Allah.


  Share Facebook  |  Share Twitter

Download Audio MP3 (1 Tesalonika 1):
Mobile (Low Quality) - CD (High Quality)

 <<  1 Tesalonika 1 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel