Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA2]     [PL]  [PB] 
 <<  1 Tesalonika 3 >> 

1Ku sono-sonona, ahirna ceuk pikir, keun bae sorangan di Atena oge!

2Nya tuluy ngajurung Timoteus heula, sina negerkeun hate aranjeun jeung mepeling iman aranjeun; sanajan anjeunna teh penting keur maturan simkuring sapara kanca ngawawarkeun Injil Al Masih.

3Nu dimaksud, sangkan dulur-dulur, saurang ge, ulah kungsi aya nu mundur ku disusuker. Dulur-dulur tangtu geus ngama'lum, urang teh baris loba nu nyusahkeun pedah boga kapercayaan kieu.

4Basa babarengan keneh ge, kapan ku simkuring sapara kanca teh geus dibejaan yen urang baris katarajang kasukeran. Bukti geuning karandapan.

5Eta sababna, nu matak ngutus Timoteus teh, lantaran hate pohara kumejotna hayang buru-buru terang kana kaayaan iman dulur-dulur; awahing ku risi bisi aranjeun beunang kagoda ku setan.

6Tapi saenggeusna Timoteus datang deui jeung mawa carita anu ngagedekeun hate, nya eta tetela yen dulur-dulur teh tetep pengkuh boh dina sual iman, boh dina sual kanyaah. Saurna deui, dulur-dulur teh kacida mikatineungna ka simkuring sapara kanca; eta teh, teu beda ti simkuring sapara kanca; da simkuring sapara kanca oge, mikatineung jeung mikasono ka aranjeun teh.

7Iman kapercayaan aranjeun anu sakitu pengkuhna, mawa tengtrem kana hate simkuring sapara kanca, nepi ka poho kana kasusah jeung kasukeran.

8Sanggeus sidik mah yen dulur-dulur tetep mantep ka Pangeran, simkuring sapara kanca ngarasa teger deui.

9Simkuring sapara kanca teu manggih pikecapeunana, nya eta kudu kumaha simkuring sapara kanca teh ngahaturkeun nuhun ka kersa Allah. Ku sabab Anjeunna geus maparin kabungahan patali jeung kaayaan aranjeun di payuneun Mantenna, Allah nu disembah ku urang.

10Beurang peuting simkuring sapara kanca neneda, hayang diparengkeun tepung deui, malar matak ngagedean iman kapercayaan aranjeun.

11Mugi-mugi Allah, — Rama urang jeung ka Isa, Gusti Jungjunan urang — maparin jalan geusan urang patepung deui;

12jeung disuhunkeun sih Mantenna, sangkan dulur-dulur beuki leuwih silih pikanyaah, boh pada batur, boh ka sasama sejenna; sakumaha gedena kanyaah simkuring sapara kanca ka aranjeun.

13Mugi aranjeun tetep dikersakeun pengkuh ka Mantenna; sangkan ari Isa, Gusti Jungjunan urang, sumping bari diiring ku sakur anu jadi kagungana-Na anu saruci, dulur-dulur kapendak mulus beresih di payuneun Allah, Rama urang.


  Share Facebook  |  Share Twitter

Download Audio MP3 (1 Tesalonika 3):
Mobile (Low Quality) - CD (High Quality)

 <<  1 Tesalonika 3 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel