Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA2]     [PL]  [PB] 
 <<  1 Timotius 3 >> 

1Aya kacapangan anu kacida keunana: “Hayang jadi pamingpin teh cita-cita nu kacida mulyana.”

2Sabab pamingpin jamaah teh, teu meunang aya cacad celana: Kudu satia ka bojo, titih jeung rintih, daek nyaliksik diri, tartib, adab, akuan ka tatamu, ahli kana ngatik,

3ulah nyandu kana inuman, teu meunang ketus haseum budi, kudu someah, daek akur daek ngakurkeun, tur ulah piduit.

4Kudu bisa ngamudi rumah tanggana, bisa ngawarah tur dipikaajrih ku anak.

5Upama ka rumah tangga sorangan ge, geus teu bisa ngamudi; atuh komo nungtun jamaah Allah, rek bisa ti mana?

6Lebah dieu tetela, jalma anu kakara bus, jadi murid Gusti Jungjunan urang mah, teu meunang diangkat jadi pamingpin jamaah; bisi unggah adat, anu antukna kabendon sanasib jeung Iblis.

7Di luareun jamaah oge, pamingpin mah, ngaranna teh kudu seungit, ulah aya anu bireuk; sangkan ulah meunang panangtang anu antukna bisa ngaleok kabawa setan.

8Kitu deui, anu jaradi pangatik jamaah oge, kudu jelema anu diajenan, jujur, ulah pamabokan, ulah hawek;

9batinna ge, kudu beresih jeung pageuh muhitna kana rasiah iman kapercayaan.

10Memeh diangkat teh, aranjeunna, kudu dipaluruh heula. Mun geus tetela taya cacad kuciwana, kakara aranjeunna meunang mangku jabatan.

11Bojona ge kudu hade tabeatna, ulah resep ngupat, jeung kudu jujur sagala laku-lampahna.

12Pangatik jamaah teh, kudu caroge ti hiji bojo, kudu bisa nungtun anak bojo, kudu bisa nerapkeun pangwarah ka kulawarga.

13Pangatik nu hade, pangaruhna ge baris hade tur bisa laluasa, waktu anjeunna nyarita perkara iman ka Isa Al Masih.

14Ieu perkara ku bapa perlu ditulis ayeuna, najan bapa teh aya niat buru-buru manggihan hidep.

15Maksudna, bisi bae, bapa elat datang; jadi, hidep geus terang kumaha kuduna hirupna parawarga Allah Anu jumeneng, Anu jadi pamageuh jeung dasaring kayaktian tea.

16Teu hamham deui, rasiah kaimanan urang teh mutuh agungna: “Anjeunna, anu geus kersa ngalap rupa manusa, ku Ruh Allah geus dibuktikeun bener-Na, kasaksi ku paramalaikat, dimashurkeun ka saban bangsa, dipercaya ku nu araya di dunya, dijungjung kana kamulyaan.”


  Share Facebook  |  Share Twitter

Download Audio MP3 (1 Timotius 3):
Mobile (Low Quality) - CD (High Quality)

 <<  1 Timotius 3 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel