Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA2]     [PL]  [PB] 
 <<  1 Yohanes 5 >> 

1Sakur anu percaya yen Isa teh Al Masih, disebut putra-putra Allah. Upama urang mikanyaah ka nu jadi bapa, tangtu mikanyaah ka nu jadi anak-anakna oge.

2Kitu keneh ka putra-putra Allah; Urang teh mikanyaah ka maranehna, upama urang nyaah ka Allah sarta nurut kana timbalana-Na.

3Sabab nyaah ka Allah teh, hartina nohonan parentah-Na. Tur, parentah Mantenna teh, teu beurat-beurat teuing.

4Jeung ongkoh anu yuga ti Allah mah, kabeh oge, sanggup ngalawan hawaning dunya ku iman kapercayaanana.

5Jadi, anu sanggup ngelehkeun hawaning dunya teh, ngan anu percaya yen Isa Al Masih teh Putra Allah.

6Isa Al Masih, sumping-Na ka dunya teh nya ngalakonan dibaptis ku cai, nya ngalakonan mandi getih dugi ka pupus-Na. Jadi, Anjeunna teh henteu ngan semet dibaptis bae, tapi nepi ka mandi getih, nya eta pupus disiksa. Ruh Allah ngiring nyaksian kana benerna ieu perkara; tur Ruh Allah teh, kapan sipat saestu.

7Jadi, aya tilu saksina, nya eta

8Ruh Allah, cai, jeung getih. Panyaksen anu tilu teh, kabeh sapagodos.

9Upama panyaksen ti manusa ge bisa dipercaya, komo panyaksen ti Allah mah; sabab pertelaanana leuwih kuat. Panyaksen Allah ngeunaan Putra-Na, estu cocog jeung bukti anu saenyana.

10Sakur anu percaya ka Putra Allah, percayana teh nya kana panyaksen ti Allah. Sabalikna, anu teu percaya kana panyaksen ti Allah, eta tegesna nganggap Allah teh Tukang bohong. Lantaran teu percaya kana pertelaan Mantenna, ngeunaan Putra-Na tea.

11Demi aci-acining eta panyaksen kieu: Allah teh, ka urang, ngurniakeun hirup langgeng. Ari hirup langgeng teh, dicangking ku Putra-Na.

12Anu percaya ka Putra-Na, tinangtu baris ngamilik eta hirup langgeng. Sabalikna, anu teu percaya ka Putra mah, hamo bisa ngamilik.

13Dina ieu surat simkuring rek nerangkeun, yen eta hirup langgeng teh ku dulur-dulur geus beunang, lantaran dulur-dulur percaya ka Putra Allah.

14Dulur-dulur bisa ngunjukkeun angen-angen ka Allah kalawan kapercayaan, yen sagala panuhun anu sapuk jeung manah-Na tinangtu dikabul.

15Sabab terang, yen iraha-iraha oge Mantenna kersa ngadangukeun panuhun urang, yakin yen sagala anu disuhunkeun dina paneda urang tangtu dipaparinkeun.

16Upama aya dulur anu milampah hiji kasalahan anu teu matak mateni, pangnedakeun ka Allah, anu tangtu kersa maparin keneh umur ka eta jelema. Ieu teh ngan pikeun anu kasalahanana henteu matak mawa kana hukum pati. Sabab aya kasalahan atawa dosa anu matak mateni. Pikeun anu kitu mah simkuring moal nitah mangnedakeun.

17Tiap-tiap lampah anu salah kabeh ge dosa. Tapi teu kabeh dosa anu nemahkeun paeh.

18Jelema anu yuga ti Allah mah moal milampah dosa. Sabab diraksa ku Putra Allah jeung moal bisa dijailan ku Iblis.

19Urang terang yen urang teh asal ti Allah. Terang yen saalam dunya kabeh aya dina kakawasaan Setan.

20Tapi urang oge terang, yen Putra Allah geus sumping ka ieu dunya, maparin pangarti ka urang malar kenal ka Allah Nu Sajati. Urang hirup teh geus manunggal jeung Allah Anu Sayakti, lantaran ngahiji jeung Putra-Na, Isa Al Masih. Nya Mantenna Sayaktining Allah; Nya Mantenna Nu jadi Hirup langgeng.

21Anaking! Ati-ati, sing waspada ka brahala-brahala!


  Share Facebook  |  Share Twitter

Download Audio MP3 (1 Yohanes 5):
Mobile (Low Quality) - CD (High Quality)

 <<  1 Yohanes 5 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel