Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA2]     [PL]  [PB] 
 <<  2 Korintus 3 >> 

1Naha simkuring teh rek mimiti deui muji maneh? Atawa naha rek nurutan batur nembong-nembong surat tanda jasa ka aranjeun atawa ti aranjeun?

2Surat tanda jasa simkuring mah, kapan aranjeun buktina, diukirna ge dina ati, tapi nyata sarta kaaji ku sarerea.

3Tegesna mah, aranjeun teh surat-Na Al Masih anu dikirimkeun ku simkuring. Ditulisna lain ku mangsi, tapi ku Ruh Allah anu jumeneng. Lian ti eta, dituliskeunnana oge lain dina papan batu, tapi dina hate manusa.

4Hatur nuhun, agungna, ka Al Masih; simkuring bisa iman ka Allah teh lantaran ku pitulung Anjeunna.

5Simkuring rumasa teu boga pangabisa, boga soteh paparin ti Allah.

6Nya ngan ku Allah, nu matak simkuring sanggup jadi abdi tina Perjangjian anu anyar oge. Eta Perjangjian teh, lain mangrupa tulisan, tapi Ruh. Anu mangrupa tulisan tea mah maehkeun, tapi ari Ruh mah ngahirupkeun.

7Hukum (Toret), anu diukirna dina papan batu tea, ngancam ku hukuman pati. Tapi waktu diumumkeunana teh diiring ku cahaya kamulyaan, nepi ka urang Israil teu kadarugaeun neuteup kana raray Nabi Musa anu moncorong, padahal moncorongna ngan sakeudeung. Upama eta geus sakitu mulyana,

8atuh anu tina Ruh mah komo leuwih mulya.

9Lamun undang-undang anu ngandung hukuman geus sakitu mulyana, atuh komo deui undang-undang anu mawa manusa kana hal nu sabenerna, tangtu leuwih-leuwih mulyana.

10Dibandingkeun jeung agungna kamulyaan anu ieu mah, anu bareto dianggap mulya teh, kasilep.

11Upama eta anu sipatna teu lana tea ngandung kamulyaan, komo anu sipatna langgeng, tangtu leuwih mulyana.

12Simkuring mah yakin pisan kana hal ieu. Ku sabab eta, nyaritakeunana oge henteu asa-asa.

13Moal kawas Nabi Musa anu mindingan raray, sangkan sinar anu ngiles tina rarayna ulah kaciri ku urang Israil.

14Ku sabab eta, urang Israil mah ana dipangmacakeun Kitab Perjangjian Lawas teh, tetep bae henteu ngarti-ngarti, sabab pipindingna nepi ka kiwari acan dibuka-buka. Eta pipinding kakara bisa muka, upama urang percaya ka Al Masih.

15Sabab dipangmacakeun Kitab Nabi Musa ge, urang Israil mah, — nepi ka kiwari oge — tetep bae batinna teh kapindingan.

16Sabalikna, pikeun jelema anu mantep ka Gusti mah, hal-hal anu matak mindingan teh tangtu leungit.

17Ari Gusti teh nya eta Ruh tea. Di mana aya Ruh Gusti tangtu aya kamerdikaan, nya eta taya anu ngahalangan.

18Ku sabab beungeut urang mah, geus teu kapindingan, kaayaan urang teh, ibarat eunteung anu ngagambarkeun kamulyaan Gusti. Tegesna urang teh dieunteupan ku kamulyaan Al Masih, beuki lila beuki mulya ku padamelan Gusti, nya Ruh tea.


  Share Facebook  |  Share Twitter

Download Audio MP3 (2 Korintus 3):
Mobile (Low Quality) - CD (High Quality)

 <<  2 Korintus 3 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel