Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA2]     [PL]  [PB] 
 <<  2 Tesalonika 3 >> 

1Doakeun simkuring. Pangnedakeun, mugi-mugi sing bisa neruskeun nyebar pangandika Gusti, sina tumuwuh turta gancang kaala kalawan hasil anu gumilang saperti di aranjeun.

2Pangnedakeun simkuring sapara kanca, muga ucul ti nu hasud sarta bisa leupas ti nu niat jahat; ma'lum, da henteu kabeh jelema daraek percaya.

3Tapi Pangeran mah, satia. Dulur-dulur tangtu ku Mantenna baris dipaparinan kuat hate sarta diraksa ti Setan.

4Simkuring menta, demi Gusti, muga sagala papatah sarta pituduh simkuring, ku aranjeun teh dilakonan: Ayeuna jeung saterusna.

5Ka Gusti, simkuring nunuhun; mugia ati sanubari aranjeun dipingpin kana welas asihing Pangeran sarta tahan uji saperti Al Masih.

6Kalayan pajenengan Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang, simkuring seja meredih, sangkan dulur-dulur ngajauhkeun maneh ti jalma kedul, anu teu daek ngalampahkeun papatah anu ti simkuring sapara kanca.

7Simkuring geus mere conto: Salila di aranjeun, tara teuing ngalulungkut nangkeup tuur embung digawe.

8Sagala anu kadahar ku simkuring, teu aya anu teu dibayar; eta teh beunang dekal-dekul barang gawe beurang peuting, sangkan ulah matak ngaripuhkeun ka aranjeun.

9Lain ku dumeh simkuring teu layak meunang sokongan, tapi ku bawaning hayang mere conto pikeun turutaneun aranjeun.

10Basa keur di aranjeun tea, simkuring geus mere ieu pamadegan: “Mun teu ngoprek moal nyapek.”

11Sabab harita, simkuring ngadenge aya jelema-jelema anu taya gadag sarta gawena teh ngan ngarerecok urusan batur bae.

12Ka jalma-jalma nu kitu, demi Gusti Jungjunan urang, Isa Al Masih, simkuring sapara kanca ngawawadian: Kudu daek ngoprek jeung kudu daek susah payah, sangkan anu didahar teh beunang ladang kesang sorangan.

13Ari aranjeun, dulur-dulur! Ulah kapok-kapok tatalang reujeung tutulung.

14Teu mustahil, ieu pituah-pituah ti simkuring sapara kanca teh aya anu embung ngadenge. Upama aya cirian, ulah dirapetan, sina eraeun sorangan.

15Tapi ulah ari dimusuhan mah, leuwih hade pepelingan sakumaha pantesna ka dulur.

16Mugi-mugi Pangeran Nu jadi sumbering bagja, maparinkeun nugraha-Na ka aranjeun, dina sagala perkara. Mugi Mantenna kersa nangtayungan aranjeun.

17Ahirna, ayeuna, ieu simkuring ngotretkeun tulisan salam ku leungeun sorangan: “Salam sono ti Paulus.” Ieu teh cirina surat-surat simkuring. Tah kitu rupana tulisan simkuring teh!

18Mugia aya sih piwelas Isa Al Masih ka aranjeun.


  Share Facebook  |  Share Twitter

Download Audio MP3 (2 Tesalonika 3):
Mobile (Low Quality) - CD (High Quality)

 <<  2 Tesalonika 3 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel