Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA2]     [PL]  [PB] 
 <<  3 Yohanes 1 >> 

1Surat ti simkuring, kokolot jamaah. Kahatur saderek Gayus, kanyaah simkuring dina bebeneran.

2Paneda simkuring, mugi saderek tetep sehat walafiat lahir batin.

3Aya wartos ti dulur-dulur anu daratang ka simkuring, yen saderek pohara pageuhna kana bebeneran: Sakumaha aranjeun geus nohonan pamentana kayaktian.

4Pikeun simkuring mah, taya deui anu matak leuwih bungah, lian ti upama ngadenge nu jadi anak aya dina jalan anu bener.

5Kumaha pageuhna saderek kana kayaktian, tembong, nya eta basa kadatangan ku dulur-dulur saiman anu can wawuh tea; kapan ku saderek teh pohara diuruskeunana.

6Tah perkara eta, anu dicaritakeun ku dulur-dulur di dieu teh, di jamaah. Kacida hadena, manawi saderek kersa deuih ngabantu maranehna pikeun neruskeun perjalanana ku jalan ngabantu mangusahakeun pibekeleunana. Asal bae, hal eta teh, kamanah ku Pangeran.

7Sabab maranehna, laleumpangna teh keur nohonan kawajiban ti Al Masih tur ti anu henteu saiman mah, pamohalan meunang pitulung.

8Nya urang anu wajib ngabantu maranehna; eta teh, tandaning urang milu digawe babarengan nyebarkeun kayaktian.

9Simkuring geus ngirim surat pondok ka jamaah. Tapi jelema anu ngaran Diopretes teu resepeun, dumeh manehna hayang jadi pamingpin.

10Engke, upama simkuring ka dinya, kalakuanana rek dibolekerkeun. Gawena, ka ditu ka dieu, ngan ngomongkeun bae simkuring sarta omonganana, mani nyararugak. Teu anggeus ku sakitu bae sabab ka dulur-dulur anu anyar datang oge, mani embung narima. Aya anu arek narima ge, ku manehna dihalang-halang; malah antukna dikaluarkeun pisan ti jamaah!

11Lain turutaneun, nu goreng kitu mah. Wajib ditiru soteh, lamun alus. Jelema nu hade lampah memang asal ti Allah. Ari goreng lampah mah kalakuan jelema anu can nyaho ka Allah.

12Tapi nu saurang deui, — anu ngaran Demetrius — eta mah ku itu ku ieu pada ngaluskeun tur memang bener bukti yen manehna jelema hade. Manehna mah, ku simkuring oge diaku pisan. Saderek tangtu percaya kana benerna ieu omongan simkuring.

13Rea keneh picaritaeun simkuring teh, tapi moal ku jalan surat.

14Engke bae ari urang geus tepung, pahareup-hareup; hal eta, urang omongkeun. Sabab simkuring, geus aya niat hayang buru-buru nepungan. (1-15) Mugi saderek marendak kawilujengan. Aya salam ti sobat-sobat anjeun. Pangnepikeun oge salam simkuring ka sakabeh sobat-sobat sarta kawawuhan-kawawuhan.


  Share Facebook  |  Share Twitter

Download Audio MP3 (3 Yohanes 1):
Mobile (Low Quality) - CD (High Quality)

 <<  3 Yohanes 1 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel