Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA2]     [PL]  [PB] 
 <<  Efesus 6 >> 

1Barudak, sing nurut ka kolot, sakumaha wajibna anu percaya ka Al Masih.

2“Sing hormat ka indung bapa.” Eta teh tina Sapuluh Timbalan, anu pangheulana ngandung jangji. Jangjina kieu:

3“Supaya hirup maraneh jamuga tur dipanjangkeun nya umur.”

4Aranjeun, - nu jadi kolot - poma, ulah nyieun piambekeun anak. Didik anak teh kana kasatiaan nurutkeun piwulang Al Masih.

5Aranjeun, parakawula! Satungtung kumawula, aranjeun wajib tunduk, sieun, jeung ajrih ka dunungan. Kumawula teh kudu saiklas-iklasna, cara kumawula ka Al Masih bae.

6Rajin teh ulah ngan rajin di hareupeun wungkul, ngarah pangalem papada jelema, tapi sing cara ngalakonan parentah Allah. Anu kumawula ka Al Masih mah wajib kitu teh.

7Baranggawe ge kudu jeung gumbira, lir nu kumawula ka Gusti, lain ka jelema.

8Kapan aranjeun teh terang, yen tiap jalma, — boh nu kumawula, boh nu merdika — nu hade gawe mah tangtu ku Gusti diganjar.

9Aranjeun, paradunungan, kudu adil, ulah pilih kasih ka anu jadi kawula sarta ulah sok maen ancam. Inget: Gusti maranehna teh, tunggal keneh Gusti aranjeun nu di sawarga, anu teu ngabeda-beda harkat jelema.

10Pamungkas, dulur-dulur, aranjeun teh kudu kuat, tapi kuatna teh kudu lantaran muntang ka Al Masih anu kawasa.

11Gunakeun sakabeh pakarang jurit ti Allah, supaya sanggup ngayonan akal tipu muslihat Iblis.

12Sabab anu diayonan ku urang teh, lain papada mahluk tina daging jeung getih, tapi bangsa gegedug-gegedug, nu karawasa, nu ngagareugeuh karajaan-karajaan poek kiwari, sarta roh-roh jahat ti alam gaib.

13Ku sabab kitu, gunakeun sakabeh pakarang ti Allah, supaya dina mangsa datang panarajang, aranjeun bisa tagen sarta bisa unggul.

14Sing tarapti. Dangdanan jeung pakarang anu kudu dipake teh nya eta: Kayaktian lir sabukna sarta kaadilan, lir tameng dadana;

15kaiklasan nyebarkeun Injil-karukunan lir tarumpahna;

16Iman urang, lir tamengna nu sanggup mareuman jamparing-jamparing seuneu si Jahat;

17Kasalametan, lir balakutak panutup sirah; ari pedangna, nya eta Ruh, tegesna Pangandika Allah tea.

18Salawasna kudu neneda, muntang kana panuyunna Ruh. Jadi, sing waspada salalawasna jeung ulah kendat-kendat neneda ka Allah pikeun kasalametan sakumna umat Mantenna.

19Pangnedakeun oge, simkuring, mugi-mugi ku Allah dipaparin perceka pinter nyarita, malar ludeung taya kakeueung enggoning ngamashurkeun rasiah Injil,

20anu ngalantarankeun simkuring, utusan Mantenna, dipanjara. Pangnedakeun, supaya simkuring dipaparin wawanen pikeun medarkeun dawuhana-Na, nu geus jadi kawajiban simkuring.

21Hal kaayaan simkuring ayeuna, engke bakal didadarkeun ku Tihikus, dulur urang nu kameumeut, anu rajin ngabantu baranggawe kanggo Gusti.

22Anjeunna diutus teh, nya sina nyaritakeun kaayaan simkuring tea; sakalian, pikeun nengtremkeun hate dulur-dulur oge.

23Mugi-mugi Allah, - Rama - kitu deui Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang, maparin katengtreman, sih piwelas, jeung iman ka dulur-dulur.

24Mugi-mugi Allah maparinkeun rahmat-Na ka sakur anu satia, nya eta anu mikanyaah ka Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang tea.


  Share Facebook  |  Share Twitter

Download Audio MP3 (Efesus 6):
Mobile (Low Quality) - CD (High Quality)

 <<  Efesus 6 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel