Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA2]     [PL]  [PB] 
 <<  Kisah Para Rasul 27 >> 

1Sanggeusna diputus yen kudu diiangkeun ka Itali, Paulus jeung sawatara sakitan deui dipasrahkeun ka hiji perwira ti resimen Prabu ku anjeun, ngaranna Yulius.

2Simkuring sabatur-batur diunggahkeun kana kapal anu ti Adramiti, nu rek balayar ka palabuan-palabuan sapanjang basisir Asia. Aya deui batur saurang nya eta Aristarkus urang Makedoni ti Tesalonika.

3Poe isukna, simkuring sabatur-batur anjog ka palabuan Sidon. Kabeneran Yulius teh bageur ka Paulus, ngidinan anjeunna nepungan heula sobat-sobat sina marekelan.

4Ti Sidon, ku lantaran kapal mapag angin, jadina balayar teh malipid pulo Siprus.

5Sanggeus ngaliwatan laut hareupeun basisir Kilikia jeung Pampilia, kapal anjog ka palabuan Mira di tanah Likia.

6Di dinya simkuring sabatur-batur dipindahkeun kana kapal anu tas ti nagri Aleksandri seja terus ka Itali.

7Meunang sababaraha poe, balayar teh, meh taya lajuna. Hayang ngahontal kota Kenidos oge, mehmehan teu sanggup. Ku sabab angin angger goreng bae, kapal teh jalanna mipir-mipir basisir pulo Kreta liwat Tanjung Salmone.

8Sanggeus hese beleke ngaliwatan eta tanjung; jol bae, di hiji tempat anu ngaranna Palabuan Endah, deukeut kota Lasea.

9Tapi waktu teh, geus loba pisan kapiceunna. Sabab geus liwat usum puasa jeung lamun diteruskeun balayar teh loba pikarempaneunana. Ku sabab eta, Paulus mepelingan kieu,

10“Batur-batur! Cek pangrasa kuring perjalanan urang teh baris balangsak jeung karurugian, lapur barang lapur umur.”

11Tapi opsir mah, leuwih percaya ka jurumudi jeung nangkoda batan ka Paulus.

12Sabab eta palabuan teh, kurang hade dipake pangeureunan dina musim es mah. Panumpang-panumpang oge, karereaanana mah, rempugna supaya terus; sugan bisa nepi ka kota Penik, eureun didinya bae. Penik teh, kota palabuan pulo Kreta anu nyanghareupna ngidul ngulon jeung ngaler ngulon nyela bumi.

13Pareng datang angin leuleuy kawas nu ngajurung maksud. Tuluy ngangkat jangkar terus balayar mapay sisi-sisi basisir pulo Kreta.

14Ari teu lila, gelebug teh, angin ribut ti darat anu disebutna angin “Kaler Wetan”.

15Kapal henteu tahan nadah angin ti hareup. Tuluy digubag-gabigkeun ku eta angin, nya antukna mah diantep; sarerea teh pasrah kana kadar.

16Saterusna, kapal kapalidkeun ka hiji pulo leutik nu ngaranna pulo Kauda. Lebah dinya, sabisa-bisa diihtiarkeun nyalametkeun sampan.

17Sanggeus sampan bisa kajait, kapalna dipalincang ku tambang. Ku sabab sieun neumbrag karang anu ngaran Karang Sirtus, layar digulung sarta kapal diantep luak-leok saparan-paran.

18Ku sabab kapal pohara galuang-galeongna, isukna, barang-barang muatan dipiceunan ka laut.

19Malah katilu poena deui mah, pakakas-pakakas kapal oge dihaja dialung-alungkeun ka laut.

20Srangenge geus sababaraha poe teu tembong-tembong; bentang taya hiji-hiji acan; angin ribut ngamuk terus, nepi ka sarerea geus pada nyamarkeun maneh kana salamet.

21Geus mangpoe-poe taya nu inget dahar-dahar acan. Geus kitu, Paulus ngingetan, saurna, “Dulur-dulur, mun kamari ieu nurut mah kana omongan kuring ulah waka ninggalkeun pulo Kreta, moal balangsak kieu jeung moal kungsi karurugian kawas ayeuna.

22Tapi najan kaayaan siga kieu, pamenta kuring aranjeun ulah pegat pangharepan. Moal, moal aya anu tiwas, ngan ari kapal mah moal katulungan.

23Terang baris kitu soteh, tadi peuting aya malaikat Pangeran ka kuring, nya eta ti Allah anu disembah jeung anu kagungan jiwa raga kuring.

24Saur anjeunna: ‘Ulah salempang, Paulus! Maneh pasti baris jagrag ka Prabu. Malah babaturan sakapal oge geus dipiwelas ku Allah, bakal saralamet ku karana maneh.’

25Ku hal eta, sing tararabah dulur-dulur! Kuring beak-beak nya percaya ka Allah yen kabeh bakal ngabukti, moal mencog ti anu didawuhkeuna-Na.

26Ngan ari kapal mah geus pasti kandas di salah sahiji pulo.”

27Nepi ka maleman kaopat belas, ti barang ditempuh ku angin ribut, kapal masih angkleung-angkleungan di Laut Adriatik. Tapi dina tengah peutingna, ku kalasi-kalasi karasa yen kapal asa nyampeurkeun daratan.

28Tuluy maranehna nyemplungkeun batu pangjugjug, kanyahoan jerona aya dua puluh deupa. Maju saeutik deui dijugjugan deui, ngadeetan jadi lima belas deupa.

29Ku sabab sieun kandas kana karang, tuluy labuh jangkar — opat jangkar — beulah tukang, bari ngarep-ngarep hayang geura beurang.

30Tapi kalasi-kalasi arek maringgat ti kapal, narurunkeun sampan pura-pura rek nurunkeun jangkar hareup.

31Ku Paulus dipopoyankeun ka opsir saperjuritna, saurna, “Upami maranehna diantep naringgalkeun kapal, taya harepan aranjeun bisa salamet.”

32Geuwat sampanna ku perjurit-perjurit ditilas; tuluy eta sampan, diantep ngangkleung sorangan.

33Wanci rek bray beurang, Paulus ngingetan sarerea yen kudu dalahar. Saurna, “Geus opat belas poe aranjeun teu kararaban naon-naon, balas ngarep-ngarep salamet.

34Geus meujeuhna, ayeuna mah dalahar heula bae. Paksakeun malar jagjag. Sing percaya, moal sakara-kara, moal aya nu leungit buuk-buuk acan najan salambar.”

35Anjeunna nyontoan nyandak roti sawatara siki, tuluy ngadu'a ka Allah, kasaksian ku sarerea. Sanggeus rotina disemplek-semplek terus didahar.

36Geus kacontoan mah, maranehna jadi tarareteg hatena, tuluy sarerea dalahar.

37Kabehna, nu araya di kapal teh, dua ratus tujuh puluh genep urang.

38Sanggeus dalaharna sarareubeuh, muatan gandumna dipiceun ka laut ngarah kapal ngahampangan.

39Barang bray, beurang, tembong aya teluk anu basisirna ngampar, teu nyarahoeun ngaranna mah pulo naon. Kabeh rempug arek balabuh di dinya sabisa-bisa.

40Tali jangkar ditilas, jangkarna diantep ngerelep ka dasar laut. Tali kamudi diudar, tuluy nebengkeun layar hareup, supaya kapal katebak angin ka basisir.

41Tapi kapal, ujug-ujug ngagesruk teu bisa maju, kandas kana dasar laut anu munjul. Eta kapal, beulah hareupna nyeblok pageuh teu obah-obah; ari ti tukang mah, diteumbragan ku ombak nepi ka amburadul.

42Kahayang serdadu-serdadu mah, sakitan-sakitan teh diparaehan bae sina peren kabeh, bisi ngarojay terus maringgat.

43Tapi perwirana mah, ku sabab hayang nyalametkeun Paulus, marentah supaya anu barisa ngojay mah, ngarojay bae ti heula ka darat.

44Nu teu barisa ngojay, kudu nyusul muntang kana papan-papan atawa naon bae bebejadan kapal. Gancangna, sarerea geus araya di darat kalawan salamet.


  Share Facebook  |  Share Twitter

Download Audio MP3 (Kisah Para Rasul 27):
Mobile (Low Quality) - CD (High Quality)

 <<  Kisah Para Rasul 27 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel