Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA2]     [PL]  [PB] 
 <<  Matius 6 >> 

1“Poma, maraneh ulah ngalampahkeun amal ibadah teh ngan ngarah katangar ku batur bae. Sabab lamun kitu mah, maraneh moal meunang ganjaran ti Rama nu di sawarga.

2Saupama maraneh rek mere sidekah, ulah sok make diuar-uar ngarah katangar, jiga jelema-jelema nu munapek tea; da maranehna sok karitu di tempat-tempat pangibadahan atawa di jalan-jalan teh: Ngarah kapuji ku batur. Ceuk Kami mah, nu kitu teh, geus narima ganjaranana.

3Jadi, upama mere sidekah teh poma ulah aya anu nganyahoankeun, indung suku oge ulah dibejaan.

4Sabisa-bisa sing rikip, ulah aya nu nganyahoankeun; karana Rama anu di Sawarga mah langkung uninga kana pagawean maraneh, sanajan ririkipan oge. Nu kitu, tangtu meunang ganjaran.”

5“Jeung ari sembahyang teh, ulah sok jiga jelema munapek. Ari nu karitu mah, sembahyangna teh ngarah katangar, boh di tempat-tempat pangibadahan, boh dina pengkolan-pengkolan jalan gede. Tah nu karitu teh, geus pada narima ganjaranana.

6Maraneh mah, ari sembahyang teh kudu di kamar: Pantona dipeundeutan sing rekep, tujukeun paneda ka Rama nu di Sawarga. Rama nu Maha uninga kana kalakuan maraneh anu rikip, pasti ngaganjarna.

7Sembahyangna henteu kudu loba catur, kawas nu maruja ka brahala. Maranehna boga sangkaan yen sakur nu panjang doana bakal dikabul ku Pangeran.

8Omat, maraneh mah ulah kitu; Allah, Rama urang mah, langkung uninga kana pangabutuh maraneh samemeh diunjukkeun oge.

9Ku sabab eta, sembahyang teh kudu kieu: Nun Ama, nu linggih di sawarga; Jenengan Ama mugi disucikeun.

10Karajaan Ama mugi rawuh, Pangersa Ama mugi laksana di dunya, sapertos di sawarga.

11Mugi abdi dinten ieu dipasihan rejeki anu picekapeun.

12Sareng mugi ngahapunten kalelepatan abdi, rehing abdi oge parantos ngahapunten ka nu gaduh kalelepatan ka abdi.

13Mugi abdi ulah tinemu sareng cocobi, sawangsulna, mugi disalametkeun ti nu jahat. (Wirehing nya Ama anu kagungan Karajaan, sareng kakawasaan sarawuh Kamulyaan salalanggengna. Amin.)

14Upama maraneh ngahampura kasalahan batur, Rama maraneh di Sawarga tangtu ngahapunten dosa-dosa maraneh.

15Sabalikna, lamun maraneh henteu ngahampura kana kasalahan batur, maraneh oge moal dihampura ku Rama maraneh.”

16“Maraneh ge, ari keur puasa, paroman teh ulah mesum kawas jelema nu munapek nu nembongkeun semu ngarah katangar yen keur puasa. Ceuk Kami, saenyana, nu puasa sarupa kitu mah mo aya ganjaranana.

17Tapi maraneh mah, lamun puasa teh anggur sing laluis jeung kudu sibeungeut;

18supaya ulah kaciri ku batur, yen maraneh keur puasa; tapi ngan ku Rama bae, kauningana teh. Rama maraneh, anu waspaos ka nu baruni, tinangtu baris ngaganjar.”

19“Maraneh ulah numpuk-numpuk kakayaan dunyawiah sabab sok dihakan ngenget jeung ruksak ku taihiang atawa dibongkar, dipaling bangsat.

20Kudu ngumpulkeun teh, kakayaan pibekeleun maraneh di sawarga; nu moal aya ngenget, moal taihiangan, jeung moal aya nu ngabongkar.

21Sabab di mana ayana kakayaan maneh, nya di dinya nyantelna hate maneh.

22Panon teh damarna diri. Lamun panon bengras, awak sakujur ge milu caang.

23Tapi lamun panon maneh ruksak, sakujur awak oge kabawa poek. Jadi, lamun caang nu aya di jero diri maraneh leungit; nu geus poek teh, atuh beuki poek bae.

24Moal aya nu bisa ngawula ka dua dunungan. Tangtuna oge nu hiji dipikageuleuh, nu hiji deui dipikadeudeuh atawa satia ka nu sahiji, tambelar ka nu sejenna. Maraneh moal bisa ngawula ka Pangeran ongkoh ka Mamon (kakayaan) ongkoh.”

25“Kitu nu matak Kami ngingetan: Ulah rek salempang ku hirup, boh ku sandang, boh ku pangan. Kapan hirup teh leuwih utama batan dahareun sarta badan oge leuwih penting batan papakean.

26Tengetkeun geura manuk di awang-awang: Tara teuing tebar, tara teuing dibuat, jeung tara teuing boga simpenan pare di leuit, geuning ku Rama di Sawarga teu weleh dicukupan. Atuh komo maraneh mah, anu leuwih ti batan manuk.

27Cik, naha aya di antara maraneh nu bisa numbu umur, sanajan ngan sajeungkal ku lantaran ngarasa salempang?

28Jeung naha make salempang ku pakeeun? Tengetan kembang bakung di tegalan: Tara teuing baranggawe, tara teuing narinun.

29Terus terang bae, sanajan Raja Sulaeman anu kawentar kabeungharanana tea, ari kaendahan panganggona mah, moal ngabanding kana kaalusanana eta kembang.

30Jukut anu poe ieu ngemploh, isukna dibabad, tuluy diduruk; geuning, ku Pangeran didangdanan sakitu alusna; komo maraneh, piraku teuing ku Mantenna henteu disandangan! Naha maraneh teh nepi ka kurang percaya?

31Ku sabab eta, maraneh ulah salempang sarta humandeuar, ‘Ti mana meunang dahareun, ti mana meunang inumeun, kumaha make?’

32Anu karitu mah, lumrahna teh, disiar ku nu henteu palercaya ka Allah. Maraneh mah ulah sabab Rama nu di Sawarga langkung tingali kana sagala pangabutuh maraneh.

33Pentingkeun heula anu tumali jeung Karajaan Allah sarta kaadilanana nu sampurna; sabab sakabeh pangabutuh maraneh, ku Mantenna pasti dicukupan.

34Ku sabab eta, henteu kudu salempang ku poe isuk: Poe isuk mah ngabogaan pangabutuhna sorangan! Kasusah sapopoe oge geus cukup!”


  Share Facebook  |  Share Twitter

Download Audio MP3 (Matius 6):
Mobile (Low Quality) - CD (High Quality)

 <<  Matius 6 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel