Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA2]     [PL]  [PB] 
 <<  Wahyu 16 >> 

1Ti jero Bait Suci aya Nu ngagentra, handaruan; nimbalan ka malaikat anu tujuh tea: “Geura bral! Eusi tujuh pinggan bebendu Allah teh, tamplokkeun ka bumi!”

2Bral, nu kahiji, indit; eusi pingganna, ditamplokkeun ka bumi. Seug jelema-jelema anu marake cap sato jeung nyarembah ka arcana tea, awakna pinuh ku bisul, nya jahat, nya nyeri kabina-bina.

3Malaikat nu kadua, eusi pingganna, ditamplokkeun ka laut. Seug cai laut robah, badis getih jelema anu geus paeh. Tuluy mahluk-mahluk nu hirup di laut, kabeh, paraeh.

4Malaikat nu katilu, eusi pingganna, ditamplokkeun ka walungan-walungan jeung sumber-sumber cai. Bruy caina ngajadi getih.

5Malaikat anu nyangking cai, nyoara: “Nun Anu kalangkung nya suci! Gustining kiwari Gustining bihari! Hukum Gusti estu adil.

6Parantos sawajarna tukang-tukang ngocorkeun getih umat Allah sareng nabi-nabi teh, ku Gusti diinuman deui getih!”

7Tina mezbah oge bijil soara: “Saestuna, nun Allah Nu Murba Wisesa! Hukum Gusti adil tur sayakti!”

8Malaikat nu kaopat, eusi pingganna, ditamplokkeun kana panonpoe. Sebret panonpoe ngaluarkeun panas luar biasa pikeun ngagarang manusa.

9Seug jelema-jelema kagarang ku panonpoe, tuluy maranehna nyarumpahan ka Allah anu kagungan kawasa ngaragragkeun eta balai. Tapi manusa teh, teu aya euih-euihna: Ulah bon muji kana kaagungan Allah.

10Malaikat anu kalima, eusi pingganna, ditamplokkeun kana tahta sato tea. Reup, wilayah kakawasaanana ngajadi poek sarta jelema-jelema katarajang ku nyeri anu kabina-bina, nepi ka pating pereket ngegelan letah sorangan.

11Seug nyarumpahan ka Allah nu di sawarga lantaran aral ku kanyeri sarta awakna pinuh ku bisul tea: Tobat mah henteu!

12Malaikat nu kagenep, eusi pingganna, ditamplokkeun ka hiji walungan gede, nya eta Ci Eprat. Set, eta Ci Eprat, saat ngoletrak sarta jadi pijalaneun raja-raja ti tatar wetan.

13Seug tina sungut Naga, tina sungut sato, jeung tina sungut nabi palsuna aya tilu roh najis kaluar, bangunna jiga bangkong;

14eta teh roh-roh setan, anu nyarieun kaahengan-kaahengan. Terus ngulayab ka sakuliah dunya, ngadatangan raja-raja, arek dibawa sakait kana hiji perang dina poe anu agung, Poening Pangeran Nu Murba Wisesa.

15Mangka waspada! Kami datang mo kasangka-sangka, lir waktu datang bangsat. Untung sing saha nu nyaring terus; tur geus saged lengkep dangdanan, moal kaberedeg, kudu indit ditataranjang, jadi tongtonan batur.

16Roh-roh najis tea, ngerid raja-raja ka hiji tempat anu ngaranna dina basa Ibrani: Armagedon.

17Malaikat nu katujuh, eusi pingganna, ditamplokkeun ka awang-awang. Tina singgasana nu aya di Bait Suci, aya Anu ngagentra handaruan: “Geus laksana!”

18Der, kilat pating burinyay, guludug pating gulugur, jeung aya lini anu teu kira-kira gedena. Ti sabarang manusa dijadikeun, can aya lini anu sakitu gedena. Panghebat-hebatna lini!

19Nagara gede tea, nepi ka beulah tilu. Kabeh kota-kota anu teu baroga Allah, ancur lebur. Nagara Babul Raya teh, geus leungit tina emutan Allah. Nya harita, ku Mantenna digelekgek ku anggur bebendu-Na anu dibahekeun tina lumur wawales-Na.

20Pulo-pulo leungit musna; gunung-gunung, kabeh, sirna.

21Breg hujan es, — anu beuratna tiap-tiap keclak opat puluh kiloan — ngaburubut ti langit ninggangan ka manusa. Hujan es anu pohara ngabalaikeunana, nepi ka jelema-jelema teh nyarumpahan ka Allah.



Studi Alkitab dengan AI: Chat dengan Alkitab GPT.

Studi lengkap, silahkan lihat: Alkitab SABDA.
Dengar dan baca Alkitab Karaoke, silahkan kunjungi: Alkitab Karaoke.
Rencana Multimedia Baca Alkitab: BaDeNo.

Download Audio MP3 (Wahyu 16):
Mobile (Low Quality) - CD (High Quality)

 <<  Wahyu 16 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Keesaan
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Alkitab GPT
Bantuan
Dual Panel Dual Panel