Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA2]     [PL]  [PB] 
 <<  Wahyu 18 >> 

1Sanggeus eta, breh aya malaikat sejen, turun ti sawarga; ieu malaikat teh, gagah perkosa. Cahaya kamulyaanana, sumirat ka sajagat buana.

2Tuluy eta malaikat cumeluk handaruan: “Geus rugrug! Babul nu sohor teh geus rugrug! Geus jadi panonoban setan-setan, tempat nyilib roh-roh najis, tempat kumbuh manuk-manuk nu gareuleuh piijideun.

3Sabab geus nyekok bangsa-bangsa ku anggur kamasiatanana anu pohara ngaruksakna. Raja-raja di saalam dunya geus marilu lacur ka dinya. Napsuna nu taya kaseubeuhanana geus ngabeungharkeun ka parasudagar!”

4Geus kitu, aya deui sora sejen anu datangna ti sawarga: “He umat Kami, geura kaluar ti dinya, ulah kabaud kana dosana, bisi kabawa cilaka.

5Sabab dosana geus sundul ka sawarga, kajahatanana hamo diantep ku Allah.

6Geura bales sakumaha kalakuanana ka maraneh. Bales dua kalieun. Eusian lumurna ku anggur anu kerasna dua kalieun ti anggur anu ku eta arek dicekokkeun ka maraneh.

7Siksa sarta nalangsakeun, satimpal jeung kamulyaan kasenanganana tadina. Sabab ceuk pangrasana: ‘Tenjo ieu aing ratu! Aing lain randa. Aing moal pernah nyaho disusah!’

8Ku sabab eta, balaina geus nuturkeun, wawalesna rek disapoekeun, diragragan panyakit, kalaraan jeung kalaparan. Dirina ge bakal diduruk, dihakan seuneu; nandakeun yen Pangeran, Allah, — anu mutus perkarana — Mahaperkosa!”

9Raja-raja sabuana, anu geus kapincut ku dayaning napsuna eta awewe nepi ka lacur jeung manehna, baris midangdam aluk-alukan, nyeungceurikan kota anu eukeur ngabulak-bulak ku seuneu, haseupna pating peledug.

10Maranehna narenjokeun ti kaanggangan sabab gimir ku eta balai. Aromongna: “Nya pohara! Babul nu sohor nu tohaga! Ngan ukur sajam, andika tumpes sapisan!”

11Parasudagar sadunya kabeh marilu ngaheruk, lantaran moal bisa dagang deui jeung manehna.

12Barang-barang dagangan nu aya di dinya geus hamo aya nu meuli deui: emas, perak, inten, mutiara, lawon lenen, lawon wungu, sutra, sakelat, barang-barang tina kai, tina gading, tina kayu kelas satu, tina parunggu, tina beusi, tina marmer,

13kayu manis, bungbu-bungbu, seuseungitan, menyan, emur, anggur, minyak, tipung, gandum, sapi, domba, kuda, kareta, budak-budak beulian, malah nyawa manusa pisan.

14Ceuk eta parasudagar: “Barang-barang kahasilan anu dipicangcam ku anjeun, ayeuna kabeh geus musna. Nu aralus nu arendah sarta sakitu lobana, ayeuna kabeh geus sirna, hamo kapimilik deui!”

15Ari sudagar-sudagar anu geus baleunghar ku bati dagang jeung eta kota, ukur nareuteup ti kajauhan; lantaran gimir ku balai, nu nyorang ka eta kota.

16Aromongna deui: “Nya pohara! Cilaka kabina-bina eta kota anu sakitu gedena! Urut midang saban poe ku pakean nu harade, tina lenen, lawon wungu reujeung sakelat, jeung reuceum ku perhiasan emas inten jeung mutiara!

17Kakayaan sakitu lobana ayeuna di jero sajam ledis beresih pisan!” Nangkoda-nangkoda, pagawe-pagawe kapal, kalasi-kalasi, kitu deui anu pakasabanana di laut,

18tingkoceak ti kajauhan barang narenjo eta kota keur ngagegedur kahuruan, haseupna mulek ka awang-awang. Aromongna: “Eta kota euweuh nu mapakan!”

19Seug maranehna ngawurkeun lebu kana sirah bari micangcam: “Lebar temen ku eta kota! Nasibna matak ginggiapeun! Urut sakitu ngabeungharkeunana ka parajuragan kapal ku barang-barangna anu aralus, ayeuna geus tumpes di jero sajam!”

20He sawarga, kitu deui umat Allah, rasul-rasul jeung paranabi! Masing barungah! Tukang nyiksa aranjeun, ayeuna ku Allah enggeus dihukum!

21Ti dinya, hiji malaikat ngangkat batu gede naker, sagede batu panggilingan; tuluy eta batu, ku malaikat teh dibalangkeun ka laut, bari cumeluk: “Kieu petana maneh, Babul Raya, baris dibalangkeun, moal katenjo-tenjo deui ku manusa.

22Sora kacapi, sora kawih, sora suling jeung tarompet, di maneh geus hamo kadenge deui. Geus moal aya deui pagawe, moal aya deui sora panggilingan!

23Moal nenjo-nenjo deui sinar lampu. Moal kadenge deui gerendengna panganten anyar. Sudagar-sudagar maneh anu pangjegud-jegudna di sakuliah bumi, kitu deui rayat maneh sagemblengna, ku maneh enggeus disihir nepi ka salalasar!”

24Eta kota teh geus ngajagal nabi-nabi, paraumat Allah, jeung parasahid lianna.


  Share Facebook  |  Share Twitter

Download Audio MP3 (Wahyu 18):
Mobile (Low Quality) - CD (High Quality)

 <<  Wahyu 18 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel