Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA2]     [PL]  [PB] 
 <<  Wahyu 22 >> 

1Geus kitu, malaikat teh nuduhkeun walungan kahirupan, anu matak hirup hurip; caina ngenclong ngagenclang, lir kaca kristal; sirahna, tina singgasana Allah jeung tina singgasana Anak Domba;

2Ngocorna, ngaliwatan tengah-tengah kota; di sisina, kenca katuhu, aya tangkal; eta teh tangkal kahirupan, anu buahanana saban bulan, nya eta sataun dua belas kali; daunna, bisa mere kacageran.

3Di eta kota, geus moal aya deui anu kudu meunang la'nat ti Allah. Warga-wargana ngabaraktina ka Mantenna,

4bisa ningal ka Mantenna sarta dina tarang masing-masing aya jenengan Allah.

5Di dinya, geus taya peuting; teu perlu lampu atawa panonpoe; sabab geus caang ku kamulyaan Pangeran, Allah nu disembah ku urang. Kabeh wargana ngalalatur, — saperti raja-raja — pikeun salalanggengna.

6Saur malaikat tea ka simkuring: “Ieu dawuhan teh saestuna pisan, layak dipercaya. Pangeran, — Allah anu maparin nyawa hirup ka nabi-nabi — ngutus malaikat-malaikat-Na pikeun ngumumkeun ka abdi-abdi-Na, nya eta sakur anu baris kajadian sakeudeung deui.”

7Mangka waspada! Kami tereh datang. Bagja pikeun jelema anu percaya kana nubuwat-nubuwat anu ditulis dina ieu Kitab! Kitu dawuhan Isa.

8Eta kabeh, kadenge jeung katingal ku simkuring. Tutas ngadenge jeung ningal eta sakabeh; brek, simkuring sideku ka eta malaikat, seja nyembah ka anjeunna.

9Tapi saurna, “Ulah kitu! Kaula oge sarua ngabdi, sasama andika sarta sasamana nabi-nabi, nya eta sakur anu iman kana eusi ieu Kitab. Ngan Allah anu wajib disembah!”

10Saurna deui, “Nubuwatan-nubuwatan dina ieu Kitab, ulah dirasiahkeun sabab kabeh oge, geus meh kajadian.

11Sing saha nu lampahna jahat, mangka tetep dina jahatna; nu kotor mangka tetep kotorna; sing saha nu hade, mangka tetep hadena; nu suci mangka tetep sucina.”

12“Sing waspada! Kami tereh datang, mawa ganjaran pikeun sakabeh, satimpal jeung lampah masing-masing.

13Kami teh Alif jeung Ya: Nu Awal jeung Nu Ahir!” Kitu dawuhan Isa.

14Bagja pikeun jelema anu pamakena rapih beresih; manehna boga hak ngadahar buah tangkal kahirupan jeung meunang asup ka eta kota liwat lawang-lawangna.

15Sabalikna, anjing-anjing jarian: Tukang-tukang sihir, tukang rucah, tukang maehan, tukang nyembah brahala, tukang wadul omong jeung lampah, harirupna, di luareun eta kota.

16“Kami Isa, geus ngutus malaikat Kami ka maneh, nya eta pikeun ngembarkeun ieu perkara di jamaah Kami. Kami sirung turunan Daud; Kami, Bentang Timur nu moncorong.”

17Ruh jeung panganten istri tea unjukan: “Nun sumangga, geura rawuh!” Kitu deui sakur anu ngadenge ieu hal, kudu ngucap: “Sumangga, rawuh!” Saha bae nu halabhab, ka darieu. Sakur anu harayang nginum, pek geura ngarinum cikahuripan.

18Simkuring, Yahya, seja ngomat-ngomatan pisan ka sing saha bae anu ngadenge nubuwatan tina ieu Kitab: Ulah rek nambahan unina ieu Kitab; sabab tangtu ku Allah ditambah hukumanana, ku balai-balai anu ditulis di jerona.

19Sabalikna deui, sing saha anu ngurangan uni ieu Kitab, ku Allah baris dicabut hakna; manehna moal dibere bagian tina tangkal kahirupan jeung teu meunang asup ka Kota Suci.

20Anjeunna, Anu nyingkabkeun ieu sakabeh, ngadawuh: “Saestuna pisan. Kami tereh datang!” Leres pisan satimbalan. Sumangga rawuh nun Gusti!

21Mugi-mugi sih kurnia Isa, Gusti Jungjunan urang, ginuluran ka dulur-dulur. Amin!


  Share Facebook  |  Share Twitter

Download Audio MP3 (Wahyu 22):
Mobile (Low Quality) - CD (High Quality)

 <<  Wahyu 22 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel