Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Imamat 15 >> 

1PANGERAN ngandikakeun ieu papakon ka Musa jeung Harun,

2pikeun urang Israil. Lalaki anu boga kasakit bengang, bengangna teh najis,

3boh nanahna ngaley boh meteng.

4Enggon anu dikedengan ku nu bengang, najis.

5Anu antel kana urut ngedengna,

6atawa diuk dina urut diukna, kudu nyeuseuh pakeanana terus mandi, tapi najisna mah nepi ka burit.

7Anu antel ka jelema anu bengang kudu nyeuseuh pakeanana terus mandi, tapi najisna mah terus nepi ka burit.

8Jelema anu beresih mun kaciduhan ku nu bengang kudu nyeuseuh pakeanana terus mandi, tapi najisna mah nepi ka burit.

9Sela atawa naon bae anu didiukan ku nu bengang, najis.

10Anu antel kana naon bae anu tas kadiukan ku nu bengang najis nepi ka burit. Anu mawa barang urut diuk anu bengang, kudu nyeuseuh pakeanana terus mandi, tapi najisna mah nepi ka burit.

11Lamun anu bengang nyabak batur henteu ngumbah leungeun heula, nu dicabakna kudu nyeuseuh pakeanana terus mandi, tapi najisna mah nepi ka burit.

12Parabot tina taneuh anu kacabak ku nu bengang kudu terus dipeupeuskeun, upama parabot tina kayu kudu dikumbah.

13Upama nu bengang tea cageur, ti saentas cageurna kudu nunggu tujuh poe. Tuluy kudu nyeuseuh pakeanana jeung mandi di cinyusu, geus kitu jadi beresih.

14Dina poe kadalapanna kudu mawa dua manuk japati atawa tikukur ka lawang Kemah Tepangan PANGERAN, serenkeun ka imam.

15Manukna ku imam kudu dipeuncit, hiji keur kurban pamupus dosa hiji keur kurban beuleuman. Jadi eta jelema ku imam dipangurbankeun pikeun ngesahkeun kaberesihanana.

16Lalaki tas kaluar cikama kudu mandi ngaguyur awakna, tapi najisna mah nepi ka burit.

17Barang-barang tina lawon atawa kulit anu kacakclakan cikama kudu dikumbah, najisna nepi ka burit.

18Lalaki jeung awewe anu tas sapatemon kudu mandi sarta najisna nepi ka burit.

19Awewe anu tas haid sajero tujuh poe tetep kotor. Anu antel ka eta awewe kabawa kotor nepi ka burit.

20Naon bae anu didiukan atawa dikedengan ku awewe keur haid kabawa kotor.

21(15:21-23) Anu antel kana enggon hees atawa kana naon bae anu kadiukan ku awewe anu haid, kudu nyeuseuh pakeanana terus mandi, tapi najisna mah nepi ka burit.

22(15:21)

23(15:21)

24Lalaki anu sapatemon jeung awewe keur haid, katepaan kotor tujuh poe lilana. Enggon heesna oge kabawa kotor.

25Awewe anu ngagetih lain mangsa, atawa ngagetih liwat ti waktu haidna, salila ngagetihna can eureun kaayaanana sarua jeung haid, najis.

26Enggon heesna, kitu deui sagala rupa anu didiukan ku manehna salila dina kaayaan kitu, najis.

27Anu antel kana awakna kudu nyeuseuh pakeanana terus mandi, tapi najisna mah nepi ka burit.

28Sanggeus ngagetihna eureun, eta awewe kudu nunggu tujuh poe deui, geus kitu kakara dirina beresih deui.

29Dina kadalapan poena kudu ka imam di lawang Kemah Tepangan PANGERAN, mawa dua manuk japati atawa tikukur.

30Manukna ku imam kudu dipeuncit, hiji keur kurban pamupus dosa, hiji keur kurban beuleuman. Ku jalan kitu imam teh ngajalankeun upacara nyucikeun eta awewe.

31Timbalan PANGERAN ka Musa, urang Israil kudu kacida dipeupeujeuhanana perkara kateuberesihanana, ulah nepi ka jadi matak nganajiskeun ka Kemah Tepangan anu aya di tengah-tengah pasanggrahanana, bisi maranehna paraeh.

32Kitu papakon pikeun lalaki anu boga kasakit bengang atawa kaluar cikama,

33pikeun awewe sapanjang keur haid, pikeun lalaki anu nyorang awewe nu keur haid.



 <<  Imamat 15 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel