Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  1 Tawarikh 20 >> 

1Dina hiji mangsa waktu ganti taun, usum raja-raja budal perang, Yoab nyandak balad ngarurug ka tanah Amon. Raja Daud henteu ngiring, aya di Yerusalem. Kota Raba geus dikepung tuluy ditarajang diruksakkeun.

2Arca batara Molek aallahan urang Amon anu make makuta emas beuratna aya kana tilu puluh opat kilona jeung make permata, permatana ku Daud dicandak, tuluy dipasangkeun kana makutana ku anjeun. Daud nyandak jarahan kacida lobana ti eta kota.

3Jalma-jalmana ku anjeunna dipaksa digarawekeun, parabotna ragaji, pacul jeung kampak. Urang Amon di kota-kota sejenna oge dipaksa digarawekeun saperti kitu. Sanggeus kitu Daud sabaladna mulih ka Yerusalem.

4Geus kitu aya perang deui jeung urang Pelisti di Geser. Harita Sibkai urang Husa maehan hiji raksasa ngaran Sipai, sarta urang Pelisti perangna eleh.

5Waktu aya perang deui jeung urang Pelisti, Elhanan bin Yair maehan Lahmi, raksasa dulurna Goliat urang Gat tea, anu kandel bahu tumbakna sarua jeung pihanean.

6Aya deui perang di Gat. Di dinya aya hiji raksasa turunan raksasa baheula, ramo leungeun jeung ramo sukuna genep-genep.

7Eta raksasa kacida nyapirakeunana ka urang Israil. Seug dipaehan ku Yonatan bin Syama rakana Daud.

8Eta tilu raksasa anu dipaehan ku Daud jeung abdi-abdina, kabeh turunan raksasa-raksasa Gat.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  1 Tawarikh 20 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel