Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Amsal 26 >> 

1Muji jelema gejul mah teu merenah, ibarat salju dina musim panas, lir hujan dina musim panen.

2Panyapa nu salah larap moal teurak, ibarat manuk galabar-geleber teu manggih keur eunteup.

3Kuda nurutna ku pecut, kalde ku kadali, ari nu gejul ku pepentung.

4Nu ngajawab pananya anu mahiwal sarua mahiwalna jeung nu nanyana.

5Pananya anu mahiwal, jawab ku nu mahiwal deui. Ku nu nanyana bakal karasaeun yen geuning dirina teh henteu pinter sakumaha panyangkana.

6Mihapekeun beja ka nu gejul, sarua jeung neukteuk suku sorangan, nu repot sorangan keneh.

7Saperti nu lumpuh ngagunakeun sukuna, nya kitu keneh lamun nu gejul ngucapkeun siloka.

8Mere hormat ka nu gejul, sarua bae jeung nalikeun batu kana bandring.

9Mun anu burung nyutat ucapan nu munel, moal beda ti nu mabok rek nyabut cucuk tina leungeunna.

10Ngahiras gawe ka jelema gejul anu kabeneran ngaliwat, kalah matak pusing sarerea.

11Anu gejul sok mindoan kagejulanana, cara anjing malikan utahna.

12Leuheung keneh jelema nu pangbodona, ti batan jelema anu ngarasa pinter padahal henteu.

13Naon sababna anu kedul resep ngahekok di imah? Naha aya kasieunna, sugan sieuneun kerud?

14Jelema kedul karesepna galaha-gelehe di enggon, cara panto galar-gilir dina engselna.

15Aya jelema anu ku kedul-kedulna, nepi ka hoream ngahuap cape.

16Jelema kedul sok boga angkeuh leuwih pinter batan tujuh jelema anu bisa ngabela pamanggihna.

17Jalma anu sok pipilueun kana pacengkadan nu lain urusan sorangan, ibarat ngajambret ceuli anjing anu pareng liwat.

18Jeg nu edan ngamang-ngamang gobang,

19nya kitu jelema anu ngalejokeun bari majarkeun teh ngan pangangguran.

20Seuneu lamun henteu disuluhan mah pareum. Pasea lamun henteu disundutan mah eureun.

21Ruhak lamun diarengan ruhay, seuneu lamun disuluhan ngagedur, pasea lamun dihucuhkeun beuki rongkah.

22Aya ku genah ari ngadengekeun upatan! Mun kongang mah mani hayang nyamualkeun.

23Ngaku sono ukur biwir padahal hatena henteu, teu beda ti pariuk taneuh dipulas herang.

24Aya jalma anu pura-pura muji, padahal hatena mikageuleuh.

25Kade tong dipercaya najan pamujina genah ge, da hatena mah ngentab-ngentab ku kangewa.

26Bisa pisan nyumputkeun kangewana teh, tapi kagorenganana moal teu kapanggih.

27Anu julig ka batur tangtu cilaka ku kajuliganana sorangan, cara anu ngali gawir tangtu kaurugan.

28Ngabohongan batur sarua jeung mikangewa. Omongan jalma dengki temahna ngan nyilakakeun.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Amsal 26 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel