Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Amsal 3 >> 

1Anaking, ulah poho ka papatah Bapa. Nu ku Bapa diucapkeun, omat ku hidep ingetkeun.

2Sabab eta teh matak hade untung sarta panjang umur.

3Ulah tinggal ti satia jeung satuhu, kongkorongkeun eta teh dina beuheung, tulis dina sanubari.

4Lamun kitu tangtu ku Allah dimanah, ku jalma dipikaresep.

5Kudu temen ngandel ka PANGERAN. Ulah sok ngandelkeun kanyaho sorangan.

6Dina sagala laku lampah masing inget ka PANGERAN, tangtu Mantenna nuduhkeun jalan nu lempeng.

7Poma ulah boga angkeuh pinter sorangan, anggur masing sieun ku PANGERAN, nyingkah tina lampah salah.

8Lamun kitu, eta teh ibarat ubar, kana raheut matak cageur, tur kanyeri oge nyingkir.

9Masing hormat ka PANGERAN ku ngabaktikeun sagala rupa hasil bumi lahan hidep anu panghadena.

10Engke leuit hidep buncir, cianggur ceuyah, ngaleuya mo kawadahan.

11Anaking, ulah nampik lamun ku PANGERAN dipeperih. Tarimakeun ulah sungkan, eta teh pepeling.

12Mana dipeperih ge tandaning hidep dipiasih, lir bapa meperih anak anu dipikanyaah.

13Bagja jalma anu meunang hikmah, anu meunang pangarti.

14Sabab eta leuwih untung batan boga perak, pangajina leuwih ti batan emas.

15Hikmah leuwih hargana ti batan permata, sagala rupa anu dipikahayang ku hidep moal bisa nyaruaan eta.

16Hikmah nungtun kana panjang umur, parek rejeki tur mulya harkat.

17Hikmah matak nyenangkeun, hirup ngahenang-ngahening.

18Nya bagja anu boga hikmah, hirup teh jadi milikna.

19PANGERAN ngadegkeun bumi ku hikmah-Na. Ngadegkeun langit ku pangartos-Na.

20Ku hikmah Mantenna, cur-cor walungan ngalocor, Mantenna ngayakeun mendung sangkan bumi meunang hujan.

21Anaking, cekel sing pageuh hikmah, jeung akal budi, ulah dilesotkeun.

22Eta nu baris ngalantarankeun hidep bagja jeung jamuga.

23Bakal tengtrem urang nya leumpang, moal kungsi titajong-tajong acan.

24Sare-sare jongjon da euweuh kakeueung, tibra nepi ka isuk.

25Moal sieun kagerebeg ku bahla nu datangna jeg angin topan, moal cara nu sok kaalaman ku nu jarahat.

26Sabab hidep dijaring ku PANGERAN, diraksa sangkan ulah keuna jiret.

27Iraha bae ge kudu nulung ka nu butuh, sabisa-bisa.

28Lamun tatangga menta tulung ulah ditembalan, "Isukan bae." Bisa harita mah harita keneh tulungan.

29Ulah sok ngarancang kajahatan ka sasama, kapan manehna teh hirup bareng-bareng jeung urang sarta percaya ka urang.

30Ulah cekcok taya sabab jeung jelema anu henteu nyieun kua-kieu ka hidep.

31Ulah sirik ka nu telenges, jeung ulah hayang nurutan.

32Sabab nu adatna jahat teh kagiruk PANGERAN. Sabalikna jalma anu satuhu mah jadi kapercayaan Mantenna.

33Jalma jahat, rumah tanggana ku PANGERAN diterapan panyapa. Rumah tangga jalma satuhu mah diberkahan.

34Mantenna henteu butuh ku nu adigung. Ari nu rendah ati mah ku Mantenna baris dipiasih.

35Jalma bijaksana ngaranna bakal seungit. Jalma bodo bakal tambah-tambah hina.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Amsal 3 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel