Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Bilangan 30 >> 

1Musa ngumumkeun ieu parentah-parentah pikeun para kapala kaom-kaom Israil:

2Upama aya anu kaluar nadar seja barang sanggakeun ka PANGERAN, atawa sumpah turun pacaduan, sagala anu diikrarkeunana teu meunang dicabut deui, kudu ditekanan.

3Budak parawan anu cicing di bapana keneh, lamun nyieun panadaran seja barang sanggakeun ka PANGERAN, atawa sumpah turun pacaduan,

4sagala anu diikrarkeun dina panadaranana kitu deui sumpah pacaduanana kudu ditekanan, kajaba lamun bapana ngadengeeun seug henteu panujueun.

5Lamun bapana sanggeus nyahoeun seug henteu nyatujuan kana panadaranana, eta panadaranana henteu kudu ditekanan, sarta ku PANGERAN ge baris dihampura lantaran bapana henteu satuju.

6Awewe anu keur tacan kawinna ngucapkeun panadaran, boh niat enya-enya boh sambarangan kitu bae, atawa sumpah turun pacaduan, geus kitu heug kawin,

7sagala anu diikrarkeun dina panadaranana kitu deui sumpah pacaduanana kudu ditekanan, kajaba lamun salakina sanggeus ngadenge hal eta henteu satujueun.

8Lamun salakina sanggeus ngadenge hal eta henteu satujueun, henteu kudu, ditekanan, sarta ku PANGERAN ge baris dihampura.

9Randa atawa awewe anu geus ditalak, sagala anu diikrarkeun dina panadaranana atawa sumpah pacaduanana kudu ditekanan.

10Awewe anu boga salaki seug boga panadaran atawa sumpah turun pacaduan,

11kudu nekanan sagala anu diikrarkeun dina panadaranana atawa sumpah pacaduanana, kajaba lamun salakina sanggeus nyahoeun hal eta henteu nyatujuan.

12Lamun salakina sanggeus nyahoeun seug henteu nyatujuan kana panadaranana, henteu kudu ditedunan. Ku PANGERAN ge bakal dihampura, lantaran dicegah ku salakina.

13Salakina boga hak neguhkeun atawa ngabatalkeun panadaranana atawa sumpah pacaduanana.

14Tapi upama sanggeus ngadengeeun panadaranana henteu terus ngalarang naon-naon, eta panadaran atawa sumpah pacaduanana teh kudu ditedunan. Upama salakina dina poean ngadenge eta panadaran teh henteu terus ngalarang, eta sarua jeung nguatkeun panadaran pamajikanana.

15Tapi upama saterusna salakina teh ngabatalkeun panadaran pamajikanana, balukarna baris keuna ka salakina, lantaran geus ngabatalkeun eta panadaran.

16Kitu pikukuh ti PANGERAN anu diandikakeun ka Musa ngeunaan panadaran-panadaran anu diucapkeun ku awewe anu can boga salaki anu cicing di bapana keneh, kitu deui pikeun awewe anu geus boga salaki.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Bilangan 30 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel