Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Ezra 5 >> 

1Mangsa eta aya dua nabi, Hagai jeung Jakaria bin Ido. Kalayan pajenengan Allah Israil, aranjeunna mimiti ngageuing ka urang Yahudi anu di Yuda jeung di Yerusalem.

2Sanggeus panggeuingna kadangu ku Serubabel bin Sealtiel jeung ku Yosua bin Yosadak, prak bae aranjeunna mimiti deui ngagarap Bait Allah di Yerusalem, dibantu ku dua nabi tea.

3Meh bareng harita keneh, Gupernur Tatenai ti Eprat Kulon, Setar Bosnai katut para gegeden kancana, sarumping ka Yerusalem, mariksakeun, "Saha nu ngidinan ngadegkeun deui ieu Bait Allah sakieu lengkepna?"

4Saterusna aranjeunna mariksakeun ngaran-ngaran anu marilu migawe eta Bait Allah.

5Tapi Allah merhatoskeun sarta nangtayungan ka eta para pamingpin urang Yahudi, nepi ka eta para pajabat Persia teh mutus moal waka kua-kieu, rek ngirim surat heula ka Raja Darius sarta ngadago waleranana.

6Eusi seratna kieu:

7"Kaunjuk hing pangersa Raja Darius. Mugi Kangjeng Raja wilujeng.

8Unjuk uninga ka Kangjeng Raja, nalika abdi-abdi mariksa ka propinsi Yuda, eta Bait Allah kanggo Allah Nu Maha Agung tea nuju diawitan dipidamel deui. Tembokna tina geblegan-geblegan batu arageung sareng balok-balok kai, dipidamelna kalayan suhud, taliti ati-ati tur lulus-mulus.

9Pamingpinna dipariksa, saha anu ngidinan eta Bait Allah diwangun deui tur sakitu lengkepna.

10Ngaran-ngaran pamingpinna anu ngaluluguan eta padamelan oge dipariksa, supados kauninga ku Kangjeng Raja.

11Dupi wangsulanana kieu, ‘Sim kuring teh abdi-abdi Allah anu ngadamel langit sareng bumi. Ieu anu nuju diadegkeun deui teh Bait Allah anu kapungkur kantos aya di dieu, lengkep sapuratina, kenging ngadegkeun hiji raja Israil anu kawasa.

12Nanging karuhun sim kuring aya kalepatan ka Allah sakumna langit dugi ka dibenduan, lajeng diselehkeun ka Raja Nebukadnesar ti Babul, raja turunan urang Kasdim. Bait Allah dibasmi, rahayat ditawan, diboyong ka Babul.

13Dupi dina taun kahiji saparantos Raja Kores ngarajaan di Babul, Sang Raja ngaluarkeun timbalan supados Bait Allah teh diadegkeun deui.

14Paparabotan Bait Allah tina emas sareng perak anu dijabel ku Raja Nebukadnesar sareng disimpen di kuil di Babul, ku Raja Kores diserenkeun deui ka Sesbasar, anu ku Sang Raja diangkat jadi gupernur Yuda.

15Raja nimbalan ka anjeunna, supados eta paparabotan teh diwangsulkeun ka Bait Allah di Yerusalem, sareng Bait Allah teh dipiwarang diadegkeun deui dina urutna kapungkur.

16Lajeng Sesbasar sumping masang pademenna. Rarangkana parantos diawitan ti harita dugi ka ayeuna, nanging teu acan rengse keneh.’

17Mugi Kangjeng Raja kersa marios serat-serat karajaan, kangge milari buktos, yaktos henteuna Raja Kores nimbalan ngadegkeun deui eta Bait Allah di Yerusalem. Salajengna abdi-abdi ngantos timbalan kumaha putusan Kangjeng Raja tina ieu perkawis."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Ezra 5 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel