Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mazmur 23 >> 

1Jabur Daud. PANGERAN teh Gusti pangangon abdi, abdi moal kakirangan.

2Abdi diaubkeun di sampalan hejo ngemploh, dicandak ka cai anu seger tur leuleuy.

3Ku Mantenna dijagjagkeun deui, dipingpin nyorang jalan nu bener, saluyu sareng jangji-Na.

4Najan nyorang nu poek ngajumbleng, abdi teu kedah sieun, nun PANGERAN, reh Gusti nyarengan! Gada sareng teteken Gusti ngaping ka abdi.

5Gusti nyayagikeun idangan keur abdi, di hareupeun panon musuh-musuh; abdi ku Gusti dipapag lir tamu kaajen, dipaparin inuman sedep, gelasna mani leber.

6Abdi ngaraos kasaean sareng kanyaah Gusti. Gusti nyarengan ka abdi saumur-umur, sarta gedong Gusti bakal jadi pamatuhan abdi saumur hirup.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Mazmur 23 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel