Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Ulangan 1 >> 

1Ieu kitab muat pitutur Musa ka urang Israil di tanah gurun di Lebak Yordan. Eta tempat ayana di wetaneun Walungan Yordan, deukeut Sup, antara Paran ti beulah ditu, jeung Topel, Laban, Haserot, jeung Disahab beulah dieu.

2(Ti Gunung Sinai nepi ka Kades Barnea, make jalan liwat wewengkon Pagunungan Edom, jauhna lalakon sabelas poe.)

3Dina taun ka opat puluh budalna urang Israil ti Mesir, tanggal hiji bulan sawelas, Musa nyaurkeun sagala timbalan PANGERAN anu ku Mantenna dipiwarang ditepikeun ka maranehna.

4Disaurkeunana sanggeusna PANGERAN ngelehkeun Sihon raja urang Emor anu calik di Hesbon, jeung ngelehkeun Og raja urang Basan anu calik di Astarot jeung Edrei.

5Musa mimiti netelakeun hal hukum-hukum jeung parentah-parentah PANGERAN di wewengkon Moab, wetaneun Walungan Yordan. Kieu saurna,

6"Bareto di Gunung Sinai, PANGERAN Allah urang ngandika kieu: ‘Maraneh di ieu gunung geus kacida lilana.

7Geura bobongkar, geura parindah. Jugjug pagunungan urang Emor jeung tanah tatangga-tatanggana, Lebak Yordan, pagununganana, tanah-tanah handapna, pakidulanana, jeung basisir Laut Tengah. Datangan tanah Kanaan, Pagunungan Libanon, terus nepi ka cigede Walungan Eprat.

8Kami, PANGERAN, geus ikrar yen eta tanah rek dibikeun ka karuhun maraneh, Ibrahim, Ishak, jeung Yakub, terus turun-tumurun. Geura tareang, tuluy caricingan!’"

9Saur Musa ka umat, "Bapa bareto di Gunung Sinai geus nyebutkeun kawalahan ngurus maraneh ku sorangan bae teh.

10Maraneh, ku PANGERAN Allah maraneh geus dijadikeun sakieu lobana lir bentang-bentang di langit.

11Mugi ku PANGERAN, Allah karuhun maraneh sing dijadikeun sarebu kalieun ti ayeuna, jeung masing marukti sakumaha jangji Mantenna.

12Tapi naha bisa Bapa ngurus perkara maraneh ngan sorangan?

13Mana ceuk Bapa, Bapa pangmilihkeun ti saban kaom sawatara jalma anu bijaksana, berbudi jeung boga pangalaman, rek diangkat pikeun ngurus maraneh.

14Jawab maraneh, ‘Satuju, sae kitu.’

15Eta jalma-jalma anu palinter jeung loba pangalaman beunang maraneh milih teh ku Bapa ditarima, jaradi pangurus maraneh. Cangkinganana aya nu sarebu urang, saratus urang, lima puluh urang, sapuluh urang. Jeung di sakabeh kaom, Bapa teh ngangkat gegeden-gegeden.

16Carek Bapa harita ka maranehna, ‘Dengekeun masing taliti sagala perkara anu datang ti rahayat cangkingan maraneh. Uruskeun perkarana sing adil, boh perkara antara sasama bangsa, boh perkara jeung urang asing anu caricing di urang.

17Nyieun putusan kudu adil, nimbang-nimbangna ulah beurat sabeulah, ulah pilih bulu. Ulah serab ku sasaha, sabab putusan maraneh teh asal ti Allah. Perkara anu ku maraneh karasana beurat, teruskeun ka Bapa, Bapa anu baris mutusna.’

18Jeung harita, maraneh ku Bapa dituduhan sagala rupa pipetaeun."

19"Bring urang arindit ti Gunung Sinai, tumut timbalan PANGERAN Allah urang, ngambah gurun keusik anu nya lega nya matak sieun, make jalan pagunungan urang Emor. Sanggeus nepi ka Kades Barnea,

20(1:20-21) Bapa nyarita kieu, ‘Ayeuna maraneh geus nepi ka pagunungan urang Emor, anu bakal dipaparinkeun ka urang ku Gusti PANGERAN, Allah karuhun urang. Tuh itu. Pek datangan, eusian, tumut timbalan Mantenna. Ulah mangsar-mingsir, ulah sieun.’

21(1:20)

22Tapi ceuk maraneh ka Bapa, ‘Kedah aya anu diutus ka ditu ti heula, pikeun nalengteng kaayaan eta nagara, sareng anu engkena kedah nungtun urang ka ditu nganggo jalan anu pangamanna.’

23Ku sabab hal eta katimbang hade, Bapa milih dua welas jelema, saurang ti saban kaom.

24Bral maranehna arindit ka pagunungan nepi ka Lebak Eskol, nalengteng.

25Baralikna deui bari mawa bubuahan asal ti ditu, jeung mupulihkeun yen tanah anu ku Gusti PANGERAN rek dipaparinkeun ka urang teh lendo kabina-bina.

26Tapi maraneh anggur ngalawan kana timbalan PANGERAN Allah maraneh, arembung terus ka ditu.

27Jeung tinggelendeng pada batur, ‘Urang teh dipikageuleuh ku PANGERAN, dibawa ka dieu ti Mesir teh rek diserenkeun ka urang Emor, sina diparaehan.

28Rek naraon ka daritu? Sieun urang mah! Geuning ceuk anu tas ti daritu jelemana leuwih baredas leuwih jarangkung ti urang, caricingna jeroeun kuta anu luhurna nepi ka langit. Anu katarenjo ku anu tas ti daritu teh bangsa raksasa!’

29Ari ceuk Bapa, ‘Tong sarieun ku urang ditu.

30Maraneh bakal dituyun ku PANGERAN Allah maraneh, bakal dipangmerangankeun ku Mantenna, cara nu geus kaalaman ku maraneh di Mesir,

31jeung di gurun keusik. Ku maraneh kapan karasa petaning Mantenna nyandak maraneh sajajalan nepi ka dieu reujeung kasalametan, mani kawas bapa mangku anak.’

32Tapi maraneh ti batan ngagugu kana omongan Bapa anggur murugul, teu ngarandel ka PANGERAN,

33sangkilang geus bukti Mantenna salawasna sok angkat heulaeun maraneh milari tempat pikeun maraneh masanggrahan. Mantenna nuduhkeun jalan, angkat hareupeun maraneh, ti peuting dina tihang seuneu, ti beurang dina tihang mega."

34"Kadangueun ku PANGERAN yen maraneh gegelendeng, sarta ku bawaning bendu nepi ka nimbalan kieu,

35‘Maraneh anu harirup ayeuna, saurang ge moal aya anu piasupeun ka eta tanah anu lendo, anu ku Kami geus diikrarkeun rek dibikeun ka karuhun maraneh.

36Ngan Kaleb bin Yepune anu piasupeun ka ditu, lantaran tetep satuhu ka Kami. Eta tanah anu ku manehna geus didongdon, ku Kami rek dibikeun ka manehna jeung turunan-turunanana.’

37Ku lantaran maraneh kitu, Bapa oge nepi ka dibenduan ku PANGERAN, dawuhana-Na, ‘Maneh oge, Musa, hamo asup ka ditu.

38Yosua bin Nun pangbantu maneh, deudeul sumangetna, sabab manehna anu bakal nungtun urang Israil ngandih eta tanah.’

39Sanggeus kitu PANGERAN ngandika kieu ka urang, ‘Anak-anak maraneh, anu tacan nyaraho salah jeung bener dumeh barudak keneh pisan, anu ceuk maraneh bakal dicarerek ku urang ditu, malah nya maranehna anu bakal arasup ka ditu. Eta tanah teh jang maranehna, pikeun pamatuhanana.

40Sabalikna maraneh mah kudu baralik deui ka wewengkon gurun keusik, make jalan anu ka Teluk Akaba.’

41Tapi ceuk maraneh, ‘Bapa Musa, kuring tarima dosa ka PANGERAN. Ayeuna rek narajang ka ditu, rek tumut kana timbalan Gusti PANGERAN.’ Seug maraneh rurusuhan arek arindit narajang, naksir eta tempat bakal babari dirurugna.

42Tapi PANGERAN nimbalan ka Bapa, ‘Eta jelema-jelema halangan, ulah dibikeun ngarurug. Kami moal nyarengan, tangtu maranehna tumpes ku musuh.’

43Timbalana-Na ku Bapa ditepikeun, tapi maraneh henteu nurut, murugul ka Mantenna, keukeuh ngarurug ka eta wilayah pagunungan, nguntup.

44Urang Emor budal ti nagarana, merul kawas simeut, ngayonan maraneh. Maraneh diudag-udag nepi ka Hormah, ahirna eleh di wilayah pagunungan urang Emor.

45Maraneh tingjarerit marenta tulung ka PANGERAN, tapi teu didangu."

46"Ti dinya, sanggeus lila urang mukim di Kades Barnea,


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Ulangan 1 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel