Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yehezkiel 44 >> 

1Geus kitu kaula ku jelema tea dibawa ka lawang luar, ka gapura gedong sisi wetan. Eta gapura nutup.

2PANGERAN nimbalan ka kaula, "Ieu gapura kudu nutup sapapanjangna, teu meunang dibuka. Pacuan digunakeun ku manusa, sabab ieu gapura geus dipake liliwatan ku Kami, PANGERAN, Allahna Israil. Nu matak sapapanjangna kudu nutup.

3Parandene, ari raja mah meunang datang ka payuneun Kami baris dahar jamuan suci, asupna kudu ti lawang anu aya di tungtung rohangan gede, kaluarna oge kudu ti dinya."

4Ti dinya kaula ku eta jelema dibawa ka hareupeun Bait Allah, jalanna ti gapura beulah kaler. Ari breh, Bait Allah teh mani hibar ku cahaya kamulyaan PANGERAN. Bruk kaula nyuuh kana taneuh.

5PANGERAN ngandika ka kaula, "Eh anak manusa, tengetkeun saniskara anu bakal katenjo jeung kadenge ku maneh. Kami rek nerangkeun aturan jeung katangtuan ieu Bait Kami. Catet sajeroning ati, jalma kumaha anu meunang kaluar asup ka ieu Bait, sarta nu kumaha nu henteu meunang.

6Bejakeun ka urang Israil anu marantangul, yen Kami, PANGERAN Nu Maha Agung moal ngantep kalakuan maranehna anu sakitu pikagirukeunana.

7Maranehna geus ngotoran Bait Kami, ngidinan jalma-jalma bangsa asing anu teu disunat, anu ngestona lain ka Kami, sina arasup ka jero ieu Bait waktu Kami keur dihaturanan gajih jeung getih sato kurban. Umat Kami geus ngaruksak perjangjian Kami ku kalakuan-kalakuan anu pikagirukeun.

8Ti batan ngajaga kasucian Bait Kami, papancenna anggur diserenkeun ka jalma-jalma bangsa asing.

9Kami, PANGERAN Nu Maha Agung, ngalarang urang asing anu henteu disunat, anu ngestona lain ka Kami, najan hirupna geus reureujeungan jeung urang Israil oge teu meunang aya anu asup ka Bait Kami."

10PANGERAN nimbalan ka kaula, "Kami rek ngahukum urang Lewi, anu naringgalkeun Kami saperti urang Israil sejenna, sarta ngabarakti ka brahala.

11Tapi meunang keneh ngaladenan Kami di ieu Bait, nya eta ngajaga lawang-lawang jeung babantu di jero Bait. Meunang keneh meuncit sato-sato kurban pangbakti ti jalma rea pikeun kurban beuleuman jeung kurban peuncitan, pon kitu meunang keneh ngalaladenan jalma rea.

12Ngan ku sabab geus ngaluluguan urang Israil nyarembah ka brahala, ngagugulukeun jalma rea migawe dosa, Kami, PANGERAN Nu Maha Agung, sumpah baris ngahukum.

13Maranehna teu meunang marek ka Kami, teu meunang ngimaman, teu meunang deukeut ka barang-barang Kami anu suci, teu meunang asup ka Kamar Pangsucina. Kitu hukumanana tina kalakuanana anu pikagirukeun.

14Pagawean-pagawean di ieu Bait anu ku Kami diajangkeun keur maranehanana ngan bangsa pagawean kasar wungkul."

15PANGERAN Nu Maha Agung nimbalan, "Imam-imam ti kaom Lewi turunan Sadok, eta mah saratia kumawulana ka Kami di Bait Kami, teu naringgalkeun Kami saperti urang Israil sejenna. Nu matak ngan maranehna anu meunang ngawulaan Kami, meunang ngadeuheus ngahaturkeun gajih jeung getih kurban ka Kami.

16Ngan maranehna anu meunang asup ka jero Bait Kami, laladen dina altar Kami, jeung mingpin upacara ngabakti.

17Satiap rek arasup ka lawang buruan ieu Bait beulah jero, maranehna kudu marake pakean lawon bodas. Ngajalankeun papancen di buruan jero atawa di jero Bait Allah teu meunang make pakean tina wol,

18supaya teu kesangan. Dastar jeung calana oge kudu lawon linen, jeung teu meunang make sabuk.

19Sanggeusna, memeh nepungan jalma rea di buruan luar, eta papakean paragi digawe di jero Bait teh kudu dibuka heula, kudu disimpen di Kamar Suci, tuluy disalin ku pakean sejen, supaya kasucian pakean suci tea teu nepi ka ngabahlakeun ka jalma rea.

20Imam teu meunang ngagundulan sirah, tapi teu meunang miara buuk panjang. Buuk kudu digunting sing meujeuhna.

21Mun rek asup ka buruan jero teu meunang nginum anggur.

22Imam teu meunang kawin ka awewe popotongan batur, kawin teh kudu ka parawan bangsa Israil, atawa lamun ka randa kudu randa imam.

23Imam kudu ngawuruk ka umat Kami, ngajarkeun bedana nu suci jeung nu nista, nu haram jeung nu halal.

24Kudu ngabeberes jeung mutus perkara, sarta mutusna kudu nurutkeun hukum Kami. Maranehna kudu ngestokeun pesta-pesta kaagamaan nurutkeun aturan jeung papagon Kami, jeung kudu nyucikeun poe Sabat.

25Imam teu meunang nyabak mayit supaya teu jadi najis, kajaba lamun mayit kolotna, mayit anakna, mayit dulurna anu lalaki, atawa mayit dulurna anu awewe anu tacan kawin.

26Lamun tas kitu, ti sanggeus dirina beresih deui kudu nunggu heula tujuh poe,

27tuluy kudu ka buruan jero Bait, kudu nyanggakeun kurban pikeun nyucikeun dirina, sangkan meunang ngajalankeun deui kawajibanana di Bait Kami. Kitu timbalan Kami, PANGERAN Nu Maha Agung.

28Kaboga imam tina sagala rupa kurnia ti Kami ka urang Israil turun-tumurun, nya eta kaimamanana. Imam teu meunang boga tanah, sabab kaboga maranehna mah Kami pribadi.

29Dahareun maranehna nya eta kurban kadaharan, kurban panebus dosa, kurban panebus kasalahan jeung salian ti eta anu ku urang Israil dibaktikeun ka Kami.

30Hasil panen anu dipetik pangheulana jeung anu pangalusna, kitu deui sagala rupa anu dihaturkeun ka Kami, pikeun imam. Lamun jalma-jalma nyieun roti, roti anu asakna ti heula pikeun imam, sangkan rumah tangga jalma-jalma teh kacicingan ku berkah Kami.

31Imam teu meunang dahar daging manuk atawa sato anu paeh bangkar atawa paeh ku sato deui."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yehezkiel 44 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel