Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mazmur 98 >> 

1Jabur. Sanggakeun ka PANGERAN, pupujian anyar, Mantenna geus midamel hal-hal anu ajaib! Sarta ku sabab kawasa jeung digjaya, Mantenna unggul.

2PANGERAN ngumumkeun kaunggulana-Na. Kakawasaana-Na paranti nyalametkeun teh dibewarakeun ka bangsa-bangsa.

3Jangji Mantenna ka urang Israil estu teguh, lantaran satia jeung asih ka maranehna. Jalma-jalma di mana-mana kabeh narenjoeun unggulna Allah urang.

4Geura surak keur PANGERAN, he sakuliah jagat, mulyakeun Mantenna ku lagu jeung surak gumbira!

5Nyanyikeun pupujian ka PANGERAN, tabeuhan ku kacapi!

6Tiup tarompet jeung tarompet tanduk, gederkeun surak ka PANGERAN, raja urang.

7Laut katut sakabeh mahlukna, sing jumegur, bumi katut sapangeusina, geura maruji!

8He walungan-walungan, mangka kaleprok, he pasir-pasir, mangka nyaranyi reujeung suka di payuneun PANGERAN!

9Sabab Mantenna rawuh rek nyepeng ieu bumi. Mantenna baris marentah pangeusi ieu dunya, marentah kalawan adil jeung satemenna.



 <<  Mazmur 98 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel