Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  1 Samuel 16 >> 

1PANGERAN nimbalan ka Samuel, "Arek sabaraha lila deui maneh kanyenyerian ku Saul teh? Eta ku Kami geus dipiceun, geus lain raja Israil deui. Maneh ayeuna kudu ka Betlehem, minyak jetun bawa. Tepungan jelema anu ngaran Isai. Anakna aya anu rek dijieun raja ku Kami."

2Piunjuk Samuel, "Kumaha tiasana? Upami kadangueun ku Saul tangtos abdi dipaehan." Waler PANGERAN, "Kudu mawa anak sapi hiji, sebutkeun ka ditu teh arek ngurban ka PANGERAN.

3Ondang Isai kana eta kurban, engke maneh ku Kami dibejaan kudu kumaha. Mana-mana anu ku Kami dituduhkeun engke, ku maneh minyakan."

4Prak Samuel ngalampahkeun sapangandika PANGERAN, sarta geus sumping ka Betlehem. Para pamingpin di dinya kacida rareuwaseunana, tuluy daratang marunjungan, "Dupi sumping teh nyandak salamet, Bapa juru tingal?"

5Walerna, "Leres, Bapa ka dieu teh seja ngurban. Geura susuci, tuluy daratang kana kurban, urang ngariung jeung Bapa." Kitu deui Isai jeung anak-anakna dipiwarang susuci sarta diondang ngariung.

6Sanggeus daratang, ret Samuel ningali ka anak Isai anu ngaran Eliab; panggalihna, "Tangtu ieu, anu geus aya di payuneun PANGERAN anu ku Mantenna bakal dipilih teh."

7Tapi dawuhan PANGERAN, "Ulah nenjo kana dedegna, ulah ngareret kana kasepna. Eta mah teu kapake. Pamilih Kami teu sarua jeung pamilih jelema. Jalma mah nenjo luarna, Kami mah nilik eusina."

8Isai nyalukan deui anakna anu ngaran Aminadab. Jol eta datang ka Samuel. Saur Samuel, "Ieu oge teu kaanggo ku PANGERAN."

9Isai ngadeuheuskeun Syama. Tapi saur Samuel, "Ieu oge teu kamanah ku PANGERAN."

10Geus tujuh anak Isai anu dideuheuskeun ka Samuel, tapi saur Samuel, "Teu aya anu kamanah ku PANGERAN."

11Geus kitu Samuel mariksa, "Aya deui anu sejen?" Jawab Isai, "Aya, bungsuna, nuju ngangon domba." Saur Samuel, "Sina ka dieu. Samemeh eta datang moal waka prak ngariung."

12Ku Isai dititah diteang, tuluy dideuheuskeun. Breh teh budak ngora nya kasep nya cangker, panonna cekas cureuleuk. PANGERAN nimbalan ka Samuel, "Eta! Pek minyakan!"

13Samuel ngaluarkeun minyak jetun, Daud dilisahan kasaksian ku raka-rakana. Harita keneh Daud kasumpingan ku Roh PANGERAN, anu saterusna nyarengan salalawasna. Ti dinya Samuel mulih ka Ramah.

14Roh PANGERAN ti Saul geus undur, sarta Saul kaasupan hiji roh jahat ti PANGERAN anu sok nyiksa ka anjeunna.

15Mantri-mantrina arunjukan, "Sang raja teh kasiksa ku roh jahat ti Allah.

16Mugi nimbalan milarian jalmi anu tiasa ngacapi. Sawaktos-waktos Gusti kasurupan ku eta roh jahat, kedah dipapalerkeun ku sora kacapi, tangtos damang deui."

17Timbalan Saul, "Heug kami pangneangankeun anu pinter ngacapi, bawa ka dieu."

18Aya anu unjukan, "Hatur uninga, di Betlehem aya anu pinter ngacapi, pecilna Isai. Kawuwuh gede wawanen sareng kasep, perjurit sajati, perceka, sareng disarengan ku PANGERAN."

19Saul ngirim utusan diala ka Isai, pesenna, "Anak maneh anu ngaran Daud purah ngangon domba kirimkeun ka kami."

20Daud ku Isai dijurungkeun, dibahanan anak embe hiji, kalde hiji, dipuatan roti jeung anggur sawadah keur kikintun ka Saul.

21Daud datang ka Saul sarta terus kumawula. Ku Saul kacida diasihna, diangkat jadi tukang mawa pakarangna.

22Saul ngawartosan ka Isai, timbalanana, "Kami resep ka Daud. Idinan cicing di dieu sina ngawulaan kami."

23Ti harita, unggal roh jahat tea nyiksa ka Saul, ku Daud dipangacapikeun, eta roh jahat sok terus nyingkah sarta Saul jadi ngaraos tengtrem jeung cenghar deui.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  1 Samuel 16 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel