Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  1 Samuel 31 >> 

1Urang Pelisti geus narajang merangan urang Israil di Gunung Gilboa. Urang Israil kadeseh, loba pisan anu kasambut. Anu harirup keneh, kaasup Saul jeung putrana tiluan kalabur.

2Tapi terus bae dibeledig ku urang Pelisti, kaudag terus dibabad. Putra-putra Saul, Yonatan, Aminadab, jeung Malkisua, tiluanana parupus kasambut.

3Perang beuki campuh beuki ragot sakuriling Saul. Saul tatu parna pisan, keuna ku jamparing-jamparing musuh.

4Seug anjeunna nimbalan ka budak ngora tukang mawa pakarangna, "Cabut pedang maneh, tubleskeun ka kami, bisi urang Pelisti umat brahala teh aratoheun manten narenjo kaayaan kami tuluy ngarogahala." Tapi eta budak ngora teu wanieun, malah kacida sieuneunana. Ku sabab kitu Saul nyabut pedangna, bles nubleskeun anjeun kana eta pedang.

5Nenjo Saul pupus, bles deui budak ngora teh nubleskeun maneh kana pedang, maot paragat nuturkeun Saul.

6Jadi dina poe eta Saul, tilu putrana, jeung eta budak ngora jaradi mayit. Balad-balad Saul kabeh rarubuh.

7Urang Israil anu di beh ditueun Lebak Yisrel jeung di wetaneun Walungan Yordan, barang ngadarenge yen wadya balad Israil geus kalabur, tur Saul sapala putra enggeus parupus kasambut, tuluy kalabur naringgalkeun padumukanana. Geus kitu brul urang Pelisti daratang ka dinya, ngandih eta tempat.

8Poe isukna perang geus eureun. Urang Pelisti arindit ngarangsadan mayit-mayit. Beh maranggihan layon Saul sapala putra tingjaropak di Gunung Gilboa.

9Mastaka Saul diteukteuk, pakarangna dirangsadan, tuluy sina diider-ider ka sakuliah Pelisti, sina kanyahoan ku arca-arca sesembahanana, sina kagurnita ka rahayatna.

10Pakarang Saul disimpen di kuil Dewi Astoret, ari salirana dipatokkeun kana kuta kota Bet San.

11Kadarengeeun ku urang Yabes anu araya di Gilad yen layon Saul dikitukeun.

12Bral jalma-jalma anu garagah arindit ka Bet San. Layon Saul jeung layon putra-putrana diturunkeun tina tembok, dibarawa mulang ka Yabes, tuluy diduruk di dinya.

13Tulang-talengna dikumpulkeun seug dipendem di handapeun hiji tangkal di jero kota. Geus kitu urang dinya paruasa meunang tujuh poe.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  1 Samuel 31 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel