Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  2 Petrus 2 >> 

1Baheula umat Allah kadatangan nabi-nabi palsu. Ayeuna nya kitu keneh, aranjeun bakal kadatangan guru-guru palsu, ngasupkeun pangajaran anu teu bener sarta nyilakakeun. Maranehna bakal ngangles ka Guru anu nyalametkeun maranehna. Ku hal eta saenyana maranehna nyieun picilakaeun sorangan, anu bakal ujug-ujug narajang ka maranehna.

2Parandene kitu, loba anu bakal nurutan kalakuanana anu ingkar, nepi ka loba anu bakal ngagogoreng Jalan Bener, jalan ti Allah.

3Kajurung ku sipatna anu rakus, eta guru-guru palsu teh ngajarkeun carita-carita beunangna nganggit, ngarah piuntungeun. Tapi Hakim anu bakal ngahukum maranehna geus lila sadia. Anu bakal ngabasmina geus nunggu-nunggu.

4Allah henteu ngantep malaikat-malaikat anu baha, kabeh disuntrungkeun ka naraka, dirante di tempat nu poek, ngadago Poe Hukuman.

5Allah henteu ngantep dunya purba tempat manusa migawe kajahatan, dibasmi ku caah dunya; anu dirahayukeun ngan Enoh jeung tujuh urang deui, sabab Enoh sok ngelingan ka eta nu daroraka.

6Allah ngahukum nagri Sadumu jeung Gomora, eta nagri dibasmi ku seuneu, dijadikeun conto yen kitu pijadieunana anu jarahat mah.

7Allah ngarahayukeun Elut ti eta nagri, sabab Elut ibadah, ngerik ningali kadorakaan urang dinya.

8Anjeunna nu hade, cicing di eta nagri teh unggal-unggal poe manahna kasiksa ningali jeung ngadangu kalakuan jahat urang dinya.

9Tah kitu, Pangeran teh uninga ka jelema anu nurut ka Mantenna, anu kudu disalametkeun tina sagala gogoda; uninga ka jelema doraka, anu kudu dihukum jeung dikerem ngadago Poe Hukuman,

10hususna jelema-jelema anu ngalajur hawa napsu jeung nyela kana kakawasaan Allah. Ari guru-guru palsu tea kacida kumawanina jeung karumakina, nepi ka teu sieun-sieuneun lancang ngahina ka mahluk-mahluk mulya di sawarga.

11Cacakan para malaikat ge anu leuwih unggul jeung bedas ti batan maranehna, nyeuseulna ka eta mahluk-mahluk mulya teh henteu nganggo kecap anu ngahina di payuneun Pangeran.

12Eta guru-guru palsu teh teu beda ti sato galak, boroeun jeung paehaneun, lampahna kumaha ceuk nalurina, teu jeung pikiran, nepi ka wani nyela kana hal-hal anu tacan katepi ku uteukna. Maranehna tangtu ditumpes kawas sato-sato galak,

13bakal dibales sangsara lantaran geus nyieun pisangsaraeun batur. Karesepna nganteur napsu badani, kajeun ti beurang. Dina dahar ngariung hajat aranjeun, sakahayangna dianteur turug-turug sok ngalicikan, matak era jeung cela.

14Ari matana teu weleh ngulincer neangan awewe bangor, kana dosa teh resepna teu aya seubeuhna, jeung jadi tukang ngagendam ka nu lembek iman. Hatena sina tutur kana sarakah, jalma-jalma bangkawarah!

15Maranehna geus kasasar, naringgalkeun jalan anu bener saperti Balhum bin Beor baheula. Geuning Balhum nepi ka daek migawe nu matak dosa da kabita ku buruhan,

16anu matak eta nabi teh diseuseul. Kalde tutumpakanana ngadak-ngadak bisa ngomong cara jelema, mapalangan kana niat gelona.

17Eta guru-guru palsu teh kawas cinyusu nu geus saat, kawas mega anu katebak ku angin gede. Pitempateunana ku Allah geus ditangtukeun, nya eta di nu poek mongkleng.

18Mun pidato kalah ka agul, padahal eusina gejul. Kalakuanana anu aeb dipake mikat jelema-jelema anu kakara eungkeut-eungkeut leupas tina pangaruh jelema-jelema anu tabeatna jarahat.

19Maranehna ngajangjikeun kamerdekaan, padahal dirina sorangan jaradi budak hawa napsuna nu matak cilaka, sabab nu eleh mah kapan kudu ngawula ka anu ngelehkeunana.

20Lamun jelema geus leupas tina pangaruh perbawa dunya anu ngaruksak lantaran geus wanoh ka Gusti, Jurusalamet urang Yesus Kristus, heug kapuket deui ku eta nepi ka eleh, kaayaanana leuwih cilaka ti batan tadina.

21Jalma kitu mah mending oge teu nyaho pisan kana jalan nu bener ti Allah, ti batan nyaho tapi ingkar tina parentah suci anu diparentahkeun ku Allah.

22Jalma kitu ninggang kana paribasa, "Anjing malikan deui utahna, bagong geus dimandian guyang deui dina leutak."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  2 Petrus 2 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel