Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  2 Raja-raja 11 >> 

1Barang Atalya ibu Raja Ahasia uningaeun yen putrana ditelasan, terus bae marentah supaya sakabeh anggota kulawargi raja ditumpur. Seug ditumpur.

2Tapi aya saurang anu salamet, nya eta Yoas putra Ahasia. Eta oge meh beunang dipaehan, tapi kaburu disalametkeun ku Yoseba, bibina, putra Raja Yehoram, kapisaderek Ahasia, tuluy disumputkeun jeung pangasuhna di hiji kamar di jero Bait Allah, jadi henteu milu tiwas.

3Eta murangkalih disumputkeunana di Bait Allah meunang genep taun, dirawatan ku Yoseba; sajeroning kitu Atalya jadi ratu.

4Dina katujuh taunna, Imam Yoyada ngahaturanan opsir-opsir pangawal karajaan jeung pangawal karaton ka Bait Allah, diajak pasini, lantaran anjeunna kagungan rasiah. Sanggeus kabeh disumpah yen moal rek ucah-aceh, anjeunna nembongkeun Yoas putra Ahasia.

5Geus kitu anjeunna ngatur, saurna, "Engke dina giliran aranjeun ngajagi dina poe Sabat, sapertilu ngajagi di karaton,

6sapertilu ngajagi di Gapura Sur, sapertilu deui ngajagi di lawang pungkureun para tamtama sanesna.

7Anu dua bagian, anu henteu ngajaga dina poe Sabat kudu aya di Bait Allah nangtayungan raja.

8Mun Raja Yoas ka ditu ka dieu kudu ditangtayungan, pedang abarkeun. Sing saha anu ngadeukeutan, paehan."

9Parentah Yoyada ku opsir-opsir digumatikeun. Para prajuritna anu kagiliran jaga poe Sabat jeung anu keur henteu kagiliran jaga dikumpulkeun ka anjeunna.

10Opsir-opsir ku anjeunna dibagi tumbak titinggal Raja Daud anu disimpen di Bait Allah.

11Palataran Bait Allah sakurilingna dipiwarang dijaga ku anu maresat pedang, nangtayungan raja.

12Geus kitu Yoas ku Yoyada dicandak ka luar, rap dimakutaan, terus diselehan salinan palaturan martabat raja. Yoas geus dilisahan dijenengkeun raja. Jalma rea sarurak, "Wilujeng raja!"

13Surakna para pangawal jeung jalma rea kadangu ku Ratu Atalya. Anjeunna gesat-gesut angkat ka Bait Allah, ari sumping nyampak jalma sakitu lobana.

14Katingalieun raja anyar keur ngadeg dina parantina deukeut tihang lawang asup ka rohangan Bait Allah, digendeng ku para gegeden jeung pasukan tarompet. Jalma-jalma sarurak dibarung ku nu nariup tarompet. Atalya nyosoeh anggoanana, liwat saking benduna, tuluy ngadengek, "Hianat! Hianat!"

15Yoyada marentah ka opsir-opsir, nyegah sangkan Atalya ulah dipaehan di lingkungan Bait Allah. Parentahna, "Kaluarkeun! Bere jalan antara barisan pangawal! Anu nyoba-nyoba nulungan paehan!"

16Atalya pada nyerek, dibawa kaluar dibawa deui ka karaton, tuluy dipaehan di Gapura Kuda, tuluy dipaehan di dinya.

17Imam Yoyada miwarang sangkan Raja Yoas jeung rahayat ngayakeun perjangjian jeung PANGERAN yen baris jadi umat PANGERAN, kitu deui perjangjian antara raja reujeung rahayatna.

18Geus kitu jalma rea arindit ka gedong Baal, eta gedong dirubuhkeun, altar-altar jeung arca-arcana diruksak-ruksakkeun, sarta Matan imam Baal dipaehan hareupeun altar. Yoyada nempatkeun pasukan jaga di Bait Allah.

19Ti dinya anjeunna, para gegeden, para pangaping raja, jeung para pangawal karaton, ngalulungsur raja ti Bait Allah ka karaton, dijajap ku jalma rea. Yoas lebet nganggo jalan Gapura Pangawal, gek linggih dina singgasana.

20Rahayat ngarasa bagja, nagara jadi kerta. Ari Atalya geus ditelasan di karaton.

21Yoas jadi raja nagara Yuda dina yuswa tujuh taun.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  2 Raja-raja 11 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel