Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  2 Raja-raja 3 >> 

1Yoram putra Ahab mimiti jadi raja Israil dina taun kadalapan belas Raja Yosapat nyangking nagara Yuda. Calikna di Samaria, ngarajaanana dua belas taun.

2Anjeunna midamel dosa ka PANGERAN, ngan henteu goreng teuing cara ramana jeung Isebel ibuna. Malah pilar brahala beunang ramana ngadamel paranti ngabakti ka Baal ku anjeunna dirubuhkeun.

3Tapi anjeunna oge kawas Yarobam bin Nebat anu saheulaeunana, nyered urang Israil teu eureun-eureun marigawe dosa.

4Mesa, raja Moab, miara domba loba pisan, saban taun kudu mere upeti ka raja Israil 100.000 anak domba jeung bulu tina 100.000 domba.

5Sanggeus Ahab raja Israil pupus, Mesa baha ka Israil.

6Yoram teu talangke mepek balad tuluy budal ti Samaria.

7Ka Yosapat raja Yuda anjeunna ngintun saur, "Moab ngalawan ka kaula. Kumaha sampean kersa ngabantu merangan?" Waler Raja Yosapat, "Mangga. Kaula rek ngiring jeung balad jeung pasukan kuda.

8Bade nganggo jalan mana nempuh ka ditu?" Waler Yoram, "Urang nganggo jalan tanah gurun Edom."

9Tilu raja, nya eta Raja Yoram, Raja Yosapat jeung raja nagara Edom geus arangkat. Sanggeus tujuh poe di jalan, beakeun cai, balad jeung sato anu ngakut babawaan geus teu ngarinum.

10Raja Yoram misaur, "Kieu geuning urang tiluan teh, ku PANGERAN bakal diselehkeun ka raja Moab!"

11Saur Raja Yosapat, "Manawi di dieu aya nabi? Urang suhunkeun pituduhna ti PANGERAN." "Sumuhun aya, Elisa putra Sapat. Anjeunna kapungkur ngingiring ka Elias," pihatur hiji perwira balad Raja Yoram.

12Saur Raja Yosapat, "Enya eta mah nabi." Seug eta tilu raja sarumping ka Elisa.

13Ari saur Elisa ka raja Israil, "Naha mundut tulung ka kaula, sanes ka nabi-nabina tuang rama sareng tuang ibu?" Waler Yoram, "Sanes kitu, kaula tiluan ku PANGERAN bakal diselehkeun ka raja Moab."

14Saur Elisa, "Demi PANGERAN anu jumeneng, anu ku kaula disembah, sayaktosna upami teu ngemutkeun ka Raja Yosapat raja Yuda mah kaula teh moal ngareret-reret acan.

15Ayeuna kaula nyuhunkeun tukang ngacapi." Sabot tukang ngacapi keur ngacapi, pangawasa PANGERAN tumerap ka Elisa,

16seug anjeunna ngalahir, "Kieu timbalan PANGERAN, ‘Ieu walungan garing kudu dikali, jieunan solokan masing rea.

17Teu kudu ngadago hujan jeung angin, ieu walungan tanwande pinuh ku cai, nepi ka maraneh, kitu deui sasatoan jeung sato anu ngakut babawaan bisa ngarinum.’"

18Elisa sasauran deui, "Ieu pikeun PANGERAN mah henteu hese. Malah Mantenna bakal maparin kaunggulan, urang Moab bakal diselehkeun.

19Rubuh-rubuhkeun kabeh kotana anu rareugreug tur aralus teh, tangkal bubuahanana tuaran, sumur-sumurna urugan, lahan-lahanna bugbrugan ku batu!"

20Poe isukna wanci kurban isuk, leb cai datang ti lebah tanah Edom, nepi ka ngeueum wewengkon di lebah dinya.

21Urang Moab geus nyarahoeun yen rek ditempuh ku tilu raja. Seug mepek balad, jalma-jalma kolot ngora dikerid, tuluy ngajaraga di tapel wates.

22Bray isuk tuluy harudang, pecenghul panonpoe bijil cahayana ninggang kana cai. Katenjona ku urang Moab cai teh mani beureum kawas getih.

23Ceuk urang Moab, "Getih! Musuh urang tangtu enggeus tarung pada batur, silih paehan. Hayu urang tarajang ka pasanggrahanana, urang rayah!"

24Ana daratang ka pasanggrahan Israil, ku urang Israil dipapag ditarajang nepi ka malundur deui tuluy kalabur. Ku urang Israil diberik diparaehan.

25Kota-kotana ditumpurkeun. Unggal ngaliwatan lahan anu alus, balad Israil marulung batu, tuluy dibaledog-baledogkeun kana eta lahan, nepi ka eta lahan teh pinuh kaurugan ku batu. Geus kitu sumur-sumurna ku urang Israil diarurugan, tangkal bubuahanana ditaluaran. Tungtungna ngan tinggal ibu kotana, Kir Hareset. Tuluy dikepung ku pasukan tukang bandring, dibandringan.

26Sanggeus ngarasa perangna eleh, raja Moab ngumpulkeun tujuh ratus jelema anu palinter maen pedang, karepna rek ngabedah musuh, rek terus kabur ka raja Siria, tapi teu bisa laju.

27Ku sabab kitu ceg nyekel ka anakna anu cikal, pirajaeun gaganti dirina, tuluy dipeuncit dikurbankeun ka dewa urang Moab dina luhur kuta. Urang Israil teu karuateun nenjo, tuluy bae mundur ti eta kota terus marulang ka nagarana.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  2 Raja-raja 3 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel