Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  2 Samuel 22 >> 

1Sanggeus Daud luput ti Saul tur rahayu ti sakabeh satru, anjeunna nyanggakeun ieu kidung pupujian ka PANGERAN:

2PANGERAN panyalindungan kaula, benteng kaula anu tohaga.

3Allah teh juru raksa kaula, kaula aman di Mantenna. Lir kepeng, Mantenna mindingan kaula, nangkis bahla, ngamankeun kaula. Mantenna jurusalamet kaula, ngaraksa jeung nyalametkeun kaula tina bahaya.

4Kaula ngajerit ka PANGERAN, seug Mantenna ngabebaskeun kaula ti musuh-musuh. Puji PANGERAN!

5Ombak pati datang ngalingkung, lambak ajal datang ngagulung.

6Bahya maot datang ngepung, kuburan datang naheunan.

7Sajeroning kasukeran, kaula nyambat ka PANGERAN, nyambat pitulung Allah. Sora kaula kadangueun ti gedong-Na, panyambat kaula diregepkeun ku Mantenna.

8Bumi inggeung jagat endag, dasaring langit aroyag sarehing Allah keur wera!

9Haseup meledug tina pangambung-Na, seuneu ngagedag jeung ruhak ruhay nyebrot tina bahan-Na.

10Mantenna meulahkeun langit, jut lungsur ngadampal mega kandel.

11Biur hiber tunggang mukarabin, sumiriwik nitih jangjang angin.

12Mantenna nutupan anjeun ku poek, dikuriling mega kandel pinuh ku cai.

13Ruhak ruhay muncrat hurung, mancawura tina kilat payuneuna-Na.

14Geleger, PANGERAN ngagentra ti angkasa, geleger soara Allah Nu Maha Kawasa.

15Mantenna mentang-mentangkeun jamparing musuh-musuhna paburisat tingbalecir disalamberan ku kilat.

16Dasar sagara mani nonggerak, alas jagat jadi ngabuliklak waktu PANGERAN ngahaok ka musuh-musuhna, sarta ngagaur ka maranehna lantaran wera.

17PANGERAN ti luhur ngahontal ka handap, kaula dirawel terus dibedol ti cai anu jero.

18Mantenna ngajait kaula ti musuh-musuh anu garagah rosa, jeung ti sakur nu mikangewa anu leuwih kuat batan kaula.

19Eta teh daratang narajang, sajeroning kaula keur kasusahan. Tapi PANGERAN sumping nulungan.

20Mantenna ngahanjatkeun kaula tina bahla, kaula dirahayukeun, sabab Mantenna nyaaheun.

21Kaula ku PANGERAN diganjar, reh lampah kaula bener. Dipaparin rahmat, reh kaula henteu salah.

22Reh kaula nurut kana papakon PANGERAN, tara baha ka Allah.

23Reh ngesto kana hukum-hukum-Na, tara ngalawan kana timbalana-Na.

24Mantenna anu uninga, yen lampah kaula beresih, nyegah diri tina lampah salah.

25Ngaganjarna ku sabab lampah kaula bener, reh uninga yen kaula henteu salah.

26Nun PANGERAN, Gusti satuhu ka nu mituhu, satemenna ka nu satemenna.

27Wening galih ka nu hatena beresih, ngamusuh ka nu misatru.

28Ngangkat nu hina harkat, nundukkeun anu arangkuh.

29Nun PANGERAN, Gusti teh sumbering caang, maparin caang ka abdi.

30Abdi sanggup nempuh musuh, ngacak-ngacak kakuatanana. Reh Gusti nu maparin kakuatan, nu maparin kagagahan.

31Mantenna Allah, sampurna sugri damel-Na, layak dipercaya pangandika-Na! Keur sakur nu nyalindung ka Mantenna, Allah teh lir jadi kepengna.

32Ngan PANGERAN anu jumeneng Allah. Ngan Allah panyalindungan urang.

33Ngan Allah ieu panyalindungan kaula nu teguh, anu ngamankeun jalan kaula.

34Anu ngawatek suku kaula jadi rikat tinanding peucang, di gunung-gunung taya kakeungkang.

35Anu ngajiad kaula parigel perang, sanggup metakeun gondewa nu pangheurasna.

36Nun PANGERAN, Gusti ngauban sareng nyalametkeun abdi, abdi jadi mulya ku pitulung Gusti.

37Gusti ngajagi sangkan abdi ulah katewak, sarta abdi tacan kantos ragrag.

38Sapanjang musuh can tumpur, hantem diudag terus digempur.

39Digeprak teu harudang deui, ngajaloprak di hareupeun abdi.

40Dina perang, Gusti nu maparin kakiatan, tur maparin kaunggulan.

41Ku pitulung Gusti, musuh birat ti abdi, sakur nu ngarah seep dibasmi.

42Musuh nareangan pitulung, tapi taya anu sanggup nulung. Seug sasambat ka PANGERAN, tapi henteu diwaleran.

43Ku abdi diluluh dijieun lebu, dileyek dijieun leutak.

44Abdi parantos ditulungan ti sakur nu ngaralawan. Karajaan abdi jadi lega, abdi ngarajaan bangsa-bangsa. Bangsa anu teu wawuh ge jadi bawahan abdi.

45Bangsa batur ka abdi sarujud, saucap abdi diturut.

46Kalalabur pangacianana, kalaluar ti jero bentengna, awakna pating daregdeg.

47PANGERAN jumeneng! Puji panyalindungan kaula! Celukkeun agungna kakuatan Allah anu nyalametkeun kaula!

48Mantenna nalukkeun musuh kaula, nundukkeun bangsa-bangsa, jadi bawahan kaula.

49Mantenna ngaluputkeun ti anu misatru. Nun PANGERAN, nya Gusti nu ngelehkeun eta musuh-musuh, anu ka abdi ngaraksa, luput ti tukang ngarogahala.

50Nu mawi abdi muji ka Gusti di lingkungan bangsa-bangsa. Abdi nganyanyikeun pupujian ka Gusti.

51Allah maparin kaunggulan langkung-langkung ka raja lisahana-Na! Asih-Na taya petotna, ka raja lisahana-Na, ka Daud sarundayanana, salalanggengna.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  2 Samuel 22 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel