Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  2 Tawarikh 31 >> 

1Sabada pesta wekasan, sakumna bangsa Israil ngadatangan kota-kota Yuda, ngancur-ngancurkeun tugu-tugu brahala, nyacar arca-arca Asera, ngaburak-barik tempat-tempat ngabakti ka brahala jeung altar-altarna. Kabeh dieuweuhkeun ti sakuliah Yuda, kitu deui ti wewengkon-wewengkon Binyamin, Epraim, jeung Menase. Geus kitu kakara maranehna baralik ka tempatna masing-masing.

2Para imam jeung urang Lewi ku Raja Hiskia diatur deui, dijieun rombongan-rombongan. Tiap rombongan boga papancen anu baku keur rombonganana, kayaning: metakeun kurban beuleuman, kurban karapihan, ngabantu ngalaksanakeun kumpulan ibadah di Bait Allah, nyanggakeun pupujian jeung pangucap sukur di ditu di dieu di Bait Allah.

3Raja Hiskia nyayagikeun sato-sato kurban tina kagunganana ku anjeun, pikeun kurban beuleuman isuk jeung sore, pikeun kurban unggal poe Sabat, unggal poe Pesta Bulan Anyar, jeung pikeun kaperluan poe-poe suci salian ti eta anu dimistikeun ku Hukum PANGERAN.

4Jeung deui timbalan raja, urang Yerusalem kudu marere derma ka para imam jeung urang Lewi, sangkan maranehna jongjon jeung suhud ngajaralankeun papancen-papancen anu dimistikeun dina Hukum PANGERAN.

5Meunang parentah kitu urang Israil gancang narurut. Para imam jeung urang Lewi pada marawakeun, gandum panghadena, cianggur, minyak jetun, madu jeung hasil bumi lianna, jaba marawakeun perpuluhan tina sagala kabogana.

6Jalma-jalma anu caricing di kota-kota Yuda, kabeh marere perpuluhan tina sapina jeung dombana, jaba derma-derma lianna kacida lobana, beunang misahkeun ti anu dibaktikeun ka PANGERAN Allahna.

7Dina bulan anu katilu, sumbangan-sumbangan mimiti merul, kitu bae saterusna nepi ka opat bulan, datang ka ngunung-ngunung.

8Raja Hiskia jeung para ponggawa ngarucap sukur ka PANGERAN, reh ningali barang-barang sumbangan sakitu lobana, sarta maruji ka urang Israil.

9Raja cacarios ka para imam jeung urang Lewi perkara eta sumbangan.

10Asarya, Imam Agung, turunan Sadok, unjukan kieu ka anjeunna, "Ti wangkid jalmi-jalmi ngawitan ngabarantun sumbangan ka Bait Allah, tedaeun abdi sadaya kalintang cekapna, tur sakitu seueurna keneh. Eta sadaya hibar berkahing PANGERAN ka umat-Na."

11Ku timbalan raja maranehna nyieun gudang-gudang di lingkungan Bait Allah;

12barang-barang sumbangan jeung perpuluhan teh disimpen di dinya supaya aman. Tuluy ku raja jeung Imam Agung Asarya dicangkingkeun ka hiji urang Lewi ngaran Konanya, dibantu ku adina anu ngaran Simei,

13ngabawah sapuluh urang deui urang Lewi nya eta: Yehiel, Asasia, Nahat, Asahel, Yerimot, Yosabad, Eliel, Yismakya, Mahat jeung Benaya. Nohonan satimbalan raja jeung Imam Agung Asarya, eta sakabehna ku maranehna dilaksanakeun.

14Kore bin Yimna, urang Lewi kapala jaga lawang Bait Allah di Gapura Wetan, dikawasakeun narimaan barang-barang pangbakti ka PANGERAN jeung ngabagi-bagikeunana.

15Di kota-kota sejen tempat pamukiman para imam, manehna boga pangbantu-pangbantu anu saratia, urang Lewi keneh, nya eta: Eden, Minyamin, Yesua, Semaya, Amarya jeung Sekanya, purah ngabagikeun bahan dahareun kalawan walatra ka papada urang Lewi, nurutkeun kumaha papancenna,

16lain nurutkeun golongan-golonganana. Sakabeh lalaki anu umur tilu puluh taun ka luhur, anu kagiliran tugas saban poe di Bait Allah, eta oge dibarerena bagian teh masing-masing ku karana papancenna.

17Para imam diaturna nurutkeun golonganana, ari urang Lewi anu umurna dua puluh taun ka luhur diaturna nurutkeun rombonganana.

18Eta mah didaptarna jeung saanak bojona katut sakur anu jadi tanggunganana, lantaran kudu sayaga saban waktu pikeun ngajalankeun tugas-tugas suci.

19Di unggal kota jeung sampalanana anu diajangkeun keur turunan Harun, aya imam-imam anu dikawasakeun ngabagikeun bahan dahareun ka sakabeh kulawarga imam anu lalaki jeung ka sakur anu asup kana daptar golongan-golongan Lewi.

20Di sakuliah Yuda, Raja Hiskia midamel anu sapagodos jeung manah PANGERAN Allahna.

21Sagala ihtiarna pikeun kapentingan Bait Allah jeung pikeun ngalaksanakeun papakon PANGERAN, dijalankeunana kalawan manah anu suhud, satia, ta’at ka anu jadi Allahna, nu matak sagala damelna lulus.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  2 Tawarikh 31 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel