Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  2 Tawarikh 32 >> 

1Sanggeus kitu, sajeroning Raja Hiskia suhud junun kumawula ka PANGERAN, Yuda dirurug ku Raja Sanherib ti Asur. Kota-kota bentengna ku Sanherib dikepung, kuta-kutana dipiwarang dibobolkeun ku baladna.

2Barang Hiskia uninga yen Sanherib arek terus ngarurug ka Yerusalem,

3(32:3-4) anjeunna jeung para ponggawana mutuskeun rek ngurugan cinyusu-cinyusu luareun kota, supaya lamun balad Asur geus ngadeukeutan Yerusalem ulah maranggih cai. Seug cinyusu-cinyusu teh diarurugan ku jalma rea, dikapalaan ku para ponggawa, caina teu bijil deui.

4(32:3)

5Hahalang-hahalang kota ditohagaan, kuta-kuta diomean, jeung di luhurna diadegan munara-munara, malah kutana ditambah jadi dua lapis. Benteng-benteng di wewengkon Yerusalem heubeul oge diomean, sarta anjeunna ngadamelan tumbak jeung kepeng loba pisan.

6Urang kota ku anjeunna dipiwarang kumpul di alun-alun deukeut lawang kota, dikapalaan ku para perwira. Geus kitu ditimbalan kieu,

7"Sing taleger, sing galede hate, ulah sieun ku raja Asur sabaladna. Urang teh dibanding ku kakuatan anu leuwih ti itu.

8Kakuatan itu kakuatan manusa, kakuatan urang mah salira PANGERAN, Allah urang, anu bakal mitulung ka urang, mangmerangankeun." Ngadarenge panglelemu rajana kitu rahayat taleger hatena.

9Geus kitu aya anu daratang ka Hiskia jeung urang Yuda di Yerusalem, para utusan Sanherib anu harita aya di Lakis sabalad-balad, nepikeun timbalan kieu,

10"Kami Sanherib raja Asur arek nanya. Naon andelan maraneh mana caricing keneh di Yerusalem sakitu enggeus kakepung?

11Carek Hiskia maraneh bakal luput ti kami, majar bakal disalametkeun ku PANGERAN Allah maraneh. Saenyana maraneh ku Hiskia rek disina paraeh langlayeuseun jeung halabhab,

12da manehna geus ngaburak-barik kuil-kuil PANGERAN reujeung altar-altarna. Jeung carekna, urang Yuda jeung urang Yerusalem kudu muja jeung ngukus dina hiji altar bae.

13Na acan nyaraho wewesen karuhun kami jeung wewesen kami pribadi ka bangsa-bangsa sejen? Karah aya dewa-dewa bangsa-bangsa lian anu bisa nyalametkeun umatna ti raja Asur?

14Karah iraha aya dewa eta nagri-nagri anu geus bisa ngajait nagrina ti kami? Jadi pangira maraneh bakal disalametkeun ku Allah maraneh teh naon dasarna?

15Ulah beunang kawujuk atawa kabobodo ku Hiskia! Omonganana ulah diandel! Taya hiji dewa anu geus bisa ngarahayukeun umatna ti leungeun raja Asur anu mana bae. Anu matak sing percaya ka kami, allah maraneh oge pamohalan bisaeun nulungan ka maraneh!"

16Ucap-ucapan eta utusan-utusan bangsa Asur anu ngaromongkeun ka GUSTI Allah jeung ka Hiskia kaula PANGERAN kacida garihalna.

17Ungel surat raja Asur tea nganistakeun ka PANGERAN, Allah Israil. Kekecapanana, "Dewa-dewa nagri-nagri lian geus teu barisaeun nulungan umatna tina kakawasaan kami. Allahna Hiskia oge pamohalan bisaeun nulungan umatna tina kakawasaan kami."

18Eta utusan-utusan ngaromongna ku basa Ibrani jeung dihaja ditarikkeun, dipake ngageretak urang Yerusalem anu reuteum dina luhur kuta, sina laleungit wawanen ngarah eta kota leuwih babari direbutna.

19Allahna Yerusalem ku musuh diaromongkeun, disaruakeun jeung dewa-dewa bangsa-bangsa sejen buatan leungeun manusa.

20Raja Hiskia jeung Nabi Yesaya putra Amos sasambat tarik ka Allah, neda pitulung.

21Ti dinya PANGERAN ngutus hiji malaikat, anu terus niwaskeun serdadu-serdadu jeung para senapati balad Asur. Raja Asur gancang mulih ka nagarana bari nandang wirang. Dina hiji poe sabot keur aya di kuil dewana, anjeunna dipaehan ku pedang, ku putra-putrana keneh.

22Ku jalan kitu PANGERAN ngaluputkeun Raja Hiskia jeung urang Yerusalem tina kakawasaan Sanherib raja Asur, kitu deui ti musuh-musuh lianna. Umat Mantenna dikertakeun ti sakabeh nagri tatanggana.

23Geus kitu jalma-jalma merul ka Yerusalem, nyaranggakeun pangbakti ka PANGERAN jeung ka Raja Hiskia. Ti semet harita Raja Hiskia pada ngajenan ku sakabeh bangsa.

24Dina hiji mangsa Raja Hiskia teu damang datang ka meh pupus. Seug anjeunna neneda, sarta ku PANGERAN dipaparin tanda yen bakal damang.

25Tapi Hiskia ngaraos henteu perlu kudu muji sukur nganuhunkeun kana kasaean PANGERAN ka anjeunna, manahna jadi angkuh, anu ngalantarankeun Yuda jeung Yerusalem nandangan bebendu Mantenna.

26Tapi ahirna mah anjeunna rumaoseun kana kaangkuhanana, kitu deui urang Yerusalem ngararendahkeun maneh. Nu matak sapanjang Hiskia jumeneng mah maranehna henteu dikeunaan siksaan.

27Raja Hiskia jadi kacida beungharna tur pada mikaserab ku unggal jalma. Anjeunna ngadamel tempat-tempat panyimpenan pikeun nyimpen rajabranana, emas, perak, permata-permata, wawangian, kepeng-kepeng jeung rupa-rupa deui salian ti eta.

28Jeung ngadamel gudang-gudang keur nyimpen kakayaan lianna, gandum, cianggur jeung minyak jetun. Ngadamel kandang-kandang keur sapi-sapina, ngadamel karapyak keur domba-dombana.

29Jaba ti nu geus aya, anjeunna ku PANGERAN dipaparin deui domba jeung sapi, kitu deui raja kaya lianna teu kira-kira lobana, nepi ka iasa ngadamel kota-kota loba pisan.

30Raja Hiskia mendet cai anu ngocor ti cinyusu Gihon, dikocorkeun kana susukan nembus torowongan anu brasna ka jeroeun kuta Yerusalem. Hiskia lulus dina sagala damelna.

31Malah basa aya utusan-utusan Babul anu rek marenta katerangan perkara tanda ajaib tea di eta nagara, anjeunna ku Allah diingkeun midamel sakersana, ngan diuji bae wungkul sangkan kauninga saeusining manahna.

32Sagala hal anu dipidamel ku Raja Hiskia jeung hal suhudna ka PANGERAN, kaungel dina Kitab Titingalian Nabi Yesaya putra Amos, jeung dina Babad Raja-raja Yuda jeung Israil.

33Sanggeus pupus dikurebkeun di makam karajaan beulah girang. Pupusna kacida dihormat-hormatna ku urang Yuda jeung urang Yerusalem. Geus kitu Menase putrana jumeneng raja ngagentos anjeunna.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  2 Tawarikh 32 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel