Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Amos 1 >> 

1Ieu kasauran Amos, pangangon domba ti kota Tekoa. Dua taun samemeh aya kajadian lini, waktu Usia ngarajaan nagri Yuda jeung Yarobam putra Yoas ngarajaan nagri Israil, Allah ka Amos ngawahyukeun hal-hal ngeunaan Israil.

2Saur Amos, "PANGERAN ngagaur ti Gunung sion, gentrana ngageleger ti Yerusalem. Sampalan-sampalan gararing, Gunung Karmel jukutna perang."

3Dawuhan PANGERAN, "Urang Damsik pek deui, pek deui migawe dosa. Ku sabab kitu geus pasti ku kami baris dihukum. Maranehna geus migawe kakejeman anu pohara biadabna ka urang Gilad.

4Karaton buatan Raja Hasael ku kami rek dibeakkeun ku seuneu, benteng-benteng Raja Benhadad rek dihuru.

5Gapura-gapura Damsik rek diburak-barik. Pangeusi Lebak Awen jeung raja di Bet Eden rek disingkirkeun. Urang Siria sina dibuang ka tanah Kir."

6Dawuhan PANGERAN, "Urang Gasa pek deui, pek deui migawe dosa. Ku sabab kitu geus pasti ku Kami baris dihukum. Maranehna geus ngerid hiji bangsa sagemblengna dijieun jalma beulian, dijual ka urang Edom.

7Kuta-kuta Gasa ku Kami rek dibeakkeun ku seuneu, benteng-bentengna rek dihuru.

8Para pangereh kota Asdod jeung Askelon ku kami rek disingkirkeun. Kota Ekron arek dihukum, sarta urang Pelisti nu taringgaleun bakal paraeh."

9Dawuhan PANGERAN, "Urang Tirus pek deui, pek deui migawe dosa. Ku sabab kitu geus pasti ku kami baris dihukum, sabab geus ngerid hiji bangsa sagemblengna ka pangbuangan di Edom, ingkar tina jangji seja duduluran.

10Kuta-kuta Tirus arek dibeakkeun ku seuneu, bentengna rek dihuru."

11Dawuhan PANGERAN, "Urang Edom pek deui, pek deui migawe dosa. Ku sabab kitu geus pasti ku Kami baris dihukum. Sakitu ka dulur-dulurna, ka Israil, nempuh tur taya rasrasan, amarahna taya watesna, henteu lemper-lemper.

12Ku sabab kitu kota Téman arek dibeakkeun ku seuneu, benteng-benteng di Bosra rek dihuru."

13Dawuhan PANGERAN, "Urang Amon pek deui, pek deui migawe dosa. Ku sabab kitu geus pasti ku kami baris dihukum. Waktu maranehna perang pikeun ngalegaan wewengkonna, di Gilad nepi ka ngabedelan beuteung awewe-awewe nu keur rareuneuh.

14Kuta-kuta Raba arek dibeakkeun ku seuneu, benteng-bentengna rek dihuru. Dina poean perang, di dinya bakal tingjarerit, sarta anu tarung ragotna lir angin ribut.

15Rajana jeung para pajabatna bakal diakut ka pangbuangan."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Amos 1 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel