Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Amsal 29 >> 

1Mun maneh tetep wangkelang saban-saban dielingan, dina hiji mangsa baris sangsara nya diri, moal bisa menyat deui.

2Lamun pamarentah hade, rahayatna sarenang hate. Lamun pamarentah jahat, rahayatna bakal balangsak.

3Anak nu rajin nyiar pangarti, bapa nu senang ati. Make duit geusan lacur, kalakuan anu gejul.

4Raja nu nyepeng kaadilan, bangsa nu baris digjaya. Raja anu ngurus bae duit, nagarana baris tumpur.

5Anu muji-muji babaturan, tangtu kajiret sorangan.

6Jalma jahat bakal kabeulit ku kajahatanana keneh. Ari nu balener mah tangtu bagja sarta laluasa.

7Jelema hade mah daek ngahargaan hak-hakna jalma malarat. Jelema jahat mah bororaah kitu.

8Jalma gumede bisa matak rusuh sanagara. Mungguh jelema binangkit mah malah nengtremkeun.

9Lamun jelema pinter ngadakwa jelema gejul, nu gejulna ukur nyeungseurikeun, tuluy nyarekan laklak dasar.

10Tukang aus getih mah ka jalma jujur teh ijid. Tapi jalma-jalma anu balener, ka nu jujur teh ngabela.

11Nu gejul mah ambekna sok terus budal. Jalma nu lantip mah sabar, amarahna dikemu.

12Lamun pangagung ngagugu kana katerangan-katerangan palsu, pajabat-pajabatna tangtu jaradi tukang bohong.

13Boh nu miskin boh nu ngagencetna, duanana sarua dibere panon ku PANGERAN.

14Raja anu ngaraksa hak-hak rahayatna anu malarat, marentahna bakal awet.

15Budak mah kudu diatik jeung dipeperih. Mun diantep sakarepna, temahna ngerakeun indung.

16Lamun anu jarahat jaradi pangagung, kajahatan bakal nyebar. Tapi jalma-jalma nu balener mah baris berekah, sarta baris nyaksian tigulingna pangagung-pangagung anu karitu.

17Peperih anak teh, sangkan matak agul jeung moal nyieun hal anu matak ngerakeun.

18Bangsa anu lesot tina pingpinan Allah, tangtu ngaco tanpa aturan. Bagja jalma anu nyekel papagon Allah.

19Mapatahan bujang mah teu cukup ku omong. Didengena mah didenge, ari dianggap mah moal.

20Loba keneh harepan pikeun jalma bodo, ti batan pikeun jalma anu ngomongna teu jeung pikiran.

21Lamun bujang enggeus tuman dicumponan pamentana ti bubudak, ahir-ahir sagala harta banda urang diaku anuna.

22Jalma anu barangasan, sering nimbulkeun pacekcokan jeung kaributan.

23Angkuh teh ngalantarankeun jelema rubuh. Ari anu rendah hate mah malah pada ngajenan.

24Jalma anu milu ngabangsat, eta teh musuh gedena. Sabab lamun eta di pangadilan ngaku, tangtu dihukum, lamun eta mungkir tangtu disapa ku Allah.

25Rempan ku pakarepan batur teh bahaya. Utamana mah kudu pasrah ka PANGERAN, tangtu salamet.

26Sasaha ge hayang meunang piwelas ti pangagung. Tapi ari nu iasa maparin kaadilan mah ngan PANGERAN.

27Jalma anu bener teu resepeun ka nu jahat. Jalma nu jahat ge teu resepeun ka nu bener.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Amsal 29 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel