Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Amsal 31 >> 

1Ieu pitutur ti ibuna Raja Lemuel, waktu ngawurukan ka anjeunna. Saurna,

2"Anaking, buah ati ibu beunang ibu neda-neda ka PANGERAN! Rek ngomong naon cik, ibu ka hidep teh?

3Ulah miceunan tanaga ngalajur pangajak birahi, ulah ngawur-ngawur artos ka istri. Geus rea raja anu ragrag ku istri teh.

4Regepkeun Lemuel, anaking! Raja henteu sae sedep anggur atawa katagihan arak.

5Sabab ana raja mabok, lali kana hukum, ngalalaworakeun hak rahayat nu walurat.

6Arak mah ngan keur nu sakarat atawa keur nu katalangsara,

7sangkan poho kana kamiskinanana, paler kasedihna.

8Sing bisa jadi wawakil rahayat anu teu mampuh cumarita sorangan. Tangtayungan hak rahayat nu taya daya.

9Pangnepikeun kapentinganana. Sing jadi hakim nu adil, kersa nangtayungan hak rahayat nu balangsak jeung walurat."

10Wanita binangkit keur pibojoeun teh langka, bangga meunangkeunana. Bojo kitu pangajina ngungkulan batu permata.

11Salakina bisa numplekkeun kapercayaan ka manehna, nu matak salakina babari meunang rejeki.

12Ka salaki sumujud saumur hirup, moal nganyenyeri.

13Tara daek reureuh, ngagintir kapas atawa bulu domba, nyieun pakean.

14Ngadatangkeun rejeki, ibarat kapal sudagar ti tempat jauh.

15Subuh-subuh geus kerah-kerih, nyadiakeun dahareun keur sakulawarga, bari metakeun badega-badega awewe kana gawe.

16Ana hayang lahan geuwat bae meuli, tuluy dikebonan dipelakan anggur, binihna beunang meuli ku duit ladang beubeunangan digawena.

17Digawena rajin, taya kacape nepi ka anggeus.

18Kana barang bubuatanana bisa ngahargakeunana, dipigawena nepi ka peuting.

19Papakeanana nyieun sorangan, ti nganteh nepi ka ninunna pisan.

20Ka nu walurat balabah, ka nu kekere resep mere.

21Ku usum tiris teu inggis, kawantu baju haneut keur anak jeung salaki geus sadia.

22Tilam kasur ge nyieunan. Barang pakena tina lawon lenen wungu anu lemes.

23Salakina jadi kawentar, jadi salah saurang warga kota anu penting.

24Sajaba ti keur pakeeun, eukeur jualeun ge nyieunan, boh papakean boh angkin.

25Awakna jagjag waringkas. Dirina kaajen, tur teu salempang ku pikahareupeun.

26Ngomongna lemah lembut, ucapanana bijaksana.

27Salilana resep kana digawe, sagala kaperluan kulawargana ditalingakeun.

28Ku anakna dihormat, ku salakina dipuji.

29Ceuk salakina, "Istri hade keur pibojoeun teh rea. Tapi Euis mah pangutamana."

30Rupa endah teu jadi andelan, kageulisan bisa leungit, tapi ari istri ajrih ka PANGERAN mah jadi pamujian.

31Sagala lampah katut pagaweanana wajib dihargaan. Manehna layak dihormat ku sarerea.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Amsal 31 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel