Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Amsal 4 >> 

1Barudak, dengekeun papatah bapa maraneh. Regepkeun supaya boga pangarti.

2Ieu piwuruk hade paedahna, kudu diingetkeun pisan.

3Bapa teh anak tunggal. Bapa keur budak keneh,

4ku Ama sok diwurukan. Saurna, "Ingetkeun papatah Ama, ulah poho. Lampahkeun sangkan jamuga.

5Sing meunang hikmah. Sing meunang pangarti. Kade ieu papatah teh ulah dipopohokeun atawa dilalaworakeun.

6Ulah ngalalaworakeun hikmah, supaya urang ditangtayungan. Anggur pikadeudeuh, sabab eta teh baris nungtun kana rahayu.

7Meunangkeun hikmah teh usaha pangpentingna. Beunangkeun pangarti ku saniskara nu geus kapimilik.

8Sing nyaah kana hikmah, engke maraneh dijadikeun jalma mulya. Maraneh bakal jadi jalma nu kaajen, lamun mikadeudeuh hikmah,

9nu jadi makuta dina hirup maraneh."

10Sing ngagugu ka Bapa, anaking! Papatah Bapa bandungan sing saregep, sangkan panjang-punjung panjang umur.

11Tah, Bapa enggeus ngajarkeun hikmah jeung jalan nu bener geusan hirup.

12Lamun hidep ati-ati, iatna nya lampah, berekah moal manggih halangan, mun lumpat hamo titajong.

13Ulah poho ka nu ku Bapa geus dipapatahkeun. Sabab atikan teh nya eta sakumna hirup hidep. Jadi kudu dijaga.

14Ulah saihwan jeung jelema jarahat. Ulah nurutan adat nu daroraka.

15Ulah! Si Jahat teh jauhan. Hidep mah jongjon-jongjon bae ulah kagoda! Teruskeun enggoning nyorang jalan sorangan.

16Jalma jahat mah mun teu ngajahat teh sok teu bisaeun hees, gedebag-gedebug panasaran can mergasa batur.

17Kawantu keur nu jarahat mah ngajalankeun kajahatan jeung katelengesan teh geus cara kana nyatu jeung nginum.

18Lalampahan jelema anu satuhu, saibarat srangenge medal, beuki beurang beuki caang.

19Ari nu jahat mah sarua jeung leumpang dina poekna peuting, blug labuh, duka titajong kana naon, da matana teu nenjo.

20Anaking, regepkeun. Dengekeun omongan Bapa.

21Kade ulah aya anu lolos. Ingetkeun, cangreud dina ati.

22Sing saha anu ngarti, bakal diganjar hirup hurip.

23Masing asak nya mikir, sabab anu nangtukeun watek hirup teh nya pikiran tea.

24Poma ulah ngomong anu lain sabenerna. Kudu pantrang bohong, cadu ngabobodo.

25Sing teteg neuteup ka hareup, hate sing buleud sing yakin, ulah ngeluk semu era.

26Pikir heula sing asak anu arek dipigawe, tangtu sagala anu diusahakeun teh bakal hade jadina.

27Jauhan anu jahat, lampah sing lempeng. Poma ulah nyimpang ti jalan anu bener.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Amsal 4 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel